Mongolia (basa Mongol: Монгол Улс) magrupakeun hiji nagara nu kakurung daratan di Asia Wétan, tepung wates jeung Rusia di kalér jeung Républik Rahayat Cina di kidul. Mongolia mangrupa pusat Kakaisaran Mongol dina abad ka-13, tapi dikawasaan ku Dinasti Qing ti ahir abad ka-17 nepi ka hiji pamaréntah merdika diwangun jeung pitulungan Uni Soviét dina 1921. Tapi kamerdékaan Mongolia heunteu diakuan ku Cina nepi ka taun 1949. Saenggeus Komunis ngawasaan Cina daratan teras ahirnya ngakuan kamerdékaan Mongolia. Saenggeus runtuhna Uni Soviét, Mongolia ngagem démokrasi. Lega wewengkonna nu ampir sarua jeung Alaska, kalobaannana wewengkon Mongolia miboga taneuh nu saat: kalobaannana wewengkon mangrupa tegal jukut, eujeung pagunungan di bagian kulon jeung kalér jeung Sagara Keusik Gobi di kidul. Mayoritas populasina étnisna Mongol nu ngagem agama Buddha Tibét jeung hirupna nomad.

Монгол Улс
Mongol Uls
Bandéra Mongolia Lambang Mongolia
Motto
Lagu
Bügd Nairamdakh Mongol
Location of Mongolia
Location of Mongolia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Ulan Bator
Basa resmi Mongol
Pamaréntah Sistem parleménter
 -  Présidén Ukhnaagiin Khürelsükh (Ухнаагийн Хүрэлсүх, ᠤᠬᠤᠨᠠᠭ᠎ᠠ ᠶᠢᠨ ᠬᠦᠷᠦᠯᠰᠦ᠋ᠬᠡ)
 -  Perdana Menteri Luvsannamsrain Oyun-Erdene (Лувсаннамсрайн Оюун-Эрдэнэ, ᠯᠤᠪᠰᠠᠩᠨᠠᠮᠰᠠᠷᠠᠢ ᠶᠢᠨ ᠣᠶᠤᠨ-ᠡᠷᠳᠡᠨᠢ)
Kamerdékaan
 -  Déklarasi 11 Juli 1921 
Aréa
 -  Total 1.564.116 km² (19)
 mil² 
 -  Cai (%) 0,6%
Populasi
 -  Perkiraan  2006 2.832.224 (134)
 -  Sénsus -
 -  Kapadetan 1 /km² (193)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$4,83 miliar (151)
 -  Per kapita US$1.918 (148)
Mata uang Tugrug (MNT)
Zona wanci (UTC+7)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+8)
TLD Internét .mn
Kode telepon +976

Sajarah

édit
  • Période Bangsa Hunnu (Hsiung-nu)

Bangsa Hun jadi katelah dina kapamingpinan Modun Khaan ti Dinasti Tiongkok nu ngadalikeun jalur dagang di wewengkon Turkistan. Saterasna peradaban Hunnu hancur babarengan jeung hancurna dinasti Hundi Tiongkok.

  • Période Bangsa Cian-bi (Hsien-pi)

Populasi bangsa Hunnu ngagabung ka wewengkon bangsa Cian-bi (136-181 Maséhi). Cian-bi jadi bangsa nu kuat jeung ngaluaskeun wewengkon jeung ngabagi tilu bagian nepi ka wétan nepi ka Koréa dina kapamingpinan Tanishikuai. Nepi ka éra kapamingpinan Kabinen, bangsa Cian-bi ngalaman loba parebutan wewengkon. Taun 235, Kabinen maot jeung bangsa Cian-bi hancur.

  • Période Bangsa Jujan (Rouran)

Diwangun ku populasi sisa bangsa Cian-bi, bangsa Jujan nu musat di pagunungan Khangai mekar dina abad ka-5.

  • Période Bangsa Tukish

Bangsa Tukish nu diwangun ti peupeusan Karajaan Jujan ngalegaan wewengkonna nepi ka samananjung Koréa jeung Tiongkok. Populasi ti bangsa Uighur milu ngagabung dina 745 Maséhi. Bangsa Tukish jadi bangsa nu kuat di Mongolia.

  • Période Bangsa Uighur

Bangsa Uighur lahir ti bagian bangsa Tukish. Dina période 745 Maséhi, Uighur ngadalikeun jalur dagang ti Cina nepi ka wewengkon wétan Asia.

  • Période Bangsa Kitan

Abad X-XII, Mongolia dikawasaan Kitan nu musat di Walungan Liao, pagunungan Khyangan jeung ngawasaan wewengkon Mongolia dina taun 924 Maséhi. Dina 936 Maséhi, bangsa Kitan ngawasaan wewengkon Bahain jeung 16 wewengkon Tiongkok kalér. Taun 1120, bangsa Kitan hancur.

  • Période Mongol

Mongolia dikawasaan ku Karajaan Mongol nu ngawasaan tilu walungan jeung pagunungan Altai nepi ka walungan Selenge. Karajaan ieu dipingpin ku Khabula Khaan (Kubilai khan). Incuna nu namina Yesugei ngawangun Karajaan Mongol Khanlig. Yesudei maot taun 1170 jeung Karajaan Mongol kabagi kana sababaraha bagian. Murangkalihna nu namina Temujin ngawasaan Mongol. Dina wanci kapamingpinanna, Karajaan Mongol Khanlig jadi bagian nagara nu kuat.

Politik

édit

Mongolia katelah di abad ka-13 dina kapamingpinan Génghis Khan sabab bisa hasil nalukan rupa-rupa karajaan di Éurasia. Saenggeus maotna Génghis Khan, Mongolia dibagi kana sababaraha nagara bagian nu kuat jeung kapeupeus dina abad ka-14. Sakabéh nagara bagian teras ngahiji deui ka Mongolia awal jeung aya dina pamaréntahan Tiongkok.

Dina 1921, ti pitulung Uni Soviét, Mongolia merdéka ti Tiongkok. Hiji pamaréntahan komunis diwangun dina 1924. Dina éra 1990-an, Partai Révolusionér Rahayat Mongolia (MPRP) ngéléhan Koalisi Uni Démokratik (DUC). Hal ieu mangrupa kumpulan ti rupa-rupa partéy démokratis. Koalisi DUC ngéléhan MPRP dina pamilu taun 1996. Dina Pamilu taun 2000, parlemén Mongolia dikawasaan ku MPRP. Dina pamilu 2004, DUC jeung MPRP ngawangun koalisi pamaréntahan.

Dina 11 Januari 2005, sapuluh menteri di pamaréntahan koliasi mundurkeun awak jeung dina kondisi krisis. Aya 18 menteri dina pamaréntahan koalisi antara MPRP (nu saméméh namina partéy Komunis) jeung partéy Démokratik nu mangrupa payung politik bekas Perdana Menteri Tsakhia Elbegdorj. partéy Démokratik ngan miboga 25 anggota di parlemén.

Géografi jeung Iklim

édit
 
 Artikel utama: Géografi Mongolia jeung Iklim Mongolia.
 
Bagian kidul Mongolia mangrupa Sagara Keusik Gobi, teras bagian kulon jeung kalér kalobaannana pagunungan
 
Bentang darat Mongolia

Eujeung legana nu salega 1.564.116 km²,[1] Mongolia mangrupa nagara ka-19 pangluasna di dunya (saenggeus Iran jeung saméméh Peru).

Géografi nagara ieu nyaéta Gurun Gobi di bagian kidul jeung wewengkon pagunungan nu tiis di bagian kalér. Loba ogé wewengkon Mongolia diwangun ku stépa. Titik pangluhurna di Mongolia nyaéta Pasir Khüiten di Tavan bogd nu luhurna 4374 m. Kalobaannana wewengkon nagara ieu ngarasaan panas di usum panas jeung tiis pisan di usum tiis (di bulan Januari suhu rata-ratana -30 °C).[2]

Ulan Bator, ibu kota nagara ieu, mangrupa ibu kota nagara nu rata-rata suhuna panghandapna di dunya.

Propinsi

édit
 
 Artikel utama: Propinsi di Mongolia.

Mongolia kabagi kana 21 propinsi (aymguud; disingket aimag atawa aymag) jeung 1 kotamadya (hot) satingkat propinsi.

 
Peta Mongolia

Catetan suku

édit
  1. CIA World Factbook countries by area Archived 2014-02-09 di Wayback Machine
  2. "Republic of Mongolia" (PDF). 2004. Diakses tanggal 2008-02-10.  Archived 2006-10-02 di Wayback Machine

Tumbu luar

édit

    Tempo ogé Mongolia di Wikivoyage