Ronggéng Gunung
Ronggéng Gunung nyaéta kasenian has Ciamis anu biasa digelar di buruan imah nalika aya anu hajat kawinan, sunatan, atawa samalah di huma, kebon, upamana nalika dibutuhkeun pikeun upacara ngawuluku atawa melak paré.[1] Durasi pamentasan Ronggéng Gunung biasana kaitung lila, kalan-kalan kakara réngsé nalika waktu maju ka subuh.[1]
Jalma anu kagabung dina kelompok kasenian Ronggéng Gunung biasana antara genep tepi ka 10 urang, sanajan kitu osok ogé silitukeun atawa siliinjeum pamaén ti kelompok nu lian.[1] Biasana siliinjeum pamaén téh pikeun meunangkeun sindén lulugu, nyaéta awéwé anu umurna geus kolot, tapi hadé dina ngawihna.[1] Manéhna boga pancén midangkeun lagu-lagu nu geus ditangtukeun anu teu bisa dipidangkeun ku sindén séjén biasa.[1] Waditra anu digunakeun pikeun mirig tari Ronggéng Gunung nyaéta ktuk tilu siki, goong, jeung gendang.[1]
Pikeun jadi ronggéng dina jaman baheula henteu gampang kawas ayeuna.[1] Rupaning sarat kudu dicumponan di antarana pangawakan kudu hadé, puasa 40 poé anu bukana téh ukur ngadahar cau raja dua siki.[1] Latihan napas pikeun ngahadéan sora, raga, jeung rohani, tur diaping ku ahlina.[1] Lian ti éta, umumna ronggéng kudu taat kana aturan teu meunang waka kawin, ku sabab kitu ronggéng téh kudu lanjang atawa randa.[1]
Kamekaran Ronggéng Gunung dina période 1904 tepi ka 1945 loba ngésér ajén-ajénna.[1] Upamana, cara ngahormat anu asalna mah neueulkeun leungeun kana dada diganti ku sasalaman.[1] Tungtungna cara sasalaman ieu loba disalahgunakeun, lalaki anu ngigelan ronggéng lain wungkul sasalaman tapi ogé tepi ka nyium, ngaragap babagian awak séjénna, samalah kalan-kalan ronggéng dibawa ka tempat suni.[1] Ku sabab teu saluyu jeung adat-istiadat, dina taun 1948 kasenian Ronggéng Gunung dilarang minton hareupeun umum.[1] Kakara dina taun 1950 kasenian Ronggéng Gunung dihirupkeun deui kalawan aya parobahan, boh dina ibingna, boh dina organisasina, nepi ka kamungkinan timbulna hal-hal négatif bisa dicegah.[1] Pikeun nyegah pandangan négatif ngeunaan Ronggéng Gunung ieu, dilarapkeun aturan-aturan anu ngalarang ayana kontak fisik langsung antara ronggéng jeung nu ngigelanana.[1] Sawatara adegan anu bisa ngajurus kana laku négatif saperti nyium atawa ngaragap ronggéng dilarang sama sakali.[1] Aturan ieu téh diayakeun sangkan euweuh anggapan masarakat yén ronggéng idéntik jeung awéwé purah ngagoda lalaki.[1]
Régenerasi Ronggéng
éditIeu salah sahiji acara régenerasi ronggéng di Ciamis lumangsung tanggal 1 Oktober 2011, diayakeun ku Disbudpar Jawa Barat:
Awéwé ngaran Pejoh, tokoh konci anu baris ngistrénan sajumlahing ronggéng ngora anu bakal ngawaris kasenian Ronggéng Gunung dina mangsa nu bakal datang.[2] Calon ronggéng ngarora anu sapopoé diasuh ku Néng Peking peuting éta didaulat pikeun neruskeun amanat karuhun, ngibing jeung ngawih wawangsalan buhun Déwi Siti samboja.[2]
Peristiwa budaya anu digelar di Pondok Wisata Disbudpar Pangandaran, malem Minggu 1 Oktober 2011 digagas ku Disbudpar Provinsi Jawa Barat kalawan tajuk kagiatan “Pagelaran Hasil Pewarisan Kepesindenan dalam Ronggeng Gunung”.[2] Bi Pejoh salaku maéstro Ronggéng Gunung didaulat salaku guru anu ngawariskeun seni Ronggéng Gunung.[2] kasempetan anu langka ieu téh sakaligus jadi titik balik pikeun Bi Pejoh minton deui hareupeun umum, sanggeus welasan taun eureun ngaronggéng.[2] Pikeun Disbudpar, ieu kagiatan dipiharep bisa ngawewegan sumanget generasi ngora pikeun leuwih mikawanoh, neuleuman, jeung ngahirupkeun deui kasenian Ronggéng Gunung, sakaligus ngaronjatkeun citra pariwisata Pangandaran.[2]
Kagiatan diropéa tepi ka katémbong ajén-ajén sakral mangsa baheula.[2] Menyan jeung sasajén diteundeun hareupeun panggung, nandakeun yén éta kagiatan lain samata-mata sérémonial.[2] Kagiatan ngawaris dilaksanakeun soréna saméméh kagiatan inti dimimitian.[2] Sawatara rumaja putri binaan Néng Peking miluan ritual siraman anu diluluguan langsung ku Bi Pejoh.[2] Sanggeus acara ngawaris réngsé, peutingna dipagelarkeun Ronggéng Gunung, Bi Pejoh minton deui bareng jeung Néng Peking katut murid-muridna.[2]
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r Yuliana, Cendi. 2008. Kesenian Daerah dan Lagu-lagu Daerah. Surakarta: Widya Duta Grafika.
- ↑ a b c d e f g h i j k Pandu Radea. "Para Pewaris Ronggeng Gunung" dina http://disparbud.jabarprov.go.id/applications/frontend/index.php?mod=news&act=showdetail&id=345[tumbu nonaktif], diaksés 17 Oktober 2011
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |