Hermann Staudinger nyaéta salah saurang kimiawan asal Jerman gumelar (23 Maret 1881 - 8 September 1965) anu manggihan ayana makromolekul, di mana mibanda ciri mandiri tina polimér. ku alatan pamaggihna ieu Hermann Staudinger meunang Nobél Kimia dina taun 1953 Staudinger ogé dipikawanoh pikeun salah sahiji pamagihna nyaéta ketene jeung reaksi Staudinger.

Hermann Staudinger

Lalakon Hirup

édit

Hermann gumelar di Worms dina taun 1881. Maguron di Universitas Strasbourg di mana saméméhna narima gelar Ph.D ti University of Halle dina taun 1903. di dieu pisan Staudinger mangihan ketena dina sajeroeun panalungtikana, molekul ketena kaasup kana sintétis saméméh kapangihna antibiotik saperti penisilin jeung amoksisilin .[1]

Dina taun 1907, mimiti jadi asistén profesor di Technical University of Karlsruhe. ditempat ieu ogé Staudinger manggihan sababaraha senyawa organik anu bisa dimangpaatkeun (salah sahijina nyaéta sintétis pikeun nyeungitkeun kopi ) sanajan ieu pamagih masih dibunian kénéh sabab sapinuhna dina sapanitenan Rolf Mülhaupt.[2]

Réaksi Staudinger

édit

Dina taun 1912, Staudinger ditémpat anyarna nyaéta Swiss Federal Institute of Technology di Zurich, Swiss. Salah sahiji pamaggih munggaran-na dina taun 1919, dinamangsa Staudinger jeung babaturanna Meyer hasil panalungtikan nétélakeun yén azides bereaksi jeung trifenilfosfina ngawujud hiji zat phosphazide [3] ieu réaksi katelah réaksi Staudinger

Kimia Polimér

édit

Staudinger mimiti maluruh kimia karét di Karlsruhe, Zurich, di mana dipikanyaho mibanda molekul kacida luhurna ngaliwatan cara ngukur Raoult and van 't Hoff. Staudinger dina makalahna anu dibéwarakeun dina taun 1920 nétélakeun polimér karét mangrupa pati saperti anuséjéna, sélulosa jeung protein ranté panjang unit molekul pondok tuluy dikantetkeun ku kovalen . Bisa disebutkeun ogé, kantétan polimér méh sarupa jeung jepit kertas, anu disusun tina bagéan-bagéan leutik anu dikantétkeun ti tungtung ka tungtung . Ahli kimia organik anu kasohor saperti Emil Fischer jeung Heinrich Wieland [4] ngarasa percaya di mana beurat molekul tinggi ngan bisa diukur ku angka-angka anu geus jelas ieu dilantarankeun ku ayana agregasi molekul leutik anu ngajadi koloid. Dina mimitina lolobana babaturan Staudinger henteu narima kana ayana kamungkinan molekul leutik bisa ngahijikeun kovalen nyieun sanyawa anu mibanda molekul luhur. Mülhaupt ngajéntrékeun kalawan eces, hal ieu dilantarankeun kana sawareh tina catetan anu aya ngeunaan struktur molekul jeung téori kantétan saméméh abad ka-20 masih loba kénéh anu tacan kapanggih tur dipiwanoh.[2][5]

Taun 1926 Staudinger diangkat jadi dosen kimia di Universitas Freiburg di Freiburg di Breisgau (Jerman), di dieu pisan Staudinger méakeun karirnya. [7] Hiji bukti anu leuwih maju pikeun ngadukung hipotesis polimer-na kapanggih dina taun 1930-an. beurat molekul luhur di kanyahokeun ku ayana mémbran osmometry, ogé ku ayana pagukur Staudinger viskositas dina larutan. Herman Mark nyaéta nalungtikdifraksi sinar-X tina polimér ogé méré bukti langsung pikeun ranté panjang tina unit molekul berulang . ogé nétélakeun kalawan jéntré polimér saperti nilon dan poliester bisa dihasilkeun ku alatan réaksi orgenik. Téori Staudinger ieu anu muka jalan pikeun élmu polimér leuwih mekar tur motékar dina mangsa anu bakal datang.[6]

Tempo Ogé

édit

Dicuta Tina

édit
  1. Hermann Staudinger (1905). "Ketene, eine neue Körperklasse". Berichte der deutschen chemischen Gesellschaft 38 (2): 1735–1739. doi:10.1002/cber.19050380283. 
  2. a b Mülhaupt, R. (2004). "Hermann Staudinger and the Origin of Macromolecular Chemistry". Angew. Chem. Int. Ed. 43 (9): 1054–1063. doi:10.1002/anie.200330070. PMID 14983438. 
  3. Staudinger, H.; Meyer, J. (1919). "Über neue organische Phosphorverbindungen III. Phosphinmethylenderivate und Phosphinimine". Helv. Chim. Acta 2 (1): 635–646. doi:10.1002/hlca.19190020164. 
  4. Staudinger, H. (1920). "Über Polymerisation". Ber. Deut. Chem. Ges. 53 (6): 1073. doi:10.1002/cber.19200530627. 
  5. Feldman, S. D.; Tauber, A. I. (1997). "Sickle Cell Anemia: Reexamining the First "Molecular Disease"". Bulletin of the History of Medicine 17 (4): 623–650. doi:10.1353/bhm.1997.0178. 
  6. Biography on Nobel prize website

Tutumbu Kaluar

édit