Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal
Wawacan Iman Élmu Reujeung Amal anggitan Ba'ing (H.Mardjoeki), guru tarékat di Purwakarta nu pupus taun 1937. Ari seratanana diréngsekeun dina taun 1924. Dipublikasikeun (1978) ku murid muridna, nyaéta Drs.H.Said Raksakusumah jeung R.H.Hidajat Martalogawa anu milu kana pangajian Ba'ing dina taun 1933-1937. Ba'ing ngayakeun pangajian di imahna saminggu tilu kali. Dina poé Rebo jang umum, nu hadirna aya ratusna, lain urang Purwakarta baé, tapi ti tempat-tempat lianna anu deukeut ka dinya kayaning Pléréd, Jatisari, Dawuan jeung Pasawahan. Dina malem Salasa jeung malem Kemis, pangajian husus, nu hadirna paling réa ngan 15 urang[1].
Ba'ing ngajarkeun jeung ngalaksanakeun tarékat Naqsyabandiah. Nu dibacana Kitab Syarussalikin nu disusun ku Syékh Abdul Somad ti Palémbang dina basa Indonésia tapi ditulis ku aksara Arab[1]. Eusina tina Kitab ''Ihya Ulumuddin'' karya Al-Ghazali[1]. Nu milu kana pangajian maca éta kitab[1]. Nu dibacana heunteu réa, tapi keterangan Ba'ing ngeunaan nu dibaca téa sok panjang lebar, jero, dina basa Sunda nu tétéla sarta gampang kahartina ku ngabandungan. Sababada Ba'ing pupus, di Purwakarta euweuh deui guru tarekat[1].
Wawacan ngeunaan agama Islam dina basa Sunda réa, tapi umumna mangrupa pedaran éleméntér ngeunaan hukum(pikih), atawa sajarah(tarih), sering eusina heunteu ngaleunjeur. Nu matak ''Wawacan Iman,Élmu Reujeung Iman'' beunang Ba'ing karasa istiméwa[1].
Rujukan
éditArtikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |