Buka ménu utama

Wikipedia β

Palabuhan Sunda Kalapa taun 1890-1920

Sunda Kalapa nyaéta ngaran hiji kota palabuhan gedé/metropolis di pulo Jawa perenahna di muara walungan Ciliwung.[1] Anu caina tenang tur jero, dikokolakeun kalawan tartib.[2] Sunda Kalapa dicicingan ku rupa-rupa suku bangsa jeung étnis.[3]

Eusi

PedaranÉdit

Sunda Kalapa minangka cikal bakal kota Jakarta kiwari[3], mangsa harita Sunda Kalapa téh palabuhan dagang internasional anu ramé dijugjug ku kapal-kapal ti luar daérah anu ngadon balantik[3]. Malahan mah jauh saméméh datangna kolonial Éropa, Sunda Kalapa geus jadi puseur dagang hususna di wilayah Asia Tenggara.[3] Sunda Kalapa ogé hiji wilayah anu ngahubungkeun Karajaan Pajajaran (Karajaan Sunda) mangsa harita jeung nagara luar[4], patempatanna strategis jadi pangirut juljolna sodagar-sodagar dagang ti Èropa anu ngadon balantik rupa-rupa bungbu katut rempah-rempah séjén.[3] Palabuhan Sunda Kalapa perenahna di tungtung basisir beulah ti wétan Jakarta kiwari, ogé ieu kaasup tempat paling purba.[4]

SajarahÉdit

Datangna urang PortugisÉdit

Urang Portugis téh bangsa deungeun anu pangheulana datang ka nagara urang.[5] Dina abad ka 12 urang Portugis anjog ka wilayah palabuhan Sunda Kalapa anu mangsa harita aya dina kakawasaan karajaan Pajajaran (Karajaa Sunda).[5] Mangsa harita Portugis ngajak gawé bareng dina urusan dagang/balantik, ku rasa percaya jeung kahadéan haté karajaan Pajajaran anu harita kumawasa di Sunda Kalapa ieu pangajak téh ditarima.[5] Tapi dina kanyataana lila kalilaan urang Portugis nyieun codéka kana pangajakna sorangan, maranéhna hianat alatan boga maksud hayang ngawasa kana sakabéh urusan dagang (monopoli).[5]

Serangan FatahillahÉdit

Sunda Kalapa mibanda tempat anu strategis.[5] Ku ieu kaayaan pisan Sunda Kalapa jadi inceran karajaan-karajaan séjén di Nusantara, salah sihijina karajaan Demak.[5] Dina taun 1527 kalawan pinuh ku pangrojong ti Sultan Hasanudin, taya lian Fatahillah ngayakeun serangan pikeun ngarebut kakawasaan di Sunda Kalapa anu harita keur sicepeng ku urang Portugis.[5] Ngaliwatan politik gerilya serangan dilancarkeun ti tilu tempat (Cirebon, Banten, jeung Bogor) ngabuahkeun hasil Sunda Kalapa bisa beunang direbut, ieu hasil peperangan katelah ku sebutan "Jayakarta" hartina (kemenangan yang sempurna).[5] Ti wangkid harita Sunda Kalapa ogé disebut Jayakarta. [5] Sunda Kalapa anu geus ganti ngaran jadi Jayakarta kiwari aya dina kakawasaan Islam (Demak), masarakatna diaping ku ajaran-ajaran Islam dirojong ku juljolna pendakwah Islam anu datang ti India, Tiongkok, jeung Arab.[3]

Jalur SutraÉdit

Sunda kalapa geus ti baheula mula dipaké pikeun liliwatan (persinggahan) jeung kota dagang rempah-rempah bangsa Nusantara jeung bangsa Arab, Cina, katut India.[6] Sunda Kalapa ogé sok disebut aya dina jalur sutra, ku lantaran mangsa harita perdagangan sutra leuwih loba ngagunakeun jalan laut.[6] Sunda Kalapa ogé salah sahiji kota palabuhan jeung kota tujuan tina perdagangan barang-barang sutra.[6]

Sunda kalapa Mangsa KiwariÉdit

Palabuhan Sunda kalapa, kiwari masih kénéh dimangpaatkeun pikeun bongkar muat barang sok sanajan henteu ramé kawas baheula[4]. Kapal-kapal anu balabuh husus pikeun ngangkut komoditas lokal, kaayaan anu katempo masih tradisional anu matak nyoréang mangsa ka tukang nalika jaman VOC malahan jaman karajaan Sunda 800 taun ka tukang.[4] Mimiti abad ka 19, pamor palabuhan Sunda Kalapa mimiti morosot, kapa-kapal anu ngangkut rempah-rempah ti unggal daérah malahan luar nagara geus mimiti orot.[4] Sunda Kalapa dianggap geus teu mampu deui narima balabuhna kapal-kapal anu jumlahna mingkin loba tur mingkin gedé, komo deui sabada dibukana Terusan Suez dina taun 1869 anu bisa nyingket waktu balayar ti Éropa ka Asia.[4] Sunda Kalapa kiwari dikokolakeun ku "Palabuhan Tanjung Priok" anu mibanda tempat leuwih lega, modéren, jeung leuwih payus tur siap dina nyingareupan kamajuan jaman.[4]

Tempo ogéÉdit

Tutumbu kaluarÉdit

Dicutat tinaÉdit

  1. Winny Gunarti (2010). "Putri Ong Tien". Putri Ong Tien Kisah Perjalanan Putri China Menjadio Istri Ulama Besar Tanah Jawa. Yogyakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. pp. 22–30. ISBN 978-979-22-6213-1. 
  2. E. S. Ito (2007). "Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC". Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC. Jakarta: Hikmah. pp. 1–22. ISBN 978-979-114-009-7 Check |isbn= value (bantuan). 
  3. a b c d e f Abdurrahman Misno Bambang Prawiro (2016). "Antropologi Hukum Islam di Indonesia". Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. Yogyakarta: Deepublish. pp. 1–22. ISBN 978-602-401-227-9 Check |isbn= value (bantuan). 
  4. a b c d e f g Ade Mulyani (2002). "Napak Tilas Sajarah Jakarta". Panduan Wisata Tanpa Mal. Jakartaisbn=978-602-401-227-9: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 34. 
  5. a b c d e f g h i Ade Soekirno S. S. P. (2005). "Demak pikirkan keutuhan Sunda Kalapa". Pangeran Jayakarta: perintis Jakarta lewat sejarah Sunda Kelapa. Jakarta: PT Grasindo. pp. 1–22. ISBN 979-553-500-5. 
  6. a b c R.Z. Leirissa (1995). "Sunda Kalapa Menjelang Masa Sejarah". Sunda Kelapa Sebagai Bandar Jalur Sutra: Kumpulan Makalah Diskusi. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 1–22. 


 



Daftar pustakaÉdit

Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan