Sampyong

ngandelkeun kaparigelan sarta kakuatan neunggeul


Sajarah

édit

Seni mangrupa salasahiji unsur budaya. Salasahiji kabudayaan daérah asli ti Majaléngka nyaéta kasenian Sampyong. Sajarah ayana kasenian Sampyong nyaéta dina taun 1960, di daérah Cibodas Kacamatan Majaléngka Kabupatén Majaléngka aya kaulinan rahayat nu dipikawanoh salaku Ujungan.[1] Kasenian Sampyong tujuanna pikeun hiburan sarta ngalatih sportifitas. Lamun aya pamaén nu émosina kaleuleuwihan sarta ngarempak aturan nu geus ditangtukeun, malandang boga hak pikeun ngusir.[1]

Sampyong teu dikatégorikeun kana seni béla diri, lantaran pamaén teu meunang nakis.[2] Sampyong asup kana tarung.[2]

Wangenan

édit

Ujungan diganti jadi Sampyong nu numutkeun sababaraha sumber asalna tina basa Cina nyaéta sam nu hartina tilu jeung poyong nu hartina teunggeulan.[2] Ngaran Sampyong dipikawanoh ti urang Cina nu harita keur lalajo.[3]

Pintonan

édit

Sampyong ngandelkeun kaparigelan sarta kakuatan neunggeul.[3] Alat nu dipaké neunggeulna nyaéta hoé nu ukuranna 60 cm.[3] Ujungan dipaénkeun ku dua urang nu pahareup-hareup boh awéwé boh lalaki, dipingpin ku wasit nu disebut ''malandang''.[3]} Pamaén maké teregos atawa ''balakutak'' nyaéta kaén nu eusina bahan empuk pikeun nutupan hulu pamaén, sangkan ngahalangan hulu nalika kateunggeul.[3] Sasaran teunggeulanna teu kawatesan ti hulu nepi ka suku tur teu ditakis.[3] Saurang pamaén neunggeul musuh saloba-lobana, nepi ka musuhna éléh tur teu kuat nahan nyeri.[3]

Sampyong dipidangkeun dina acara-acara husus contona dina acara hajatan, dina acara kamerdekaan Republik Indonésia, jeung dina acara milangkala Majaléngka.[3] Sampyong biasana dipintonkeun di lapangan nu lega.[3] Runtuyan pintonan seni Sampyong nyaéta opat pasang pamaén sarta malandang asup ka tempat pintonan tuluy ngibing penca dina wirahma lagu Padungdung.[3] Pintonan dimimitian ku dua urang pamaén nu silih teunggeul tuluy dina pintonan utamana para pamaén nu opat pasang pahareup-hareup numutkeun urutan nu geus ditangtukeun ku malandang..[3] Sanggeus malandang nyebutkeun Briuk tuluy pamaén silih teunggeul, lamun saurang pamaén geus neunggeul atawa diteunggeul, pamaén kudu langsung ngibing ngurilingan pakalangan (aréna / tempat pintonan).[3] Salila kasenian Sampyong lumangsung, dibarengan ku tabeuhan kendang penca nepi ka réngsé. Gamelan kendang penca nu dipaké mangrupa kendang leutik, kendang gedé, tarompét, bonang jeung bendé (goong leutik).[3]

CATETAN

édit
  1. a b [1], Sajarah jeung Kamekaran seni Sampyong.
  2. a b c [2][tumbu nonaktif], Duél ala Majaléngka.
  3. a b c d e f g h i j k l m [3] Archived 2016-03-05 di Wayback Machine, Sampyong Kasenian Khas Kabupatén Majaléngka.