Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.Contohnya:

Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.

Jenis rarakitan dumasar eusi

édit

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta:[1]

  • Rarakitan silihasih
  • Rarakitan piwuruk jeung
  • Rarakitan sésébréd.

Rarakitan silihasih

édit

Nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:[1]

Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

Rarakitan piwuruk

édit

Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:[1]

Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

Rarakitan sésébréd

édit

Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:[1]

Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

Tempo ogé

édit
  1. Sisindiran
  2. Paparikan
  3. Wawangsalan

Tumbu kaluar

édit

Rujukan

édit
 



  1. a b c d Tamsyah, Spk, Drs. Budi Rahayu (1997). Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. p. 25.