Ki sabrang
Jati Sabrang | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae
|
Divisi: | Magnoliophyta
|
Kelas: | Magnoliopsida
|
Ordo: | Lamiales
|
Kulawarga: | Verbenaceae
|
Génus: | Peronema
|
Spésiés: | Peronema Canescen
|
Ki Sabrang; Jati Sabrang; Peronema Canescens nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Verbenaceae. [1] Ki Sabrang sok disebut ogé tangkal sunkai, ieu tangkal ngahasilkeun kai anu pohara alus kagolongkeun méwah malahan di Indonésia mah nepika jadi komoditi ékspor ka nagara Jepang . [2]
Ki Sabrang biasa kapanggih hirup di sisi susukan, sisi jalan katut daérah kurang subur anu saméméhna kungsi jadi aréa tambang. Ieu tangkal mibanda prospék anu alus utamana pikeun komoditas dagang, ogé sipatna anu gancang gedé dimangpaatekun pikeun réboisasi leuweung atawa lahan anu ruksak. [3]
Ciri mandiri
éditKi Sabrang jangkungna bisa ngahontal 12-22 méter, daun majemuk bijil papasangan pasingareup-singareup, daunna lanset méncos ka tungtung, daun pang handapna 1-3,5 x 2,5-15 cm, buah drupe gedeba 3-3,5mm.[3]
Guna jeung mangpaat
éditUrang Dayak di Kalimantan Wétan masih kénéh ngagunakeun daun sungkai ngora pikeun ubar salésma , muriang , cacing eun , dipaké mandi pikeun awéwé sanggeus ngalahirkeun sarta minangka obat kekemu pikeun nyegah nyeri huntu . [1] Sawatara masarakat di Sumatera kidul jeung Lampung ngagunakeun daun sungkai minangka antiplasmodium jeung ubar muriang. [1]
Suku Serawai, ngamangpaatkeun daun P. canescens kujalan dibebek. Tuluy ditaplokeun kana palebah anu bisul pikeun ngagancangkeun bisul jadi asak atawa gancang cageur. [1]
Suku Lemak ngamangpaatkeun semur daun P. canescens dipaké pikeun ngurangan muriang, malaria jeung ngajaga kaséhatan. [1]
Nurutkeun panalungtikan ogé, gél anu ngandung ekstrak fraksi étanol daun ki sabrabg ngalaman panurunan inhibisi, anumana parobahan anu paling katempona dina aktivitas gél ngalawan baktéri B. Dimana Ieu sublitis, disimpen pikeun 30 poé, aktivitas antiseptikna robah jadi enol.[1]
Dicutat tina
édit- ↑ a b c d e f Risna Agustina, M.Si , Apt. (2022). KEKAYAAN ALAM BUMI BORNEO DAN KHASIATNYA SEBAGAI OBATRisna Agustina, M.Si . Yogyakarta: Qiara Media. p. 67. ISBN 9786235551432. Disungsi15 Januari 2023
- ↑ Hans-Friedrich Schöne, Dieter (1996). Dipterocarp Forest EcosystemsHans-Friedrich Schöne. London: World Scientific. p. 93. ISBN 9789810227296. Disungsi15 Januari 2023
- ↑ a b Iwan Hilwan, Cecep Kusmana, Istomo (2019). Tumbuhan alami di Jawa Bagian Barat : mangrove, pantai, dataran rendah, dan pegununganIwan Hilwan, Cecep Kusmana. BOGOR: PT Penerbit IPB Press. p. 93. ISBN 9786024404079. Archived 2023-01-16 di Wayback Machine Disungsi15 Januari 2023
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |