Tarawangsa cikalong
Tarawangsa Cikalong

Sajarah édit

Tarawangsa nyaéta waditra anu ayana leuwih kolot ti rebab, alat kését anu séjén.Naskah kuno Sewaka Darma yén ti awal abad ka-18 nyebutkeun ngaran tarawangsa téh sabagé waditra.Rebab aya di tatar Jawa sanggeus jaman Islam sakitar abad ka-15-16,[1] mangrupa pangaruh tina alat kését bangsaArab anu dibawa ku nu nyebarkeun Islam ti tatar Arab jeung India.[1] Sanggeus ayana rebab, tarawangsa biasana sok disebut rebab jangkung, sabab ukuran tarawangsa umumna leuwih jangkung tibatan rebab. Salian ti éta ogé pakakas kését ieu mangrupa pangaruh ti cina.[1].

Pintonan édit

Salaku waditra anu di kését, tangtuna waé tarawangsa dipaénkeuna ku cara dikését. tapi anu dikésétna ngan hiji nyaéta senar anu katuhu, sedengkeun anu kiwa mah dipetik ku curuk anu kiwa. tarawangsa ogé sok dibarengan ku jentréng nyaéta saperti kacapi.

Kasenian tarawangsa téh mangrupa kasenian ti Jawa Barat, nyaéta di daérah Rancakalong (Sumedang), Cibalong, Cipatujah (Tasikmalaya), Banjaran (Bandung), jeung Kanékés (Banten Kulon). Dina kasenian tarawangsa Cibalong, Cipatujah mah sok dibarengan ku calung rénténg, suling, jeung kawih. Tarawangsa dipaénkeun na dina laras pélog, disaluyukeun jeung jentréng anu geus di sistim laras pélog.

Kawih dinu Tarawangsa édit

Tarawangsa di Rancakalong miboga dua kelompok kawih, nyaéta kawih anu poko jeung kawih anu pilihan atawa kawih tambahan, anu kabéhanana laras pélog. Kawih pokona saperti Pangemat, Pangapungan, Pamapag, Panganginan, Panimang, Lalayaran, Bangbalikan. Ka tujuh kawih ieu mangrupa kawih poko, sabab anu mimiti diciptakeun jeung biasana sacara sakral pikeun ngondang Déwi Sri. Sedengkeun kawih pilihan atawa tambahan mah saperti, Saur, Mataraman, Iring-iringan (tonggérét), Jemplang, Limbangan, Bangun, Karatonan, Degung, Sirnagalih, Buncis, Pangairan, Déngdo, Angin-angin, Reundeu, Pagelaran, Ayun Ambing, Reundeuh Reundang, Kembang Gadung, Ondé, Legon (Koromongan), jeung Panglima.

Kawih-kawih tarawangsa di Rancakalong tangtuna waé leuwih loba tibatan kawih-kawih tarawangsa di Cibalong jeung Banjaran. Kawih-kawih tarawangsa nu di Cibalong di antarana nyaéta Salancar, Ayun, Cipinangan, Mulang, Manuk Héjo, Kang Kiai, Aleuy,jeung Pangungsi. Sedengkeun kawih-kawih tarawangsa di Banjaran diantarana nyaéta Pangrajah, Panimbang, Bajing Luncat, Pangapungan, Bojong Kaso, jeung Cukleuk.

Alat atawa pakakas poko tina kasenian tarawangsa nyaéta tarawangsa jeung jentréng. Numutkeun sistim klasipikasi Curt Sanchs jeung Hornbostel, tarawangsa diklasipikasikeun sabagé Chordophone, sub klasipikasi neck-lute, jeung jentréng ogé diklasipikasikeun kana Chordophone, sub klasipikasi zither. Sedengkeun nurutkeun cara maénkeunana tarawangsa diklasipikasikeun alat kését jeung jentreng diklasipikasikeun kana alat anu di petik. tarawangsa di jieun tina kai jéngkol, dadap, jeung muncang. Dina énsambel tarawangsa pungsina pikeun mélodi (maénkeun kawih), sedengkeun jentréng pikeun pangiring atawa anu mirig tarawangsa.

Seni Ormatan Tarawangsa édit

Di Rancakalong, Seni Ormatan Tarawangsa dibagi kanu dua katégori, nu kahiji nyaéta Tarawangsa pikeun pintonan seni biasa, dinu pintonan ieu biasana ngan ukur Tarawangsa jeung Jentréng nu di pintonkeun. Nu kadua, Tarawangsa pikeun ritual, saperti Ngalaksa, Mubur Suro, ogé acara Syukuran nu séjén na. Dinu Tarawangsa ritual, waditra Taraangsa jeung Jentréng dibarengan ku Saéhu pameget sareng saéhu istri, biasana dipintonkeun ti tabuh 7 wengi dugi ka tabuh 4 subuh.

Pungsina édit

Tarawangsa miboga pungsi nyaéta pikeun upacara anu patalina kana paré, misalna dina upacara Ngalaksa, pungsina pikeun ngungkapkeun rasa sukur ka Gusti pikeun hasil panén. Dina pagelaranana aya ibingan, nyaéta lalaki jeung awéwé. Anu ngibing dimimitian ku lalaki anu ngibing na saéhu/saman, disusul ku awéwéna. pancéna pikeun ngalungsurkeun Dewi Sri jeung karuhun. Saterusna anu nyakséni pagelaran ogé biasana sok milu ngibing. Ibing dina Tarawangsa teu aya aturan-aturan poko, iwal anu nari saéhu miboga simbol-simbol panghurmatan pikeun Dewi Sri. Ibing dina Tarawangsa teu ngan saukur ibingan pisik tapi ibingna aya pakuat-pakaitna jeung métapisik, saluyu kana kapercayaan anu ngibing. Jadi teu anéh upama anu ngibing Tarawangsa sok teu sadar (trance).

Catetan édit

  1. a b c Tarawangsa
 



Sumber rujukan édit

  • Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.