Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

(dialihkeun ti Kampung Ciptagelar)

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar nyaéta kampung adat nu aya di wilayah Kampung Sukamulya Desa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi.[1] Ciri hasna aya dina lokasi sarta wangunan imah nu masih kenéh nyekel kana tradisi.[2] Masarakat nu nempatan Kampung Ciptagelar disebutna kasepuhan.[2] Kecap "Kasepuhan" asalna tina kecap "sepuh" maké rarangken barung "ka-an" nu miboga harti tempat tinggal sesepuh.[2] Ieu hal ngarujuk kana masarakat di dinya nu masih kénéh nyekel kana adat istiadat karuhun.[2]

Leuit di Ciptagelar

Kampung Adat Ciptagelar diadegkeun ku pasukan Karajaan Sunda nu tuhu ka Prabu Siliwangi jeung maranéha dibebaskeun lantaran Prabu Siliwangi rék moksaPrajurit tuluy misahkeun diri jadi tilu kelompok nu ngadegkeun kampung-kampung anyar nu silih pakait.[3]

Salah sahijina nyaéta Kampung Gedé nu fungsina pikeun pusat kasepuhan.[3] Kampung Gedé pernah sababaraha kali pindah pikeun nyingkahan pangaruh imperialis Jepang jeung konflik politik DI/TII.[3]

mangrupa komunitas adat nu masih kenéh ngajalankeun tatali paranti karuhun sacara turun temurun nu geus jadi cecekelan kahirupan pikeun kasalametan hirup.[4] Numutkeun pamadeganna, karuhun nyaéta jalma nu geus maot nu dianggap miboga kamampuh nu leuwih atawa di luar kamampuh manusa umumna nu dianggap turunan ti karajaan pajajaran.[3] Sistim religi desa Ciptagelar nyaéta agama Islam, tapi masih kenéh kentel unsur animisme jeung dinamisme.[4] Katingali tina upacara-upacara nu sok dilaksanakeun.[5] Saprak taun 2001, Kampung Ciptarasa nu asalna ti Desa Sirnarasa ngalaksanakeun “hijrah wangsit” ka Desa Sirnaresmi nu jarakna belasan kilometer.[6] Di Desa Sirnaresmi, langkung jelasna di Kampung Sukamulya, Abah Anom salaku pupuhu kampung adat meré ngaran Desa Ciptagelar pikeun tempat pindah nu anyar.[6] Ciptagelar miboga harti kabuka atawa pasrah.[6] Pindahna ti Kampung Ciptarasa ka Kampung Ciptagelar lantaran paréntah karuhun nu disebut wangsit.[6] Ieu wangsit ditarima atawa menangkeunnana ku Abah Anom ngaliwatan proses ritual nu hasilna daék teu daék kudu dilaksanakeun.[6]

Sistim Pakasaban

édit

Umumna pakasaban di Ciptagelar nyaéta patani.[7] Masarakatna ngajungjung luhur budaya lokal sarta lingkungannana nu loba kapangaruhan ku adat istiadat.[8] Ku kituna,  di Ciptagelar mah tara maké paré unggul pamaréntah lantaran boga anggepan yén paré téh titipan tinu maha kawasa.[8] Salian ti éta nyaéta:

 
Salah sahiji huma nu aya di Ciptagelar
  • Upacara adat kudu maké paré lokal.[8]
  • Paré unggul moal bisa jadi alus hasilna di wewengkon anu lembab jeung rada tiis.[8]
  • Paré lokal batangna panjang jadi gampang diétém, gampang ngagaringkeunna jeung nyimpenna, tahan nepi ka waktu +5 taun jeung henteu murudul.[8]
  • Ngamumulé adat karuhun aya kurang leuwih 43 jenis paré rurukan jeung 100 jenis paré hasil silang tina paré rurukan.[8]
  • Ku cara melak paré sataun sakali ngarah bisa ngereunkeun siklus hama wereng nu biasana dina bulan nu geus ditebak atawa diprédiksi.[8]
  • Pikeun nangtukeun mangsa melak dumasar kana itungan béntang.[rujukan?] Tanggal kerti kana beusi jeung tanggal kidang turun kijang (pikeun nyiapkeun alat-alat tatanén).[rujukan?] Kidang ngarangsang ti wétan jeung kerti ngadoredag ka kulon (lahan mimiti digarap).[8]

Daur hirup paré ti mimiti melak paré nepi ka panén masarakat Ciptagelar miboga runtuyan aturan adat jeung upacara nu kudu dilaksanakeun,di antarana:

  1. Ngaseuk, melak paré nu dimimitian ku upacara ménta kasalametan jeung kaamanan sarta jarah ka makam karuhun.[5] Biasana sok aya hiburan siga wayang golék, jaipong, topeng, jeung pantun buhun.[8] Dimimitian ku sesepuh girang jarah ka makam ka luhur nu sumebar di daérah Lebak, Bogor, jeung Sukabumi.[8]
  2. Sapang jadian parésaminggu sanggeus melak paré diayakeun ritual ménta ijin ka sang ibu (Bumi) rék melak paré sarta menta ijin ka Gusti Allah sangkan hasilna alus.[5]
  3. Paré nyiramo jeung mapag paré beukah, mapag paré beukah, sukuran nalika paré aya kembangan,sarta ménta ijin ngarah jauh ti hama.[5]
  4. Sawénan, ritual nu lumangsungna sanggeus siki paré mimiti kaluar.[9]
  5. Mipit Paré, Ritual nalika motong paré tujuanna pikeun ménta ijin ka karuhun ngarah diberé hasil panén nu leuwih.[9]
  6. Nganyaran atawa ngabukti, ritual nalika paré ditutu tuluy diasakan.[9]
  7. Ponggokan, ritual pamungkas saméméh sérén taun dilaksanakeun.[9] Ponggokan miboga harti tradisi ngariung para karuhun nu biasana dipaké pikeun ngabahas masalah rahayat jeung ngitung pajak unggal jalma.[9] Pajak/jiwa dina taun 1997 nyaéta Rp.150,- jeung imah Rp.250,-.[8] Ponggokan biasana dilaksanakeun saminggu saacan acara sérén taun.[9] Nalika ponggokan ogé sok ngabahas iraha séren taun rék lumangsungna.[9]
  8. Sérén taun, mangrupa acara puncak kagiatan masarakat Ciptagelar.[rujukan?] Biasana sok dilaksanakeun unggal taun lantaran tradisi pikeun karuhun jeung Déwi Paré Sang Hyang Pohaci.[5]

Salian upacara nu aya pakaitna jeung paré, aya ogé upacara nu sején nu dilaksanakeun, nyaéta :

  • Salametan 14 bulan purnama.[8]
  • Upacara nyawen-bulan safar (Masangkeun jimat kampung).[8]
  • Salametan rasul.[8]
  • Salametan beberes (nyingkahan masalah kana pelanggaran).[8]
  • Sodakoh maulud jeung rewah (ngirim kadaharan).[8]

Serén Taun

édit

Istilah sérén taun asalna tina Basa Sunda.[rujukan?] Sérén miboga harti serah, seserahan, atawa mikeun jeung kecap taun.[10] Jadi sérén taun hartina sérén tampi ti taun kamari ka taun nu rék disanghareupan pikeun gagantina.[11]

Numutkeun catetan sajajarah jeung tradisi lokal, sérén taun diayakeun sacara turun-temurun ti saprak jaman Karajaan Sunda siga Karajaan Pajajaran, malah nepi ka ayeuna masih kénéh lumangsung.[12] Ieu Upacara mimitina tina acara pikeun ngahormatan Nyi Pohaci Sanghyang Asri atawa Déwi Sri mangrupa Déwi pare dina kosmologi Sunda Kuno.[12] Sistem kapercayaan masarakat Sunda kapangurahan ku warisan kabudayaan masarakat asli Nusantara nu ngagungkeun kakuatan alam.[12]

Sérén taun dilaksanakeun unggal ping 22 Bulan Rayagung nurutkeun kalénder Sunda. Salian ti ritual-ritual nu sipatna sakral, aya ogé kasenian jeung hiburan.[13] Ieu kagiatan mangrupa hubungan manusa jeung nu maha kawasa, jeung ogé sasama mahluk atawa alam ngaliwatan kagiatan kasenian, sosial budaya, jeung atikan.[13]

 
Seren Taun

Upacara Seren Taun dimimitan ku upacara ngajayak ( Ngajemput Paré ), dina ping 18 Rayagung nu dituluykeun ku acara nutu pare jeung puncakna ping 22 Rayagung.[13] Ngajayak dina basa Sunda miboga harti nampa jeung nyambut, sedengkeun angka 18 nu dina basa Sunda diucapkeun dalapan welas  konotasina welas asih nu hartina Allah nu geus mere sagala pikeun lumangsungna kahirupan pikeun sakabéh umat manusa di dunya.[13] Acara ngajayak mangrupa datangna opat rombongan nu mawa paré jeung sagala rupa beubeutian tina opat arah mata angin ka gedung paseban.[14] Puncak acara Seren Taun mangrupa nutu paré dina ping 22 Rayagung ogé miboga ma’na sorangan.[13] Angka 22 nyaéta ti angka 20 jeung 2.[13] Paréna ditutu di puncak acara nyaéta 22kwintal nu 20 jang ditutu tuluy dibagikeun ka masarakat, ari nu 2kwintal mah pikeun binih.[13]

Puncak acara Sérén Taun nyaéta upacara Ngadiukeun, atawa ngasupkeun pocong paré ka Leuit Si Jimat ku Pingpinan Adat Kasepuhan Ciptagelar nyaéta Abah Ugi Sugriana Rakasiwi (nu ayeuna).[15] Kidung puji-pujian ka Nyi Pohaci Sanghyang Asri dipirig ku kacapi nu intinamah ngedalkeun rasa sukur ka maha kawasa nu geus ngajaga Ciptagelar .[10]

Leuit si jimat

édit
 
Salah sihiji warga Ciptagelar dipoto di hareup Leuit Si Jimat

Leuit biasana sok aya di gigir atawa di tukangeun Imah Gedé, wangunanna leuwih leutik ti batan imah gedé lantaran pungsina pikeun nyimpen paré atawa hasil tatanén.[16] Hampir unggal imah di Ciptagelar miboga leuit, tapi aya nu leuwih kawentar di dinya nyaéta Leuit Si Jimat.[17] Leuit kolot nu ngajamin ayana pangan keur warga ditempatkeun di gigireun Imah Gedé Ciptagelar.[rujukan?] Warga bisa nginjeum binih paré tina Leuit Si Jimat teu maké Bunga.[18] Kecap Leuit Si Jimat asalna tina kecap “nyimat” nu hartina nginjeum.[19] Kecap nyimat ogé bisa dihartikeun ma’na welas asih.[19] Jadi Leuit Si Jimat mémang pungsina pikeun nginjeumkeun ka masarakat kasepuhan salaku wujud welas asih Abah ka para incu putuna.[19]

Rujukan

édit
  1. "Eksotisme Kasepuhan Ciptagelar Sukabumi - Jelajah Nusa" (dalam bahasa en-US). Jelajah Nusa. http://jelajahnusa.com/2017/07/31/eksotisme-kasepuhan-ciptagelar-sukabumi/. Diakses pada 2018-01-23  Archived 2023-04-09 di Wayback Machine
  2. a b c d "Kampung Ciptagelar-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-10-27.  Archived 2017-11-19 di Wayback Machine
  3. a b c d "Kampung Adat Ciptagelar, tak berubah sejak 600 tahun lalu?" (dalam bahasa en-US). 2015-08-30. https://www.pegipegi.com/travel/kampung-adat-ciptagelar-tak-berubah-sejak-600-tahun-lalu/. Diakses pada 2018-01-23  Archived 2016-08-10 di Wayback Machine
  4. a b "Kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-27.  Archived 2017-11-18 di Wayback Machine
  5. a b c d e "Masyarakat Adat Ciptagelar, Sukabumi". www.wacana.co (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-11-05. [tumbu nonaktif]
  6. a b c d e "Badan Penghubung Pemerintah Provinsi Jawa Barat". perwakilan.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-27. [tumbu nonaktif]
  7. Kompasiana.com. "Keunikan Perkampungan di Lereng Gunung Halimun oleh Muhamad Iqbal Azhari - Kompasiana.com". www.kompasiana.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-01-28. 
  8. a b c d e f g h i j k l m n o p Untari, Sri (Oktober 2014). "REKAM PERJALANAN KEPALA BKPD JABAR DAN TIM KE DESA BUDAYA CIPTA GELAR". BKPD Jawa Barat. http://bkpd.jabarprov.go.id/wp-content/uploads/2014/10/KAMPUNG-BUDAYA-LUMBUNG-CIPTA-GELAR.pdf. [tumbu nonaktif]
  9. a b c d e f g "Menelisik Rangkaian Ritual dalam Acara Seren Taun" (dalam bahasa id-ID). infobudaya.net. 2017-10-10. http://www.infobudaya.net/2017/10/menelisik-rangkaian-ritual-dalam-acara-seren-taun/. Diakses pada 2018-01-23 
  10. a b Media, Kompas Cyber. "Seren Taun, Ritual Ratusan Tahun Silam - Kompas.com" (dalam bahasa en). KOMPAS.com. http://travel.kompas.com/read/2014/08/27/130600527/Seren.Taun.Ritual.Ratusan.Tahun.Silam. Diakses pada 2018-01-23 
  11. Admin (2016-09-07). "Seren Taun, Ritual Sakral Masyarakat Sunda Yang Sarat Makna" (dalam bahasa id-ID). Garuda Citizen. https://www.garudacitizen.com/seren-taun-ritual-sakral-sunda-makna/. Diakses pada 2018-01-23 
  12. a b c "Ritual Upacara Adat Seren Taun dan Leuit Si Jimat". www.tatarsukabumi.id. Diakses tanggal 2018-01-23. 
  13. a b c d e f g "Upacara Seren Taun | Pemerintah Kabupaten Kuningan". www.kuningankab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-01-23.  Archived 2017-12-28 di Wayback Machine
  14. "Mengenal Seren Taun, Ritual Tahunan Masyarakat Adat Sunda Wiwitan Cigugur" (dalam bahasa id). Pikiran Rakyat. 2017-09-14. http://www.pikiran-rakyat.com/jawa-barat/2017/09/14/mengenal-seren-taun-ritual-tahunan-masyarakat-adat-sunda-wiwitan-cigugur. Diakses pada 2018-01-23 
  15. "Seren Taun: Tradisi Syukur Panen Padi Ciptagelar yang Eksis Sejak 644 tahun yang lalu (bagian-1)" (dalam bahasa en-US). Mongabay Environmental News. 2012-09-05. http://www.mongabay.co.id/2012/09/05/seren-taun-tradisi-syukur-panen-padi-ciptagelar-yang-eksis-sejak-644-tahun-yang-lalu-bagian-1/. Diakses pada 2018-01-23 
  16. "“…LEUIT JIMAT Si Lumbung PADI…” BENTENG Ketahanan PANGAN Warga KASEPUHAN Cipta GELAR…”" (dalam bahasa id-ID). NASIONALIS RAKYAT MERDEKA. 2011-12-27. https://nrmnews.com/2011/12/27/lumbung-padi-leuit-jimat-masyarakat-kasepuhan-cipta-gelar/. Diakses pada 2018-01-24 [tumbu nonaktif]
  17. Darmayana, Hiski. "Leuit Jimat, Simbol Ketahanan Pangan Dari Kasepuhan | JABAR KAHIJI". jabarkahiji.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-01-24.  Archived 2017-05-11 di Wayback Machine
  18. "Leuit Si Jimat » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diakses tanggal 2018-01-23. 
  19. a b c Nopianti, Risa (4 Mei 2016). "LEUIT SI JIMAT : WUJUD SOLIDARITAS SOSIAL MASYARAKAT DI KASEPUHAN SINARRESMI". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat. http://ejurnalpatanjala.kemdikbud.go.id/patanjala/index.php/patanjala/article/viewFile/74/30. Diakses pada 24 Januari 2018. [tumbu nonaktif]