Kina
Kembangna Kina Cinchona pubescens -
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Cinchona

L. 1753
Spesies

sekitar 25 spesies

Kina kaasup dina kelompok tutuwuhan berkayu ti marga Chinchona anu kulit watangna dimangpaatkeun minangka ubar, ksusuna ubar malaria.[1] Anggota suku Rubiacéae ieu asalna ti Andres, Amérika Kidul.[1] Sajaba minangka ubar, kina ogé dipaké dina industri kosmetika.[1] Kira-kira 40 spesies kina , kawas Cinchoa officinalis sarta C. Calisaya , sumebar diwewengkon tropis.[1] Tatuwuhan ieu loba dibudidayakeun di Ekuador, Peru, Bolivia, India, Sri Lanka.[1] Kina tumuwuh sacara optimum dina wewengkon nu kira-kira 800-2000 M di luhur permukaan laut, curah hujan 200–3000 mm /t, sarta témpératur hawa 13-21 derajat Celsius.[1] Pepelakan ieu merlukeun sorot panonpoé anu henteu panas teuing.[1] Para tangkal kina ngandung kira-kira opat puluh génus spesies tangkal.[2] Kabéh cinchonas anu asli ti lamping wétan wewengkon Amazon di Andes, di mana kina tumuwuh ti 1,500-3,000 méter dina kadua sisi khatulistiwa (ti Kolombia ka Bolivia). Kina ogé bisa kapanggih di bagian kalér Andes (di lamping wétan wengkuan tengah sarta kulon).[2] Ayeuna loba dibudidayakan di loba nagara tropis pikeun peunteun komérsial maranéhanana, sanajan maranéhanana henteu asli wewengkon kasebut.[2]

Deskripsi

édit

Tangkal kina téh jangkungna bisa ngahontal 9 m, sedengkeun diaméter watangna bisa 8–15 cm.[1] Tutuwuhan ieu daunna ngawangun jorong (buleud panjang) sarta kasusun sacara pahareup-hareup.[1] Kembangna anu ngawangun tabung kasusun dina malai, boga warna bodas atawa beureum ngora sarta kaangseu seungit.[1] Buah kina ngawangun kawas buleud endog kalayan sikina anu jangjangan.[1] Bagian ti tangkal kina anu loba dimangpaatkeun ku manusa nyaéta watangna. Kulit watang tangkal kina ngandung sawatara sanyawa alkaloid, utamana kinin (quinine).[1][3]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c (en) [1] (Diakses tanggal 01 November 2011)
  3. , S.IP, M.Pd, Suhaya (2013). Piwuruk Basa Sunda. Bandung: Yudhistira Ghalia Indonesia. p. 113. ISBN 9789797468828. Diakses tanggal 14 Pebruari 2020.