Parahu kumureb

salah sahiji jenis wangunan tradisional Sunda

Parahu kumureb nyaéta jenis suhunan wangunan tradisional Sunda anu ditingali tina wangun suhunannana.[1] Jenis wangunan ieu dingaranan parahu kumureb ku lantaran wangunnana téh mangrupa parahu anu nangkuban atawa tibalik.[2]

Lokasi

édit

Wangunan anu miboga bentuk suhunan parahu kumureb umumna bisa dipanggihan di daerah Banten jeung Jawa Kulon, saperti Garut, Cimahi, jeung Tasikmalaya.[3]

Jenis suhunan wangunan ieu dikenal ogé ku ngaran "jubleg nangkub" di daérah Sumedang.[1]

Karakteristik wangunan

édit
 
Suhunan tradisional Sunda tina injuk

Wangun suhunan parahu kumureb dibentuk ku opat wangun, nyaéta sapasang wangun trapésium samakaki jeung sapasang wangun segitilu samakaki. Unggal wangun nu sapasang téh miboga lega nu sarua sarta posisina téh ditempatkeun pahareup-hareup. Nu matak ngabédakeun jenis ieu suhunan jeung jenis suhunan nu séjénna téh nyaéta belah hareup jeung tukang suhunan ieu katutup ku wangun segitilu éta. Tungtung luhur ti wangun segitilu éta ogé anu jadi puncak ti ieu suhunan. Unggal wangun segitilu dihubungkeun jeung wangun trapésium ku garis-garis suhunan nu kabentuk barengan tina dua wangun éta, panjangna téh leuwih pondok ti garis alas suhunan.[4]

Bahan anu biasana dipaké pikeun nyieun rangka suhunan jenis ieu biasana tina kai atawa awi; lamun panutup suhunanna biasana dijieun tina hateup atawa injuk. Salian ti éta, pamilihan bahan-bahan tambahana sarupa mur, baut, paku, jeung sajabana, atawa pangrobahan bahan suhunan masih gumantung ka izin jeung kaputusan pamimpin désa atawa jalma nu dikolotkeun.[5]

Pamilihan wangun suhunan jenis ieu ogé aya kaitanna jeung panempatan posisi panto hiji imah. Wangunan atawa imah anu miboga suhunan parahu kumureb biasana panempatanan pantona dikenal ku istilah buka palayu nyaéta nunjukkeun yén panto imah téh diperenahkeunna nyinghareup ka salah sahiji sisi wangun suhunanna; panto diperenahkeun nyinghareup ka bagéan imah nu manjangna.[6]

Filosofi

édit

Kapercayaan masarakat tradisional Sunda ngawujudkeun tilu lapisan dunya dina wangunan pamatuhanna, nyaéta imah panggung. Bagéan dina imah panggung, nyaéta: 1) bagéan panghandapna, ngalambangkeun alam maot anu diwujudkeun dina bentuk pondasi umpak jeung kolong, sipatna jahat jeung ngaréprésétasikeun naraka; 2) bagéan tengah, ngalambangkeun alam kahirupan manusa, sato, jeung tutuwuhan, sipatna nétral jeung ngarépréséntasikeun dunia; 3) bagéan luhur, ngalambangkeun alam déwa, sipatna sakral jeung ngarépréséntasikeun surga. Katilu bagéan imah sarta dunya nu diréprésentasikeun éta téh disambungkeun sacara vértikal ku tiang-tiang imah anu jadi pusatna.[5] Ku kituna, wangun suhunan téh miboga makna nu penting pikeun masarakat Sunda.

Kagunaan

édit

Salian ti méré iuh ti hujan jeung panas, sarta méré unsur éstétika jang wangunan imah, wangun suhunan parahu kumureb téh boga kagunaan ngagancangkeun cai hujan anu turun sangkan gera nepi kanu taneuh, ditingali tina wangun suhunan anu boga kamiringan 45°. Bahan panutup suhunan anu tina injuk atawa hateup ogé gunana sangkan méré hawa sejuk jang bagian jero imah ku lantaran sipat injuk jeung tepus téh miboga hantaran panas anu leutik, nu mana radiasi panonpoé téh bisa gancang diserep tuluy dileupaskeun deui.[7]

Rujukan

édit
  1. a b Muanas, Dasum (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Jawa Barat. Jakarta: CV Pialamas Permai. p. 35. 
  2. Laily, Iftitah (2021年). "Ragam Rumah Adat Jawa Barat dengan Arsitektur yang Khas". Article. https://katadata.co.id/iftitah/berita/615d1477372c6/ragam-rumah-adat-jawa-barat-dengan-arsitektur-yang-khas. Diakses pada 12 November 2022 
  3. Anjelita, Chyntia (2022年). "8 Macam Rumah Adat Sunda dan Keunikannya". Article. https://www.ruparupa.com/blog/macam-rumah-adat-sunda-dan-keunikannya/. Diakses pada 12 November 2022 
  4. Muanas, Dasum (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Jawa Barat. Jakarta: CV Pialamas Permai. pp. 39–40. 
  5. a b Nuryanto, Nuryanto (2021). "Fungsi, Bentuk, dan Makna Atap Imah Panggung Sunda (Studi Perbandingan Atap Rumah di Kasepuhan Ciptagelar, Naga, dan Pulo)". Jurnal Arsitektur Zonasi. https://ejournal.upi.edu/index.php/jaz/article/view/27718/13856. Diakses pada 12 November 2022. 
  6. Ilham, Anggie; Sofyan, Afriyanto (2012). "TlPOLOGI BANGUNAN RUMAH TINGGAL ADAT SUNDA DI KAMPUNG NAGA JAWA BARAT". Tesa Arsitektur: Journal of Architectural Discourses. http://journal.unika.ac.id/index.php/tesa/article/view/9/pdf. Diakses pada 12 November 2022. 
  7. Ramli, Syamsun (2018). "TIPOLOGI DAN MORFOLOGI FASADE RUMAH TRADISIONAL KAMPUNG CIPTAGELAR". Local Wisdom. https://scholar.archive.org/work/zw3nloohevgm5f4vvlfyphuwam/access/wayback/http://jurnal.unmer.ac.id/index.php/lw/article/download/2680/pdf. Diakses pada 15 November 2022. 

Tutumbu Luar

édit

https://repositori.kemdikbud.go.id/8239/