Nilaparvata lugens
Nilaparvata lugens - Brown planthopper - UGA5190055.jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
N. lugens
Ngaran binomial
Nilaparvata lugens
(Stål, )

Wereng coklat (Nilaparvata lugens) nyaéta gegeremet anu asalna tina kulawarga Delphacidae.[1] Wereng coklat kagolongkeun kana hama utamana kana tangkal paré, ieu hama anu paling bahaya alatan nimbulkeun karugian anu lain saeutik. Karugian anu dibalukarkeun ku hama wereng coklat bisa nepika 60% tina beubeunangan anu sakuduna, Wereng ieu nyebar di wewengkon Australia , Bangladés , Bhutan , Burma (Myanmar ), Kamboja, Cina, Fiji, India, Indonésia, Jepang, Koréa Kalér sareng Kidul, Laos, Malaysia, India, Nepal, Pakistan, Papua Nugini, Pilipina, Sri Lanka, Taiwan, Thailand, sareng Viétnam. Tutuwuhan alternatif aranjeunna sagigireun paré tayalian jukut banto (Leersia hexandra).[2]

Ciri mandiriÉdit

Wereng coklat nyaéta dimorphictayalian mibanda wujud anu katempo beda bikang jeung jaluna, kalayan wujudna 'macropterous' ogé 'brachypterous' jangjangna purek truncate. Wujudna macropterous ieu bisa hiber pindah ka tempat séjén (migrasi), tangtuna baris nimbulkeun karuksakan anyar ditempat anu dieuntreupanna. Dimana geus netep dina tangkal paré, wereng coklat mimiti baranahan (endogan). Ilaharna anu bikangna salaku brachirger sareng jaluna salaku makroprop. Wereng coklat biasana kawin isuk-isuk, sapoé ti harita bikangna mimiti ngendog. Sakali endogan brachypterous aya 300 dugi ka 350 siki, sedengkeun bikang macropterous endog langkung seueur. Endogna ngawangun garis/gurat lempeng ilaharna manjang dina tengah-tengah daun. Heuleut sa minggu nepika salapan poé, endogna mimiti megar. Nimfa anu nembé megar hatched katempo bararodas, dina waktu sajam janten robah coklat wungu. Maranéhna ngahakan geutah tutuwuhan, Aranjeunna nembus lima u dakan/instars sateuacan janten déwasa.[3]


KaruksakanÉdit

Wereng coklat nginféksi pepelakan paré di sadaya tahapan, ti kawit tandur dugi ka bijil paré. Kusabab tuangeun boh lava kitu deui déwasa dina tutuwuhan palawija, ngabalukarkeun pepelakan konéng sareng gancang garing. Salila mimiti kaserang, tambalan konéng buleud nembongan, anu teu lami janten coklat terus tutuwuhan jadi garing. Kaayaan ieu disebut hopper burn. Suhu mangrupikeun faktor kritis anu mangaruhan kana kagiatan kahirupan ieu gegermet. Lobana endog anu megar tur hirup dina suhu 25 ° C. Endogna sénsitip pisan kana desiccation sareng henteu lami deui ngaleutikan nalika pepelakan anu dieunteupanna mimiti layu. [4]

Dicutat tinaÉdit

  1. Khush, GS (1999). "Green revolution: preparing for the 21st century". Genome 42 (4): 646–55. doi:10.1139/g99-044. PMID 10464789. 
  2. Oudhia, P. (2000). "Traditional medicinal knowledge about green leafhopper, Nephotettix spp., in Chhattisgarh (India)". International Rice Research Notes 25 (3): 40. 
  3. Dan Hanny P, Purnomo (2007). https://books.google.co.id/books?id=HE-WWgPsBXUC&pg=PA100&dq=talas&hl=id&sa=X&ved=2ahUKEwj188O_lb7vAhUn63MBHdA8BoI4ChDoATAEegQIBRAC#v=onepage&q=talas&f=false. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 111. ISBN 9789790020283. Diakses tanggal (disungsi – 21 Maret 2021). 
  4. Noda H, K Ishikawa, H Hibino, T Ornura 1991. A reovirus in the brown planthopper, Nilaparvata lugens. J Gen Virol 72: 2425-2430.

Tutumbu kaluarÉdit