Gagajahan
Gagajahan | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae
|
Divisi: | Tracheophytes
|
Kelas: | Angiosperms
|
Ordo: | Poales
|
Kulawarga: | Poaceae
|
Génus: | Echinochloa
|
Spésiés: | crus-galli
|
Sinonim | |
Panchax pictum Valenciennes, 1846 Daptar
|
Gagajahan; (Echinochloa crus-galli); Barnyard grass nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Poaceae. Salaku jujukutan, gagajahan hirupna ngan sausum kalawan jangkung bisa nepika 2 méter.[1]
Ieu jukut liar anu asalna ti wewengkon Asia baheulana digolongkeun kana kulawarga jukut panicum. Dina basa Inggris sok dipiwanoh oge ku cockspur atawa ( cockspur grass), barnyard millet, Japanese millet, water grass, common barnyard grass, atawa gampangna "barnyard grass" (nu bisa nujul kana sagala spésiés Echinochloa. Ieu jukut jangkungna bisa nepi ka 60" (1.5 m), dauna ipis panjang kawas daun paré mindeng katempo bungur palebah puhuna. Seuseueurna tangkalna nangtung, tapi sababaraha aya ogé anu ngampar dina taneuh. sikina ngumpul dina ranggeuyan anu ngawangun spikelet remen kelirna semu bungur, kalawan dibungkus kucangkang kawas paré.
Ieu jukut kagolongkeun kana gulma anu matak ngarugikeun kana tatanén, salian ngaganggu kana tutuwuhan paré hususna ogé bisa ngaleungitkeun nitrogén taneuh nepika 80%. Malahan jadi imah pikeun sababaraha hama atawa mosaic virus panyakit.[2] Bisa ngabalukarkeun karugian gedé tur matak méakeun modal dina tatanén.
Ciri mandiri
éditPolymorphous kasar, tufted nahun, kagolongkeun jukut jangkung 0.8–1.5 m; ajeg, rada kandel, dahan dina puhuna. Daunna ipis panjang, 30–50 cm, 1–2 cm rubakna, Rada kandel palebah puhu; ligules teu aya; sheaths sollobong daun rata, remen katempo semu beureum ka palebah puhu; panjang gagang panicle 8–30 cm, héjo atawa semu bungur, exerted, rada ngeluk, dahanna rapet, panjang dahan 5 cm, ajeg aya ogé anu ngampar sessile;
Panjang spikelets 3–4 mm, padet ngéntép dina dahan, lonyod/ovoid, remen panjang, héjo ngora nepika semu bungur, buluan pondok di sapanjang vena; sajumpluk manjang, Aya anu jocong aya ogé anu ngeluk, anu pang handapna rada anggang, panjang kurang leiwih 10 , sakapeung nyagak; kalawan buluan disaluareunna leuwih panjang ogé heuras dina palebah veins; kantétan ka hiji dua per lima na tina panjanh spikelet, nyiku tilu, anu kadua sapanjang spikelet, panutupna pondok; membran lemma steril, panjang 2–4  atawa teu aya panutupna ;cm; lemma subur ovate-elips, acute, konéng ngora, hérang, lemes, panjang 3–3.5 mm.
Agustus – Oktober ; sikina arasak leuwih ti 40,000/tangkal. Var. crus-galli leuwih panjang, kembangna rada nyebar Papillosa silia di tungtung bukuna/ruas jeung puhu dahan, papillose cilia kandel jeung panjang, lema steril, sakapeung loba nu nyebar, lemmas steril 0–10 mm long.[3]
Habitat
éditGagajahan loba kapanggih hirup di Asia tropis jeung Afrika di pasawahan, sisi jalan, solokan, sapanjang jalur karéta api, sarta di wewengkon anu kaganggu kayaning lahan keusik jeung liang cai. Gagajahan ogé hirup di sisi susukan, situ, jeung balong. Kitu ogé di sakabeh daérah tatanén. Spésiés ieu digolakeun kana Gulma di Amérika Kalér ieu tutuwuhan kapanggih meh di sakabéh benua Amérika Serikat. Kitu deui di kiduleun Kanada ti mimiti Kolumbia Britania Raya nepi ka wétan New Zealand.[4] Mimitina katémbong hirup di Great Lakes dina taun 1843.[5]
Ékologi
éditGagajahan hirup liar di iklim tropis, mikaresepna tempat anu baseuh nepika tempat jemlék. Gagajahan remen jadi Gulma utamana di pasawahan. Loba katempo hirup liar di sisi jalan, kokocoran cai, tegalan baseuh, pabinihan, jeung di sawah. Gagajahan bisa waé hirup dina cuaca tiis. Ngan bakal keuwih hadé hirupna dina suhu rata-rata 14–16 °C. Henteu masalah jeung kadar haseumna taneuh/pH taneuh.[2]
Kagunaan
éditGagajahan geus dimangpaatekun kurang leuwih saprak 4,500 taun anu kaliwat.[6]
Mangsa usum halodo ieu jukut dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon, Gagajahan bisa jadi sumber pakan héjo anu bisa nyukupan kabutuhan pakan sapanjang taun, ieu tutuwuhan bisa ditunda nepika 6 taun. Ieu jukut dimangpaatekun oke pikeun reklamasi/nyaeur daérah salinitas ogé taneuh alkaline/basa, utamana di Mesir. Ieu jukut ogé jadi sumber kadaharan sasatoan liar kayaning: kelenci, uncal, unggas cai, jeung réa-réa deui.[2]
Usum paceklik siki gagajahan bisa waé dimangpaatekun salaku tambahan bahan pangan, malah sakapeung aya anu ngamangpaatkeun pikeun ngaganti adas .[7]
Di Philipina, akarna anu ngora sok digodog pikeun ngubaran gangguan padaharan. Saripati ieu tutuwuhan bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit limpa/Kawaya. Di Jawa pucukna anu ngora dimangpaatkeun pikeun campuran sayuran.
Di Koréa, DynastyJoseon ieu jukut ngahaja dipelak. Pamaréntahan Koréa selatan nyebutkeun cenah, ieu jukut sacara éféktif bisa nurunkeun gula darah jeuk kolésterol.[8][6]
sinonim
édit- Digitaria hispidula (Retz.) Willd.
- Echinochloa caudata Roshev.
- Echinochloa commutata Schult.
- Echinochloa crus-corvi (L.) P.Beauv.
- Echinochloa crus-pavonis var. austrojaponensis (Ohwi) S.L.Dai
- Echinochloa crus-pavonis var. breviseta (Döll) S.L.Dai
- Echinochloa crus-pavonis var. praticola (Ohwi) S.L.Dai
- Echinochloa disticha St.-Lag. nom. illeg.
- Echinochloa dubia Roem. & Schult.
- Echinochloa echinata (Willd.) Nakai
- Echinochloa formosensis (Ohwi) S.L.Dai
- Echinochloa glabrescens Kossenko
- Echinochloa hispida (E.Forst.) Schult.
- Echinochloa macrocarpa var. aristata Vasinger
- Echinochloa macrocarpa var. mutica Vasinger
- Echinochloa macrocorvi Nakai
- Echinochloa madagascariensis Mez
- Echinochloa micans Kossenko
- Echinochloa muricata var. occidentalis Wiegand
- Echinochloa occidentalis (Wiegand) Rydb.
- Echinochloa paracorvi Nakai
- Echinochloa persistentia Z.S.Diao
- Echinochloa pungens var. occidentalis (Wiegand) Fernald & Griscom
- Echinochloa spiralis Vasinger
- Echinochloa zelayensis (Kunth) Schult.
- Milium crus-galli (L.) Moench
- Oplismenus crus-galli (L.) Dumort.
- Oplismenus dubius (Roem. & Schult.) Kunth
- Oplismenus echinatus (Willd.) Kunth
- Oplismenus limosus J.Presl
- Oplismenus zelayensis Kunth
- Orthopogon crus-galli (L.) Spreng.
- Orthopogon echinatus (Willd.) Spreng.
- Panicum alectorocnemum St.-Lag. nom. illeg.
- Panicum alectromerum Dulac nom. illeg.
- Panicum corvi Thunb. nom. illeg.
- Panicum corvipes Stokes nom. illeg.
- Panicum cristagalli Gromov ex Trautv.
- Panicum crus-galli L.
- Panicum cruscorvi L.
- Panicum echinatum Willd.
- Panicum goiranii Rouy
- Panicum grossum Salisb. nom. illeg.
- Panicum hispidum G.Forst.
- Panicum limosum J.Presl ex Nees
- Panicum oryzetorum Sickenb. nom. illeg.
- Panicum scindens Nees ex Steud.
- Panicum zelayense (Kunth) Steud.
- Pennisetum crus-galli (L.) Baumg.
|synonyms_ref =[9] |subdivision_ranks=Varieties |subdivision_ref=[6] |subdivision=
- E. cg. var. utilis syn. E. esculenta
|}}
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Gagajahan |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Gagajahan. |
Dicutat Tina
édit- ↑ ParadisaIndah Yuliana, Anggi (2020). Ensiklopedia Gulma Lahan PesawahanParadisaIndah Yuliana. Indonesia: Lembaga Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat. p. 7. ISBN 9786236794197. Disungsi21 April 2023
- ↑ a b c Heuzé V., Thiollet H., Tran G., Lebas F., 2017. Cockspur grass (Echinochloa crus-galli) forage. Feedipedia, a programme by INRA, CIRAD, AFZ and FAO. https://www.feedipedia.org/node/451
- ↑ "Echinochloa crusgalli".
- ↑ http://www.natureserve.org/explorer/servlet/NatureServe?searchName=Echinochloa+crusgalli[tumbu nonaktif] Map showing distribution
- ↑ "List of invasive species in the Great Lakes Great Lakes United / Union Saint-Grands Lacs". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2009-04-29. Diakses tanggal 2009-02-07.
- ↑ a b c Purugganan, Michael D.; Fuller, Dorian Q. (2009). "The nature of selection during plant domestication". Nature (Nature Research) 457 (7231): 843–848. Bibcode 2009Natur.457..843P. doi:10.1038/nature07895. ISSN 0028-0836. PMID 19212403.
- ↑ "Echinochloa crusgalli".
- ↑ http://m.yna.co.kr/amp/kr/contents/?cid=MYH20161109007600038[tumbu nonaktif]
- ↑ "Echinochloa crus-galli (L.) P.Beauv. — The Plant List". www.theplantlist.org. Archived 2023-04-27 di Wayback Machine