Malaria (tina basa Italia: "hawa goréng") nyaéta salah sahiji panyakit inféksi nu keuna ka manusa kalawan ngabalukarkeun 500 juta inféksi jeung 2 juta palastra per taun, utamana di wewengkon tropik jeung Afrika sub-Sahara.

Malaria
Klasifikasi jeung sumber luar
P vivax trophozoite4.jpg
Sél getih beureum nu kainféksi ku P.vivax.
ICD-10 B50.
ICD-9 084
OMIM 248310
DBPanyakit 7728
MedlinePlus 000621
eMedicine med/1385  emerg/305 ped/1357
MeSH C03.752.250.552

PanyababÉdit

Malaria téh salah sahiji panyakit balukar tina inféksi parasit protozoa, Plasmodium (salah sahiji Apikompléksa) jeung véktor panépa reungit Anopheles (pikeun malaria anu keuna manusa).

Sabab geus manggih faktor anu nyababkeun malaria, dokter tentara Prancis Charles Louis Alphonse Laveran dipaparin Hadiah Nobel Fisiologi atawa Kadokteran taun 1907.

Gejala anu katarajang malaria di antarana muriang, ngadégdég, artralgia (nyeri sendi), utah, jeung konvulsi. Kadang-kadang sok karasa ateul dina kulit, hususna malaria alatan P. falciparum. Komplikasi malaria kaasup salah sahiji faktor anu ngabalularkeun palastra lamun teu gancang dirawat, utamana budak leutik nu biasana gampang katarajang.

Mamalia séjén kawas (kalong, rodénsia, primata), manuk jeung réptil ogé bisa katarajang malaria.

MékanismeÉdit

Reungit Anopheles bikang nu kainféksi mawa sporozoit Plasmodium dina kelenjar ciduhna. Nalika nyoco manusa, nu biasana wanci pasosoré atawa kapeutingnakeun, sporozoitna asup kana awak ngaliwatan ciduh reungitna, terus kana ati, tempatna baranahan dina sél-sél ati hépatik. Sporozoit ieu lajeng jadi mérozoit nu bakal asup kana sél getih beureum. Dina sél ieu, mérozoit téh baranahan nepi ka ngancurkeun sél getih beureumna.

Parasit malaria kajaga tina serangan sistim imun sabab hirup dina jero sél ati jeung sél getih, najan sabagian sél nu kainféksi bisa diancurkeun dina limpa. Sangkan teu diancurkeun dina limpa, parasit malaria bisa ngahasilkeun protéin nu bisa nyantélkeun sél getih beureum kana pinding saluran getih. Protéin ieu katelah PfEMP1, nu sahanteuna boga 50 varian antukna teu bisa dijadikeun targét sistim imun. Nalika sistim imun mimiti mikawanoh sarta nyieun antibodi pikeun protéin ieu, parasitna geus ngarobah protéinna, antukna sistim imun tinggaleun waé.

Kontroversi DDTÉdit

Artikel utama: DDT

DDT mangrupa inséktisida modéren munggaran nu dijieun dina mangsa awal Perang Dunya II. Mimitina mah ieu bahan kimia téh ditujukeun pikeun merangan reungit nu nyebarkeun malaria, tapi taun 1970-an dicaram di loba nagara alatan pangaruh lingkungan anu goréng. Di lebah dieu kontroversi mucunghul alatan tuduhan pajarkeun ieu panyaram téh ngabalukarkeun lobana korban palastra di wewengkon-wewengkon nu saméméhna geus aman tina bahya malaria.

Anémia jeung pangaruh genetik liannaÉdit

Anémia alatan pangaruh génétik bisa kajaga tina malaria ku sabab ayana mutasi dina hémoglobinna. Anémia ilahar dipimilik ku jalma nu asalna ti Afrika. Kasus kieu méh sarupa jeung mutasi hémoglobin lianna nu ngabalukarkeun talasémia, nu loba dipimilik ku pangeusi wewengkon tropis éndemik panyakit malaria.

Kasakit lianna nu bisa nyegah malaria nyaéta kakurangan dehidrogénase glukosa-6-pospat (glocose-6-phosphate dehydrogenase deficiency, G6PD), sabab dina sél getih beureum énzim ieu téh dipikabutuh pisan ku P. falciparum anu bisa ngahalangan malaria tumerap kana awak.

RujukanÉdit

  • Malaria, Wikipédia édisi basa Inggris per 17 Méi 2005
  • Ito J, Ghosh A, Moreira LA, Wimmer éa, Jacobs-Lorena M (2002). Transgenic anopheline mosquitoes impaired in transmission of a malaria parasite. Nature 417: 387-8. PMID 12024215

Tumbu kaluarÉdit