Singlar téh nulak bahla, upamana nyinglar hujan angin sok ngagawingkeun sair dina curugan imah atawa ngawurkeun cangkaruk ka bulan [1].Dina kasusastraan Sunda téh aya nu disebut Rajah Panyinglar jeung aya nu disebut Singlar atawa Parancah wungkul[2] .Singlar atawa parancah mah parondok[2].Wangunna mangrupa kalimah-kalimah pondok[2]. Digunakeunana contona upama rék liar ti peuting, rék ngambah sanget, rék nyicingan tempat nu sanget[2].Rajah Panyinglar mah susunanana/ rumpakana saperti rajah lianna, nyaéta paranjang tur puitis[2].Singlar atawa parancah ogé sok digunakeun pikeun nyinglar sato nu dianggap ngadatangkeun mamala, kayaning: koréak, gagak, bébéncé, sit uncuing, sarta lelembut kunti[2].

Conto Singlar édit

Nini Koronjo kosong[2]
Aki koronjo kosong[2]
pangngosongkeun jalan[2]
Ieu ...(nyebut ngaran sorangan) badé ngaliwat![2]

Conto Singlar/ Parancah édit

1. Jig, ka ditu, ka sabrang ka Palémbang,[2]
Di dieu mah putra putu Ratu Galuh[2]

2. Jig, ka ditu ka sabrang ka Palémbang,[2]
Di dieu mah tacan hipu bubuy batu[2]

Conto Rajah Panyinglar édit

Supaya Paré Ulah Ayeuh[2]

Mimiti Nyi Pohaci Sanghiang Sri[2]
jangkaring sahadat iman[2]
godong-godong kang adadi hurip[2]
akar iman witing pangawasa[2]
cahya mataholang réh[2]
kawasa pohaci iku[2]
Sri éling marang wit jangji[2]
élingkeun sari ing iman[2]
cat, jadi rahayu[2]
badan hurip reujeung nyawa[2]
dadi (h)urip sampurna[2]
nyawa ing hurip[2]
waras dadi waluya[2]
hérang lénggang nu ngalénggang[2]
matak nangtung Sri[2]
nu matak tiis[2]
rasa nu ngahurip hayu[2]
ngahuripkeun Nyi Pohaci Mayang Sri[2]

Referensi édit

  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 642
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag [permana, Ruswendi.[s.a] .Mantra jeung Pupujian(diktat kuliah). [s.l]:Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia]