Léo Hendrik Baekeland(Léo Henricus Arthur Baekeland) nyaéta urang Amérika anu lahir di (gumelar di Bélgia, 14 Oktober 1863 – maot di New York, 23 Pébruari 1944 dina umur 80 taun) nyaéta salah saurang ahli kimia. Manéhna paling dipikawanoh ku alatan pamaggihna ngeunaan kertas fotografik/Velox dina taun 1893 jeung Bakelite dina taun 1907. Kasohor ogé ku sebutan " Bapa-na Industri Plastik"[2]:13 anu mana plastik Bakelite pamanggih-na kawentar, kahiji murah, nonflammable, Tur sarwaguna, di mana ieu ogé engkéna mangrupa cikal bakal tina industri plastik modérn.[3][4]

Leo Hendrik Baekeland
Portrait of Leo Baekeland in 1916.
GumelarLeo Henricus Arthur Baekeland
November 14, 1863
Sint-Martens-Latem, Belgium
Tilar dunya23 Pébruari 1944 (yuswa 80)
Beacon, New York, USA
Pagawéankimiawan/anu manggihan
Dipikawanoh salaku/lantarannaluntik plastik , Bakelite, Novolac
AnugrahJohn Scott Medal (1910)
Willard Gibbs Award (1913)
Perkin Medal (1916)[1]
Franklin Medal (1940)
Kuburan-na Leo Hendrik Baekeland

Lalakon Hirup

édit

Léo Baekeland gumelar di Sint-Martens-Latem, Belgia dina 14 Nopémber taun 1863,[5] ngaran bapana cobbler.[6] Léo Baekeland dina mangsa keur leutik kénéh nganjrekna di Ghent, Belgium nepikeun ka déwasa. Baekeland lulus ti Ghent Municipal Sakola Tehnik kalawan meunang pamuji nepikeun ka dibéré béasiswa ku ieu Kota Ghent[7]:102 pikeun diajar kimia di ''University of Ghent'', Saterusna Baekeland asup dina taun 1880.[2]:13anu teu kungsi lila meunang gelar PhD kalayan lulus Suma cum laude dina umur anu kawilang ngora (21 taun).[7]:102diangkat sumpahna jadi Profesor Fisika jeung Kimia di Sakola Normal Pemerintah Tinggi di Bruges(1887-1889) teu kungsi lila Baekeland diangkat jadi professor kimia di Ghent dina taun 1889.[2]:14 Baekeland rimbitan jeung Céline Swarts, putri-na profesor Theodore Swarts jeung Celine (Plattéau) Swarts, dina 8 Agustus 1889. Anak tina hasil rimbitan-na nyaéta , Géorge, Nina, jeung Jenny.[8][9]

Karir

édit

Dina taun 1889 Baekeland jeung pamajikanana meunang béasiswa pikeun indit maguron luhur ka Inggris jeung Amérika.[1]:178[2]:14 maranéhna ngajugjug New York City, di dieu papanggih jeung Profesor Charles F. Chandler ti Columbia University jeung Richard Anthony, katut HT Anthony Ti parusahaan fotografi. Nya Profesor Charles F ieu pisan anu méré pangharepan ka Baekeland pikeun netep/dumuk di Amérika Serikat[10] Baekeland geus nyiptakeun hiji tarékah pikeun ngamekarkeun pelat fotografi ngagunakeun cai lain bahan kimia séjéna, anu geus dipaténkeun di Belgia dina taun 1887;[2]:13 [7]:127-129 Anthony nempo kana ieu potensi Baekeland dina widang kimia sok sanajan ngorakénéh tuluy waé manéhna (Anthony ) nawarkeun pagawéan ka Baekeland. .[7]:130[11]

Baekeland digawé pikeun parusahaan Antony salila dua taun, teu kungsi lila tuluy muka usaha sorangan dina taun 1891 dina widang konsultan kimia.[7]:130 Tapi ieu henteu lila manéhna balik deui kana kertas foto anu geus ditaluntik leuwih jero tur ngahasilkeun di mana bisawaé gambar anu bakal dicitak bisa digedékeun ukuran-na henteu kudu maké cahaya lampu.[12] Sanggeus dua taun usaha satékah polah pikeun ngahasilkeun karya tulis anu sampurna anu dibéré judul "Velox". Nincak mangsana Amérika ngarandapan katalangsara ku alatan résési katambah teuaya invéstor atawa anu meuli kana produk anyarna. Antukna Baekeland ngayakeun gawé bareng jeung Léonard Jacobi ditululuykeun ku ngadegkeun pausahan (Nepera Kimia ) di Nepera Park, New York. Saterusna ieu jadi suksés komérsil kertas fotografik[7]:131-135[11]

Dina taun 1899, Jacobi, Baekeland, jeung Albert Hahn, ngajual Nepera ka Géorge éastman asalna ti éastman Kodak Co hargana $750,000.[13][14] tina ieu transaksi Baekeland kabagéan kurang leuwih $215,000.[7]:134-136[15] Tuluy waé Baekeland meuli "Snug Rock", hiji imah di Yonkers, New York, di dieu Baekeland ngawangun laboratorium pribadi anu pereték/lengkep.

salah sahiji katangtuan dina mangsa ngajual ieu Nepera, nyaéta Baekeland kudu panuju pikeun henteu ngayakeun deui panalungtikan dina widang fotografi sahenteuna dina waktu 20 taun. Manéhna kudu nalungtik widang anu séjén. Dimimitian ku balik deui ka Jerman dina taun 1900, "geusan nyoréang deui perkara éléktrokimia" di Institut Tehnis di Charlottenburg.[2]:14

Dina mangsa mulang deui ka Amerika Serikat, Baekeland sanajan henteu lila mantuan Clinton Paul Townsend jeung Elon Huntington Hooker ngaréngsékeun dina ngamekarkeun produksi sél éléktrolit anu hadé. Baekeland dipercaya jadi konsultan independen, anu mana diamanatkeun pikeun ngawangun jeung ngoperasikeun pabrik percontohan.[7]:138-139 Baekeland ngamekarkeun sel diafragma kuat pikeun prosés chloralkali, maké kaén tinun asbés dieusian ku campuran oksida beusi, ramat asbés jeung beusi hidroksida. Hasil Baekeland nyampurnakeun ieu penting dina mangsa ngadeg na Hooker Chemical Company dina ngawangun salah sahiji pabrik elektrokimiapang gedéna sadunya.[2][16]

Kapanggihna Bakelite

édit

Sanggeus suksés tina Velox, Baekeland indit kaluar pikeun manggihan widang anu lian anu leuwih ngajangjikeun pikeun pangwangunan kimiawi. Saperti anu dipigawé saméméhna nyaéta Velox. Naha Baekeland asup kana widang resin sintétis, Baekeland ngajawab pikeun ngahasilkeun duit.[10] dina taun 1900-an, kimiawan geus mimiti sadar yén loba résin alami jeung serat éta polymeric, istilah anu piwanoh dina taun 1833 ku Jöns Jacob Berzelius.[17][18] Adolf von Baeyer geus nyobaan fenol jeung aldehida dina taun 1872, utamana Pyrogallol jeung benzaldehidamanéhna nyiptakeun hiji zat "katempona hideung" anu dianggapnya henteu aya gunana jeung heneuweuh hubungana jeung panalungtikan-na pikeun kelir sintetis. tina 115 murid Baeyer. Werner Kleeberg, nyobaan ogé fenol jeung formaldehidadinadina taun 1891, Baekeland mimiti nalungtik réaksi fenol jeung formaldehida. [11] Baekeland suhud kana tujuan saméméhna nyaéta ngadeukeutan cara anu sistematis, ati-ati ngatur jeung nyoba pangaruh tina suhu, tekenan ogé takaran bahan anu dipaké.[2][7]:144-145

Hasil tina panalungtikan nyaéta ayana hiji bahan anu bisa dimekarkeun pikeun nyieun lak. Baekeland menghasilkan lak tina ngahijikeun fenol-formaldehida disebut "novolak" tapi sapaniténan ieu hasilna kurang kuat. Ku alatan éta pamanggihna hente dimekarkeu pikeun dijual.[3]

Baekeland henteu bosen nalungtik hasil tina nyampurkeun fenol jeung formaldehida, ku lantaran Baekeland mibanda kayakinan di mana éta hasil tina nyampurkeun bahan bieu bisa digunakan sajeroeun prosés maké citakan. ku jalan ngontrol tekenan jeung suhu salila nyampurkeun ieu fenol jeung formaldehida, manéhna nyawang yén hasil panalntikanna bisa diolah ku jalan ngagunakeun citakan: Bakelite ddijieun tina fenol, ka dieunakeun dipiwanoh asam karbol, jeung formaldehid. Ngaran kimia tina Bakelite nyaéta ''polyoxybenzylmethylenglycolanhydride'' Dina taun 1917 Baekeland kapeto jadi profesor husus di Columbia University The Smithsonian anu eusina cutatan ti County West Chester Court House di White Plains, NY, nétélakeun kana diakuna jadi warganagara dina 16 Desémber taun 1919.[19][20]

Dina taun 1922, saenggeus litigasi patén nguntungkeun Baekeland, General Bakelite Co, anu geus ngadeg dina taun 1910, bareng jeung Condensite Co diadegkeun ku Aylesworth, jeung Redmanol Chemical Products Co diadegkeun ku LV Redman, ngayakeun gawe bareng jeung pausahaan Bakelite

Kapanggihhna ieu Bakelite bisa disebutkeun ogé gumelarna tina plastik. Bakelite nyaéta plastik munggaran bisa dibentuk di mana geus dipanaskeun heula saméméhna. Radio, telepon dan isolator listrik dijieun tina Bakelite ku sabab isolasi listrik anu hadé jeung kuat ku panas. Teu kungsi lila ti harita pamangpaatan ieu Bakelite sumebar méh ka unggal industri[4]

Baekeland loba pisan narima penghargaan jeung kahormatan, kaasup Medali Perkin dina taun 1916 jeung Medali Franklin dina taun 1940. dina taun 1978 manéhna dilantik kalayan anumerta mangrupa salah saurang pamanggih Nasional Hall of Fame di Akron, Ohio.[9]

Tilar Dunya

édit

Baekeland dinamangsana geus kolot manéhna ngalaman loba masalah, nyaéta ayana pacéngkadan ngeunaan gaji jeung masalah-masalah anu séjéna jeung anakna sorangan. Manéhna ngajual General Bakelite Company ka ''Union Carbide'' dina taun 1939 jeung ti saprak éta ogé dititah pangsiun ku anakna. Tuluy waé manéhna méakeun waktu pikeun istirahat, dahar sakabéh dahareun kaléng-an jeung mibanda kahayang ngamekarkeun hiji taman tropis gedé pisan dina usum tiris Coconut Grove, Florida.[21] Baekeland tilar dunya ku lantaran cerebrovascular dina hiji sanatorium Beacon, New York.[22] Baekeland dikuburkeun di Sleepy Hollow Cemetery in Sleepy Hollow, New York.[23]

Barang-barang tina Bakelite

édit

Tempo Ogé

édit

Dicutat tina

édit
  1. a b "Perkin Medal Award". The Journal of Industrial and Engineering Chemistry 8 (2): 177-190. 1916. https://books.google.com/books?id=VSpGAQAAIAAJ&pg=PA178. Diakses pada 1 September 2015. 
  2. a b c d e f g h Landmarks of the Plastics Industry. England: Imperial Chemical Industries Ltd., Plastics Division. 1962. pp. 13–25. 
  3. a b "Chemical Achievers: Leo Hendrik Baekeland". Chemical Heritage Foundation. 2005. Diakses tanggal 2007-11-08.  Archived 2007-02-03 di Wayback Machine
  4. a b Amato, Ivan (1999-03-29). "Time 100: Leo Baekeland". Diakses tanggal 2007-11-08.  Archived 2007-11-06 di Wayback Machine
  5. Sas, Benedikt; Vocht, Stanislas De; Jacobs, Philippe (2014). Intellectual Property and Assessing its Financial Value. Kidlington: Chandos Publishing. pp. 2–7. ISBN 9781843347927. Diakses tanggal 1 September 2015. 
  6. Gratzer, Walter (2011). Giant molecules : from nylon to nanotubes. Oxford: Oxford University Press. ISBN 978-0199562138. 
  7. a b c d e f g h i Bijker, Wiebe E. (1997). "The Fourth Kingdom: The Social Construction of Bakelite". Of bicycles, bakelites, and bulbs : toward a theory of sociotechnical change (1st MIT Press pbk ed.). Cambridge, Mass.: MIT Press. pp. 101–198. ISBN 9780262522274. Diakses tanggal 2 September 2015. 
  8. "Leo Baekeland". NNDB Tracking the entire world. Soylent Communications. Diakses tanggal 1 September 2015. 
  9. a b Flynn, Tom. "Yonkers, Home of the Plastic Age". Diakses tanggal 2 September 2015. 
  10. a b "Leo Hendrik Baekeland". Chemical Heritage Foundation. Diakses tanggal 2 September 2015. 
  11. a b Gehani, R. Ray (1998). Management of Technology and Operations. John Wiley and Sons. pp. 81–82. ISBN 0-471-17906-X. 
  12. a b Haynes, Williams (1946). "XIX: Materials for To-morrow". This Chemical Age. London: Secker and Warburg. pp. 238–239. 
  13. Jenkins, Reese V. (1975). Images and Enterprise: Technology and the American Photographic Industry, 1839 to 1925. Baltimore, MD: Johns Hopkins University Press. pp. 191–201. ISBN 0801815886. 
  14. Haynes[12] quotes a surprising immediate offer of $1,000,000, when Baekeland had been hoping for $50,000 at most.
  15. Mercelis, Joris (2012). "Leo Baekeland's Transatlantic Struggle for Bakelite: Patenting Inside and Outside of America". Technology and Culture 53 (2): 372. doi:10.1353/tech.2012.0067. 
  16. Thomas, Robert E. (1955). Salt & Water, Power & People: A Short History of Hooker Electrochemical Co. Niagara Falls, NY: Hooker Chemical Co. p. 109. ISBN 1258790807. 
  17. Jensen, William B. (2008). "Ask the Historian: The origin of the polymer concept". Journal of Chemical Education (University of California) 85: 624-625. http://www.che.uc.edu/jensen/W.%20B.%20Jensen/Reprints/141.%20Polymer.pdf.  Archived 2018-06-18 di Wayback Machine
  18. Westman, M.; Laddha, S.; Fifield, L.; Kafentzis, T.; Simmons, K. "Natural fiber composites: a review" (PDF). Pacific North National Laboratory. Diakses tanggal 2010. 
  19. Harding, Robert (1994). "Guide to the Leo H. Baekeland Papers NMAH.AC.0005" (PDF). Smithsonian National Museum of American History. Diakses tanggal 1 September 2015.  Archived 23 Juni 2015 di Wayback Machine
  20. "County of Westchester". sdfsdf. Diakses tanggal 1 September 2015. 
  21. Fairchild, David (1948). The World Grows Round My Door. New York: Charles Scriber's Sons. p. 258. 
  22. "Leo Baekeland Dead, Created Bakelite. Chemist Noted for Invention in Plastics. Produced Velox, a Photographic Paper". New York Times. 1944-02-24. http://query.nytimes.com/gst/abstract.html?res=9A06E1DF113CE03ABC4C51DFB466838F659EDE. Diakses pada 2015-04-14 
  23. "Leo Hendrik Baekeland (1863 - 1944) - Find A Grave Memorial". findagrave.com. 
Baca Ogé

Tutumbu Kaluar

édit