Villa Isola nyaéta salah sahiji wangunan di Bandung anu miboga nilai sajarah anu alamatna aya dina Jalan Dr. Setiabudhi Nomor 229, Kecamatan Sukasari, Kota Bandung, Jawa Barat.[1]

Sajarah édit

 
Villa Isola zaman baheula

Ngaran mimitina nyaéta "M'Isola E Vivo", anu hartina sorangan dina nyanghareupan kahirupan ku sabab di zaman éta, ieu billa aya di daérah asing anu ngaranna Desa Cidadap.[2]

Villa Isola baheulana nyaéta tempat istirahat anu eksklusip di Hindia Walanda. Dina sasih Désémber taun 1936, villa éta dibuka pikeun masarakat umum.[3]

Pangwangunan Villa Isola kaasup gancang ku sabab aya gawé bareng anu hadé di antawis biro arsiték, pangawas téknis, jeung para mandor sarta 700 pagawé wangunan. Villa Isola diwangun dina sasih Oktober taun 1932, teras réngsé dina sasih Maret taun 1933. Sanajan kitu, villa ieu diresmikeunana dalapan sasih saangeusnya nyaéta dina kaping 17 Désémber taun 1933. Dina zaman Walanda, villa ieu janten imah jeung kantor pikeun komandan divisi tentara Hindia Walanda anu boga wewenang di Kota Bandung. Dina zaman Jepang, villa ieu digunakeun pikeun markas tentara jeung gudang pakakas perang tentara Walanda anu direbut ku Jepang.

 

Arsitektur édit

Wangunan Villa Isola dijieun ku arsiték C.P. Wolff Schoemaker dina taun 1932. Villa éta téh janten tempat anu pamungkas dirancang ku anjeunna. Panwangunan dilaksanakeun ku Biro Arsitek dan Kontraktor Algemeen Ingenieur Architectenbureau. Nu janten pangawas téknis (sanés mandor) nyaéta D.W. Berretty, anjeunna ogé anu miboga wangunan anu badé dirombak. Gaya wangunanana nyaéta streamline moderne dengan elemen art deco. Hateupna rata jeung fasad wangunanana mangrupa lengkungan anu dina taun 1930-an teu acan kasohor kénéh. Wangunan-wangunan tiasa ditempo dina wangunan arsitek A.F. Aalbers. C.P. Wolff Schoemaker nyaéta salah saurang anu mukakeun jalan pikeun A.F. Aalbers.[4]

Wujud Villa Isola téh simétris, wujud anu nyimbolkeun wewenang jeung kahadéan. Ku sabab morfologi lahanna teu rata, aya lantai wangunan anu posisina leuwih handap ti jalan raya, sementawis éta, posisi lantai anu sanésna sajajar jeung jalan raya. Villa Isola miboga opat lantai, tilu lantai sajajar jeung jalan raya, ayu hiji deui leuwih handap ti jalan raya. Aya tilu lantai dina belah kalér, jeung aya opat lantai dina belah kidul.[5]

Lahan anu lega di sabudeureun wangunan dijadikeun taman anu berteras-teras jiga sengkedan dumasar kana topografi taneuhna. Sisi wangunan dijieun melengkung anu wujudna sarupa jeung saparapat lingkaran. Sementawis éta, rancangan wangunan, taman jeung unsur-unsurna miboga hiji wujud anu kompak nyaéta buleut. Arsitéktur wangunanana nyatu jeung alam dina sabudeureunana. Pembagian rohangan dumasar kana tipologi imah di Éropa. Lantai kahiji fungsina pikeun rohangan keur palayanan, tempat barudak maén, pangkéng pembantu, rohangan olahraga, dapur, gudang, tempat nyimpen minuman anggur, jeung tangga turun. Rohangan keur palayanan teu nyatu jeung wangunan utamana. Di lantai nu kadua, aya lobi keur tamu, rohangan tuang, kantor, pabukon, jeung jamban.[6]

Di lantai nu katilu aya pangkéng-pangkéng anu dindingna melengkung sarupa satengah lingkaran anu dihubungkeun jeung koridor dina belah kulon jeung wétan. Pangkéng anu aya di ujung koridor dilengkepan ku téras nu kabuka, wujudna sarupa saparapat lingkaran. Koridor diwangun pikeun nampi angin supados sejuk. Pangkéng utama nyanghareup ka belah kidul.[7]

Di lantai opat, aya pangkéng pikeun tamu, rohangan kulawarga, rohanagn pésta keung rohangan pikeun proyéktor film, jeung bar. Jalan asup ka kompleks Villa Isola aya dua nyaéta hiji panto utama anu aya di antawis dua kola (dina belah timur laut jeung tenggara Villa Isola) jeung hiji deui panto leutik anu aya dina belah kidul kolam ngaliwatan taman. C.P. Wolff Schoemaker dina ngarancang gerbang Villa Isola kapangaruh ku gaya arsitéktur Frank Lloyd Wright salaku arsiték ti Amerika Serikat.[8]

Di sabudeureun villa, aya tugu perguruan tinggi atikan guru anu diresmikeun ku Perdana Menteri Républik Indonésia Mr. Ali Sastroamidjojo dina kaping 20 Oktober taun 1954.[9] Nepi ka ayeuna, villa ieu masih kénéh alus, ayeuna janten kantor Rektorat Universitas Pendidikan Indonesia.[10]

Bumi Siliwangi édit

Dina taun 1954, Villa Isola dibeuli ku Kementerian Pengajaran Pendidikan dan Kebudayaan saharga 1,5 juta rupiah. Ngaranna ogé dirobah janten Bumi Siliwangi. Villa Isola robah fungsi janten kampus Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (PTPG) Bandung (ayeuna Universitas Pendidikan Indonesia). [11]

Parobahan jeung pangwangunan deui dimimitian dina kaping 20 Séptémber 1954. Wujud aslina teu dirobah, ngan saukur robah fungsi pikeun disaluyukeun jeung fungsina nu anyar salaku lembaga atikan, sanés imah tinggal deui. Téras-téras anu aya di tingkat tilu (lantai kaopat) jeung téras dina hateup wangunan ditambihkeun dinding jeung hateup pikeun rohangan kuliah. Saangeus éta, Bumi Siliwangi miboga lima lantai (aya opat tingkat).[12]

Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (PTPG) robah status janten Univérsitas dina kaping 1 Séptémber taun 1954. Taun 1961, PTPG diasupkeun ka  Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan (FKIP) Universitas Padjajaran. Dina kaping 11 Méi 1964, FKIP Unpad jeung Institut Pendidikan Guru atawa IPG anu didirikeun dina taun 1962 dihijikeun janten Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan (IKIP). Dina kaping 7 Oktober 1999, IKIP diresmikeun janten Universitas Pendidikan Indonesia (UPI). Pusat kagiatan akademik aya di dua tempat nyaéta di Bumi Siliwangi (Villa Isola) jeung di Jatinangor, Kapubatén Sumedang.[13]

Parobahan ngaran diresmikeun dina kaping 20 Oktober taun 1954 ku Mr. Mohammad Yamin salaku Menteri Pengajaran Pendidikan dan Kebudayaan basa éta.[11]

Dina taun 2010, UPI ngamimitian proyék ageung nyaéta Bumi Siliwangi dibéréskeun deui méh katinggal alus jeung hadé sapertos baheula anu ngaranna masih kénéh Villa Isola.[14]

Rujukan édit

  1. Media, Kompas Cyber. "Mengenal Villa Isola, dari Sejarah hingga Fungsi". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  2. Daniswari, Dini (Citakan:ISO date/fr2). "Mengenal Villa Isola, dari Sejarah hingga Fungsi". https://bandung.kompas.com/read/2023/10/12/184148278/mengenal-villa-isola-dari-sejarah-hingga-fungsi. Diakses pada 18 November 2023 
  3. Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. p. 274. 
  4. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 4. ISBN 978-979-419-586-4. 
  5. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 5. ISBN 978-979-419-586-4. 
  6. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. pp. 5–6. ISBN 978-979-419-586-4. 
  7. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. pp. 6–7. ISBN 978-979-419-586-4. 
  8. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 7. ISBN 978-979-419-586-4. 
  9. Reza, Muhammad Al Hafizh Putra. "Villa Isola Bandung: Sejarah Panjang Belanda, Jepang hingga UPI". jabarekspres.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  10. Bandung, Humas Kota. "Menilik Sejarah Villa Isola Bandung". bandung.go.id. Diakses tanggal 18 November 2023. 
  11. a b Tanzil, Hernadi. "BUKU BANDUNG (15): Perjalanan Panjang Villa Isola Melintasi Zaman". bandungbergerak.id. Diakses tanggal 18 November 2023. 
  12. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. pp. 65–66. ISBN 978-979-419-586-4. 
  13. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 77. ISBN 978-979-419-586-4. 
  14. Katam, Sudarsono; Abadi, Lulus (2015). Dari Villa Isola ke Bumi Siliwangi. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 103. ISBN 978-979-419-586-4.