Karémbong nyaéta lawon panjang anu dipaké pikeun ngais/ngagandong budak.[1][2] Ilahar ogé dipaké piken kalengkepan tur pamantes dina kasenian ibing/tari.[3]

Karémbong dipaké ngais budak

Pedaran

édit

Karémbong téh lawon anu loba pisan guna jeung mangpaatna, bisa dipaké sapopoé saperti keur ngais budak, barang, jeung sajabana.[1] Kitu deui dina gempungan resmi jeung pintonan budaya karémbong geus jadi perlambang dina upacara nikahkeun, kakandungan, ogé upacara kalahiran jeung budaya ibing tradisional.[2]

Karémbong merenah pisan pikeun ngais budak mah panjang atawa pondokna aisan bisa disaluyukeun kalawan gampil.[4] Carana karémbong disampaykeun dina taktak, panjang kurang leuwih sabeuteung anu ngais, tuluy papanjangna dibulenkeun kana awak budak anu diais.[4] Sésana dibeulitkeun deui kana taktak anu ngais tuluy dicangreudkeun sangkan pageuh.[4] Karémbong polos atawa dina wanda batik ogé dipaké ku jalan disoléndangkeun atawa disampaykeun dina taktak pikeun maturan pakéan kabaya.[5]

Kagunaan séjén

édit

Urang baduy ngagunakeun lawon karémbong anu dibeulitkeun dina cangkéngna mangrupa papaés pikeun pangantén adat.[6] Di Bali karémbong dipaké pikeun perlambang rasa hormat sarta meungkeut niat goréng dina jero diri, saméméh asup ka jero pura ku jalan dibeulitkeun dina cangkéng.[7] Karémbong dipaké ogé pikeun pamantes/papaés awéwé anu maké jilbab/tudung, diuntun diréka-réka tur maké kombinasi kelir sangkan nambah éndah.[8] Di Madura karémbong téh wajib dipaké dina gempungan resmi, upacara jeung pintonan seni sindén ogé seni ibing/tari, karémbng anu dipaké dipapaésan heula saméméhna.[9]

Dicutat tina

édit
  1. a b Kemdikbud (Pusat Bahasa) (Citakan:Citation/showdateError). "Kamus Besar Bahasa Indonesia". KBBI Online. http://kbbi.web.id/karembong. Diakses pada 2017-05-14 
  2. a b Jonathan Rigg (1862). Buku di Google Play A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 202. 
  3. Misno Bambang Prawiro, Abdurrahman (2016). Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. Yogyakarta: deepublish. p. 161. ISBN 978-602-401-277-9. 
  4. a b c Wilson, D. "Pouches and Slings". Thebabywearer.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal February 4, 2009. Diakses tanggal May 9, 2009.  Archived Pébruari 4, 2009, di Wayback Machine
  5. Hidayat, Rachmat Taufiq (2005). Peperenian urang Sunda. Yogyakarta: Kiblat Buku Utama. p. 63. ISBN 979-3631-57-0. 
  6. Santoso, Tien (2010), Tata rias & busana pengantin seluruh Indonesia, PT Gramedia Pustaka Utama, p. 103, ISBN 978-979-22-6530-9 
  7. "Etika Memakai Sarung dan Selendang Serta Tatakrama Masuk Pura Uluwatu di Bali". tribunnews.com. 2008-01-31. Diakses tanggal 2017-05-15. 
  8. Ji, Zahra (2007). Tata Rias Wajah & Kreasi Ji. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. ISBN 978-979-22-7058-7. 
  9. Bouvier, Héléne (2002). Lébur: seni musik dan pertunjukan dalam masyarakat Madura. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. ISBN 979-461-420-3.