Kaligrafi asalna ti basa Yunani nu disederhanakeun ka bahasa Inggris nyaéta Calligraphy nu asalna ti dua kecap basa Yunani, nyaéta Kallos jeung Graph nu hartina éndah jeung grapeny nu hartina nulis.[1] Jadi kaligrafi nyaéta tulisan éndah, atawa seni tulisan éndah.[1]

Kaligrafi

Dina seni rupa Islam, tulisan arab biasa dijadikeun kaligrafi.[2] Eusina disadur ti ayat-ayat Al-qur'an.[2] Wangunna bisa macem-macem, lain ngan saukur ditulis dina kertas, tapi bisa ogé dina logam, kulit, watu, jeung sajabana.[2] Salah sahiji média pikeun nyieun kaligrafi nyaéta logam, di antarana: kuningan, tambaga, pérak, jeung sajabana.[2] Kaligrafi nu dijieun tina logam biasana disebut kaligrafi kuningan.[2] Kaligrafi kuningan mangrupa salah sahiji karajinan tangan anu pohara kasohor ti mangsa ka mangsa.[2] Industri kaligrafi kuningan sumebar di sawatara tempat di Indonésia sarta nagara-nagara séjén, saperti Malaysia jeung Brunei Darussalam.[2] Industri kaligrafi kuningan nu aya di Indonésia saperti di daérah Jombang miboga ciri has anu béda jeung tempat industri kaligrafi kuningan séjenna, nyaéta téknik nyieunna atawa modél tulisan/ kaligrafi arab anu dipilih (dina basa arab dipikawanoh kalayan ngaran khot).[2] Biasana kaligrafi henteu ngan saukur pikeun kaperluan ibadah, tapi ogé bisa dijadikeun oranament atawa hiasan imah.[2]

Rujukan

édit
  1. a b Kaligrafi Archived 2009-12-12 di Wayback Machine (Diakses tanggal 12 November 2011)
  2. a b c d e f g h i Seni tulis[tumbu nonaktif] (Diakses tanggal 14 November 2011)