Makam Godog nyaéta makam nu aya di daérah Gunung Karacak perenahna di Désa Lebak Agung, Kacamatan Karangpawitan Garut.[1]
Ieu makam dipercaya minangka makam Prabu Kéan Santang, putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran.[1] Hal ieu ogé kacutat dina sawatara naskah kayaning Babad Godog, Babad Pasundan, jeung Wawacan Prabu Kéan Santang Aji.[1] Dina naskah-naskah éta dicaritakeun yén Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi jeung Nyi Subang Larang ti Karajaan Pajajaran.[1][2] Sanggeus ngagem Islam di Mekah, ngaranna robah jadi Sunan Rohmat atawa Syéh Rohmat. ku lantaran dimakamkeuna di Godog, disebut ogé Sunan Godog.[1]
Sunan Godog atawa Kéan Santang nyaéta nu nyebarkeun agama Islam dina ahir abad ka-15 nepi ka awal abad ka-16 di daérah Timbanganten (kiwari daérah Samarang, Tarogong, Kadungora, Lélés).[2] Numutkeun folklor lianna nu mekar di daérah Garut, nalika Kéan Santang balik ti Mekkah, anjeunna mawa taneuh nu disebarkeun di daérah-daérah di Indonésia.[2] Dina tiap taneuh éta murag mangrupa tempat lahirna wali songo.[2] Nalika rék asup ka Gunung Suci, taneuh nu dibawana godeg.[2] Lantaran éta ngaran Godog lahir, nepi ka Kéan Santang kasohor jadi Sunan Godog.[2]
Loba mitos nu nyaritakeun hal ieu.[1] di antarana aya nu nyebutkeun yén Kéan Santang kungsi paséa jeung bapana Prabu Siliwangi alatan Prabu Siliwangi nolak pikeun disunatan tur embung ngagem agama Islam sakumaha nu dipikahayang ku Kéan Santang.[1] Tapi Kéan Santang teu peunggas harepan, nepi ka tuluy ngungudag bapana sangkan sadia jadi muslim.[1] Tepi ka ahirna mah Prabu Siliwangi téh ngahiang.[1]
Makam Godog jumlahna aya 9 makam nu ngawengku 1 makam Sunan Godog sarta 8 makam para ponggawana.[2] Ieu makam ngajajar ti mimiti ponggawa nu kahiji nepi ka nu kadalapan, tuluy makam Sunan Godog aya di luhureun gunung.[2] Ukuran makam ampir sarua kurang leuwih 2m x 1m.[2] Makam Sunan Godog aya di jero wangunan pasagi panjang.[2]
Unggal bulan Mulud sok diayakeun upacara ngalungsar atawa turun jimat.[2] Upacara ieu dilaksanakeun unggal tanggal 14 Mulud minangka ébréhan rasa panghormat ti masarakat ka Sunan Godog alatan jasana dina nyebarkeun agama Islam.[2] Ébréhan panghormat ieu dilaksanakeun ku cara ngamumulé barang pusaka saperti rupa-rupa keris, kitab, Al-Quran, Cis, Skin, jeung sajabana.[2] Barang-barang ieu diturunkeun tina jero peti tuluy diteundeun di luhureun makam, tuluy dikumbah hiji-hiji maké cikembang jeung digosok maké minyak seungit sangkan teu babari karahaan, nu dilaksanakeun ku kuncénna.[2]
Kiwari, makam Godog loba didatangan ku nu jarah.[1] Ku sabagéan masarakat, makam ieu dianggap karamat lantaran Kéan Santang kalungguhanana sajajar jeung para wali nu gedé jasana dina nyebarkeun agama Islam di pulo Jawa.[1] Nu daratang ka ieu makam, henteu ti daérah Jawa wungkul, tapi loba ogé ti luar Jawa.[1]

Referensi

édit
  1. a b c d e f g h i j k l Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti (id)
  2. a b c d e f g h i j k l m n Makam Godog Archived 2016-05-31 di Wayback Machine (Diakses tanggal 29 Oktober 2011) (id)