Hiu
Temporal range: Devonian awal – Anyar kénéh
Hiu samudra moncong bodas, Carcharhinus longimanus
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Subkelas:
Superordo:
Selachimorpha
Ordo

Carcharhiniformes
Heterodontiformes
Hexanchiformes
Lamniformes
Orectolobiformes
Pristiophoriformes
Squaliformes
Squatiniformes

Hiu mangrupa lauk laut anu kaasup panggedéna, potonganana biasa sok disebut ogé cucut.[1] Hiu loba rupana jeung loba ngarana, aya anu ngendog jeung aya anu ngajuru, gedéna hiu teu sarua jeung paus, paling panjangna ngan nepi ka 13 méter, sungutna aya di handapeun hulu dina tonggongna aya sapasang cécépét, jeung lamun sisit diusap ti hulu ka buntut lésang, tapi sabalikna lamun diusapna ti buntut ka hulu karasa saperti ngusap parud, lantaran éta kulit nu garing sok dipaké hampelas.[1].

Hiu atawa cucut kaasup sakelompok (superordo Selachimorpha) lauk anu karang tulang rawan anu lengkep jeung awakna anu ipis.[2] Hiu napasna ku lima liang ingsang (sakapeung mah genep atawa tujuh, gumantung kana spésiesna) di gigir, atawa dimimiti saeutik di bagian tukang, jeung huluna.[2] Hiu miboga awak anu awakna dibuntel ku kulit dermal denticles pikeun nutupan kulit tina karusakan tina parasit, jeung pikeun nambahan dinamika cai.[2] Hiu miboga sababaraha huntu anu bisa diganti.[2] Hiu kaasup spésies anu ukuranan gedé saperti dampal leungeun hiu pigmi.[2]

Euprotomicrus bispinatus, mangrupa spésies ti laut jero anu panjangna 22 cm.[2] Lauk paus atawa Rhincodon typus kagolong lauk panggedéna anu bisa ngagedéan nepi ka 12 méter, Lauk anu mirip jiga paus daharna ngan plankton ngaliwatan alat panyaring di bahamna.[2] Hiu banténg atawa Carcharhinus leucas, nyaéta paling kasohor tina sababaraha spésies anu ngojay dina cai laut atawa cai biasa (jenis ieu kapanggihna di Danau Nikaragua, di Amérika Tengah).[2]

Ciri-ciri pisik

édit

Rorongkong hiu béda dibandingkeun jeung lauk-lauk anu miboga tulang saperti lauk kod, ku sabab tulangna tina tulang ngora, anu hampang jeung leuleus, sanajan tulang ngora ieu di lauk-lauk hiu mah leuwih kolot sakapeung mah bisa mengapur, nepi ka bisa jadi heuras saperti tulang.[3] Rahang hiu loba rupana jeung ceuk sahaol mah geus revolusi tina rongga ingsang anu munggran.[3] Rahang ieu teu napel dina cranium jeung miboga asupan mineral panambah anu méré kakuatan leuwih gedé.[3] Ilaharna hiu lila gedéna lantaran séksualna saeutik ngabalukarkeun saeutik katurunana dibandingkeun jeung lauk-lauk anu dipanén.[3] Ku sabab kitu hiu kagolong sato anu langka.[3]

catetan

édit
  1. a b [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h Ikan Hiu yang luar biasa[tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 20 November 2011)
  3. a b c d e Ciri-ciri fisik hiu[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 20 November 2011)