Qosor numut keun basa Arab hartina ngaringkes. Sedengkeun pikeun hukum syara nyaéta ngaringkes solat fardlu anu opat roka’at jadi dua roka’at, anu tétép maca fatihah jeung surat tina Qur’an. ku kituna mung solat dhuhur, asar, jeung isya anu bisa di qosor, sedengkeun maghrib jeung subuh teu bisa di qosor, sabab asar ngan tilu roka’at, subuh ngan dua roka’at.

Dalil Qosor

édit

Salah sahiji dalilna nyaéta “Jeung nalika aranjeun iinditan di dunya, mangka teu salah ngosor solat, lamun anjeun sieun ku jalma kafir” (QS: An-Nisa ayat 101). jeung hadits mutawattir anu diriwayat keun ku Anas bin Malik “saestuna Nabi Muhammad saw solat dhuhur di dayeuh Madinah opat roka’at (teu di qosor) jeung solat asar di Dzi-Hulaifah (Miqat haji urang Madinah) dua roka’at (di qosor)”.[1]

Referensi

édit
  1. Abbas, Arfan (2011). Fikih Ibadah. UIN Maliki. p. 95.