Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran.[1] Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”.[1] Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna.[1] Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jeung kep: dua, opat, genep, dalapan, jst.[1] Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi.[1] Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. [1]Contona paparikan:[1]

Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi.[1] Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi.[1] Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.[1]

Jenis paparikan dumasar eusi

édit

Upama nilik kana eusina, paparikan dipasing-pasing jadi:[1]

  • Paparikan silihasih
  • Paparikan piwuruk jeung
  • Paparikan sésébréd.

Paparikan Silih Asih

édit

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:[1]

Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

Paparikan Piwuruk

édit

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:[1]

Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.

Paparikan Sésébréd

édit

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:[1]

Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.

Tempo ogé

édit
  1. Sisindiran
  2. Wawangsalan

Tumbu kaluar

édit

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n Tamsyah, Spk, Drs. Budi Rahayu (1997). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. p. 29.