Sunda Kalapa nyaéta ngaran hiji kota palabuhan gedé/metropolis di pulo Jawa perenahna di muara walungan Ciliwung.[1] Anu caina tenang tur jero, dikokolakeun kalawan tartib.[2] Sunda Kalapa dicicingan ku rupa-rupa suku bangsa jeung étnis.[3]

Palabuhan Sunda Kalapa taun 1890-1920

Pedaran édit

Sunda Kalapa minangka cikal bakal kota Jakarta kiwari[3], mangsa harita Sunda Kalapa téh palabuhan dagang internasional anu ramé dijugjug ku kapal-kapal ti luar daérah anu ngadon balantik[3]. Malahan mah jauh saméméh datangna kolonial Éropa, Sunda Kalapa geus jadi puseur dagang hususna di wilayah Asia Tenggara.[3] Sunda Kalapa ogé hiji wilayah anu ngahubungkeun Karajaan Pajajaran (Karajaan Sunda) mangsa harita jeung nagara luar[4], patempatanna strategis jadi pangirut juljolna sodagar-sodagar dagang ti Èropa anu ngadon balantik rupa-rupa bungbu katut rempah-rempah séjén.[3] Palabuhan Sunda Kalapa perenahna di tungtung basisir beulah ti wétan Jakarta kiwari, ogé ieu kaasup tempat paling purba.[4]

Sajarah édit

Datangna urang Portugis édit

Urang Portugis téh bangsa deungeun anu pangheulana datang ka nagara urang.[5] Dina abad ka 12 urang Portugis anjog ka wilayah palabuhan Sunda Kalapa anu mangsa harita aya dina kakawasaan karajaan Pajajaran (Karajaa Sunda).[5] Mangsa harita Portugis ngajak gawé bareng dina urusan dagang/balantik, ku rasa percaya jeung kahadéan haté karajaan Pajajaran anu harita kumawasa di Sunda Kalapa ieu pangajak téh ditarima.[5] Tapi dina kanyataana lila kalilaan urang Portugis nyieun codéka kana pangajakna sorangan, maranéhna hianat alatan boga maksud hayang ngawasa kana sakabéh urusan dagang (monopoli).[5]

Serangan Fatahillah édit

Sunda Kalapa mibanda tempat anu strategis.[5] Ku ieu kaayaan pisan Sunda Kalapa jadi inceran karajaan-karajaan séjén di Nusantara, salah sihijina karajaan Demak.[5] Dina taun 1527 kalawan pinuh ku pangrojong ti Sultan Hasanudin, taya lian Fatahillah ngayakeun serangan pikeun ngarebut kakawasaan di Sunda Kalapa anu harita keur sicepeng ku urang Portugis.[5] Ngaliwatan politik gerilya serangan dilancarkeun ti tilu tempat (Cirebon, Banten, jeung Bogor) ngabuahkeun hasil Sunda Kalapa bisa beunang direbut, ieu hasil peperangan katelah ku sebutan "Jayakarta" hartina (kemenangan yang sempurna).[5] Ti wangkid harita Sunda Kalapa ogé disebut Jayakarta.[5] Sunda Kalapa anu geus ganti ngaran jadi Jayakarta kiwari aya dina kakawasaan Islam (Demak), masarakatna diaping ku ajaran-ajaran Islam dirojong ku juljolna pendakwah Islam anu datang ti India, Tiongkok, jeung Arab.[3]

Jalur Sutra édit

Sunda kalapa geus ti baheula mula dipaké pikeun liliwatan (persinggahan) jeung kota dagang rempah-rempah bangsa Nusantara jeung bangsa Arab, Cina, katut India.[6] Sunda Kalapa ogé sok disebut aya dina jalur sutra, ku lantaran mangsa harita perdagangan sutra leuwih loba ngagunakeun jalan laut.[6] Sunda Kalapa ogé salah sahiji kota palabuhan jeung kota tujuan tina perdagangan barang-barang sutra.[6]

Sunda kalapa Mangsa Kiwari édit

Palabuhan Sunda kalapa, kiwari masih kénéh dimangpaatkeun pikeun bongkar muat barang sok sanajan henteu ramé kawas baheula[4]. Kapal-kapal anu balabuh husus pikeun ngangkut komoditas lokal, kaayaan anu katempo masih tradisional anu matak nyoréang mangsa ka tukang nalika jaman VOC malahan jaman karajaan Sunda 800 taun ka tukang.[4] Mimiti abad ka 19, pamor palabuhan Sunda Kalapa mimiti morosot, kapa-kapal anu ngangkut rempah-rempah ti unggal daérah malahan luar nagara geus mimiti orot.[4] Sunda Kalapa dianggap geus teu mampu deui narima balabuhna kapal-kapal anu jumlahna mingkin loba tur mingkin gedé, komo deui sabada dibukana Terusan Suez dina taun 1869 anu bisa nyingket waktu balayar ti Éropa ka Asia.[4] Sunda Kalapa kiwari dikokolakeun ku "Palabuhan Tanjung Priok" anu mibanda tempat leuwih lega, modéren, jeung leuwih payus tur siap dina nyanghareupan kamajuan jaman.[4]

 
Sunda kalapa kiwari

Tempo ogé édit

Tutumbu kaluar édit

Dicutat tina édit

  1. Winny Gunarti (2010). "Putri Ong Tien". Putri Ong Tien Kisah Perjalanan Putri China Menjadio Istri Ulama Besar Tanah Jawa. Yogyakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. pp. 22–30. ISBN 978-979-22-6213-1. 
  2. E. S. Ito (2007). "Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC". Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC. Jakarta: Hikmah. pp. 1–22. ISBN 978-979-114-009-7 Check |isbn= value (bantuan). 
  3. a b c d e f Abdurrahman Misno Bambang Prawiro (2016). "Antropologi Hukum Islam di Indonesia". Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. Yogyakarta: Deepublish. pp. 1–22. ISBN 978-602-401-227-9 Check |isbn= value (bantuan). 
  4. a b c d e f g Ade Mulyani (2002). "Napak Tilas Sajarah Jakarta". Panduan Wisata Tanpa Mal. Jakartaisbn=978-602-401-227-9: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 34. 
  5. a b c d e f g h i Ade Soekirno S. S. P. (2005). "Demak pikirkan keutuhan Sunda Kalapa". Pangeran Jayakarta: perintis Jakarta lewat sejarah Sunda Kelapa. Jakarta: PT Grasindo. pp. 1–22. ISBN 979-553-500-5. 
  6. a b c R.Z. Leirissa (1995). "Sunda Kalapa Menjelang Masa Sejarah". Sunda Kelapa Sebagai Bandar Jalur Sutra: Kumpulan Makalah Diskusi. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 1–22. 


 



Daftar pustaka édit

 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan