Ranggasa
Buah ranggasa (Amomum dealbatum) anu ngora
ti Gunung Malang, Cikidang, Sukabumi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. dealbatum
Ngaran binomial
Amomum dealbatum
Sinonim
  • A. maximum Roxb. sensu Backer & Ochse
  • Cardamomum dealbatum O. Kuntze (1891)


Ranggasa; hanggasa (Amomum dealbatum) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga (Zingiberaceae). Buahna anu amis rada haseum sarta kaangseuna seungit bisa dikonsumsi kitu waé dinakaayaan seger; buah ngorana dikonsumsi sabada dikulub/seupan.

Ngaran séjén

édit

Tutuwuhan asli Indonésia ieu dipiwanoh ku ngaran-ngaran daérah saperti : wresah, wersah atawa resah (Jw.); resak (Mly.); hanggasa, hangasa, ranggasa (Sd.); sarta langkasa (Kangean); "renggak" (lombok). [2] Buahna dipiwanoh ogé Java cardamom (Ingg.).

Ciri mandiri

édit
 
Tandan;gagang buah bijil deukeut puhu tangkal

Tangkalna mangrupi terna nahun tur hirup subur, jangkuna bisa nepi ka 3 m. Daun wujudna jorong atawa jorong lonyod, 30–90 × 10–20 cm, sisi luhurna gundul, sisi handapna buluan lemes bodas kawas beledu.[3]

Kembang majemuk ngentep dina tandan méh semu buleud, diaméter lk. 5 cm, bijil tina rimpang;beuti deukeut puhu tangkal (semu). Tabung mahkota leuwih panjang tibatan kelopak, bodas wujudna jorong. Labellum[4] bodas, kalayan kelir koneng di tengahna sarta aya garis beureum dipalebah puhuna, wujudna uleud endog, kurang-leuwih 3,5 cm panjangna. Buah kotak berwarna hijau sampai keunguan, bulat telur, 2,5–3 × 1,8–2,4, nyiku 9 (7–13), buluan lemes.[3] Sikina laleutik, coklat semu hideung, ampir sakabehna kabungkus di jero salut biji dagingan bodas kulawu, loba mibanda sari buah[5].

Kagunaan

édit
 
Buah ngora dibeulah, katempo siki jeung arilusna

Buahna ilaharna dikonsumsi dina kaayaan seger, dipikaresep alatan salut sikina anu mibanda loba sari buah anu rasana amis (sakapeung) rada haseum rasana. Umbut jeung pucuk anu ngora, kembangna anu ngora, sarta buah ngorana bisa waé dikulub, pikeun sayureun atawa dijadikeun lalab dipaké coél sambel.[5]

Di India didagangkeun mangrupa gaganti Kapulaga, sahenteuna ieu dina mangsa anu geus lila kaliwat [6]. Di Cina dimangpaatkeun pikeun ramuan ubar tradisional.[3]

Ékologi jeung sebaran

édit
 
Rungkun ranggasa

Hirup liar sababraha jumpluk di leuweung atawa kebon, utama hirup dina taneuh anu beueus tur loba ngandung humus. Tutuwuhan iwu bisa direkahkeun ku jalan ngarintahkeun beutina anu geus sirungan, Sanajan arang langka aya anu ngahaja melak ieu tutuwuhan.

Kapanggih hirup Mimiti ti India di dibeulah kulon , Nepal, Bangladesh, Yunnan, Thailand Sarta di Indonésia (Jawa).

Dicutat tina

édit
  1. Roxburgh, W. 1820. Flora Indica, or, Descriptions of Indian plants 1:42. (Ed. 2, edited by W. Carey) 1:43. Serampore :Printed for W. Thacker, 1832.
  2. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 583
  3. a b c Flora of China: Amomum maximum Roxburgh
  4. bibir, yakni staminodia anu ngagedéan, rubak, sarta kelirna berwarna-warni
  5. a b Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2 Hal. 407
  6. Pereira, J. 1853. Amomum maximum Roxburgh —The Great-winged Amomum, petikan dari The Elements of Materia Medica and Therapeutics, Vol. II, 3th American ed.

Tutumbu kaluar

édit
 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


 



Citakan:Tumbuhan-stub