Parigi Sunda atawa katelah ogé Parigi Jawa, perenahna di wétan kaléreun Samudra Indonésia, panjangna 2600 km kalawan titik pangjerona 7725 m (dina 10°19' Ki, 109°58' Wé, kira 320 km kiduleun Jogjakarta), manteng ti Kapuloan Sunda Alit, mapay kiduleun pulo Jawa, terus ka kuloneun Sumatra, nepi ka kapuloan Andaman, sakaligus mangrupa water antara Lémpéng Indo-Australia jeung Lémpéng Eurasia (tegesna Lémpéng Sunda), salaku bagian tina Cingcin Seuneu Pasipik jeung cingcin palung samudra sabudeureun tungtung kalér Lémpéng Australia.

Peta USGS nu némbongkeun zona lini di Parigi Sunda taun 1833, 1861, 2004, jeung 2005.

Aya bukti ilmiah nu nunjukkeun yén kagiatan lini di sabudeureun Parigi Sunda bisa ngabalukarkeun bencana alam dina mangsa anu teu pati lila, bisa kurang ti sapuluh taun[1]. Ku kituna perlu masang sistem tangara sunami di sapanjang basisir Samudra Indonésia[2].

Kira-kira satengah panjangna, nu deukeut ka Sumatra, ieu parigi kabagi jadi dua palung paralél ku ayana totonggong handapeun cai, sarta ampir sakabéh parigina dieusi ku sédimén.

Éksplorasi

édit

Sababaraha éksplorasi munggaran dipilampah taun 1950-an nalika Robert Fisher, panalungtik ti Lembaga Oséanografi Scripps, nalungtik ieu parigi salaku bagian tina éksplorasi ilmiah lapangan ngeunaan dasar samudra sajagat katut wangun-kulit sub-samudrana. Téhnik nu dipaké pikeun ngukur jero ieu parigi di antarana bomb-sounding, analisis echo-train, jeung manométer. Ieu panalungtikan geus nyumbangkeun pangaweruh kana ciri-ciri subduksi margin Pasipik[3].

Sanggeus lini 2004, sababaraha lembaga nu kungsi nyaksrak ieu parigi nyebutkeun yén dasar ieu samudra téh geus loba robahna[4].

Baca ogé

édit

Rujukan

édit

Bacaeun salajengna

édit
  • Špičák, A., V. Hanuš, and J. Vaněk (2007). éarthquake occurrence along the Java trench in front of the onset of the Wadati-Benioff zone: Beginning of a new subduction cycle? Tectonics: 26 TC1005

Koordinat: 10°19′S 109°58′E / 10.317°S 109.967°E / -10.317; 109.967