Situs Batujaya nujul kana situs arkéologi (ruruntuk candi Buda) nu aya di wewengkon Désa Talagajaya (Kac. Pakisjaya) jeung Batujaya (Kac. Batujaya), Kabupatén Karawang, Jawa Kulon.

Candi Blandongan, salah sahiji candi di situs Batujaya, titinggal kaadaban Buda ti abad ka-6 nepi ka ahir abad ka-10.

Géografi situs

édit

Situs ieu sacara astronomis aya dina koordinat 107°09'17" - 107°09'03" Bujur Wétan jeung 6°06'15" - 6°16'17" Lintang Kidul. Sakumaha situs Cibuaya, situs Batujaya aya di Tanjung Karawang, dataran handap aluvial 4 m l.b.l. sarta kacondongan 2% (rélatif datar). Situs ieu jarakna satengah kiloan ti walungan Citarum.

Ékskavasi

édit

Situs ieu munggaran kapanggih taun 1984/1985 ku Jurusan Arkéologi FSUI, sarta nepi ka kiwari nu kagali geus nambahan nepi ka 24 kompléks wangunan kuna nu sakabéhna kapanggih di wewengkon pasir leutik nu ku urang dinya sok disebut unur. Unur-unur/situs ieu sumebar di wilayah dina radius 5 km. Ciri nu katémbong dina sababaraha profil, ringkel, sarta bagian-bagianana némbongkeun yén ieu téh ruruntuk wangunan candi. Ti 24 nu kapanggih tadi, kakara lima nu geus gembleng digali: tilu ruruntuk mangrupa wangunan suci (Unur Serut, Unur Jiwa, Unur Damar, Unur Balandongan) sarta hiji balong.

Unur Jiwa

édit
 
Candi Jiwa, salah sahiji candi di wilayah situs Batujaya nu pangheulana réngsé dibebenah.

Unur Jiwa ayana 200 m béh kulon-kaléreun tungtung Désa Segaran, Batujaya, 200 m kuloneun jalan Kaliasin.

Hasil ngali taun 1986 ku Arkéologi FSUI némbongkeun struktur wangunan pasagi ukuran 19x19 m nu jangkungna 4,7 m. Sanggeus dipugar katémbong yén sisi Unur Jiwa mibanda propil nu bentukna pelipit rata (patta), pelipit panahan (uttara), sarta pelipit satengah buleud (kumuda), tanpa tangga. Di luhureunana aya susunan bata ngabentuk bunderan nu diaméterna 6 m.

Unur Damar

édit

Unur Damar ayana béh wétan-kiduleun Unur Jiwa. Hasiil panalungtikan nunjukkeun yén situs ieu téh bentukna pasagi 20x20 m. Di sisi kulon-kaléreunana kawas aya penampil nu lébarna 4 m, lobana 17 lapis bata (jangkungna kira 85 cm).

Unur Balandongan

édit

Sigana Unur Balandongan mangrupa wangunan pangbadagna di kompléks situs ieu, ukuranana pasagi 24,2x24,2 m. Juru-juruna nyanghareup ka kalér, wétan, kidul, jeung kulon. Denah luarna pasagi, kalawan tangga di unggal sisi nu lébarna 1,6 m. Nilik bagian tengahna, sisi luar téh horéng mangrupa pinding nu kandelna 1,75 m. Di jerona aya "buruan" ukuran 17X17 m nu dasarna 2 méter luhureun tanah sabudeureunana, di tengahna aya wangunan deui nu ukuran sisina 9,2x9,2 m. Di ieu situs kapanggih ogé sababaraha votif tablét tina taneuh liat, amulét nu ngagambarkeun tokoh-tokoh agama Buda nu ukuranana 4x6x0,8 cm. Ogé kapanggih sababaraha prasasti (tina lambaran emas) nu eusina ajaran Buda.

Ajén sajarah

édit
 
Bata beureum nu ngawangun candi-candi Batujaya ngandung cangkang paré, nandakeun yén di ieu wewengkon geus aya budaya nyawah.

Dumasar kana analisis radiométri Karbon-14 artéfak-artéfak nu aya di Unur Balandongan, kronologi pangkolotna asalna ti abad ka-2 Maséhi, sedengkeun paling ngora ti abad ka-12. Tina hasil ieu, sigana mah candi-candi ieu téh diwangun abad ka-5-7, jaman karajaan Tarumanagara. Ku kituna, bisa dipastikeun yén situs ieu mangrupa situs candi pangkolotna di Indonésia mah.

Rujukan

édit
  • Bambang Budi Utomo. 2004. Arsitektur Bangunan Suci Masa Hindu-Budha di Jawa Barat. Kementrian Kebudayaan dan pariwisata, Jakarta. ISBN 979-8041-35-6
  • Percandian Batujaya, ti Wikipédia basa Indonésia per 19 Séptémber 2005.