Al-Ghazali
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Abū Ḥāmid Muḥammad ibn Muḥammad al-Ghazālī (basa Pérsia: ابو حامد محمد ابن محمد غزالی; leuwih dipikawanoh ku ngaran Al-Ghazali atawa Al-Ghazzal; di dunya kulon pertengahan mah ngaranna dipikawanoh minangka Abuhamet jeung Algazel; gelar Hujjatul Islam; ti taun 1058 – 1111)[1][2] nyaéta saurang pamikir tur praktisi atikan anu icikibung ku cara langsung.[1] Téologi atawa élmu kalam jeung filsafat ogé mangrupa élmu anu diteuleuman ku anjeunna.[1] Ninggang mangsa di ahir hayatna, Al-Ghazali ninggalkeun sagala panalungtikanna anu saterusna éstuning tasawuf anu jadi pacekelan nyatana jalan Sufi téa anu dipilihna.[1]
Lalakon Kahirupan
éditAl-Ghazali gumelar di Ghazaleh, hiji désa di deukeut Tus di daérah Khurasan (Pérsia) dina taun 1058 Maséhi.[1] Anjeunna katurunan persia ogé patula-patali jeung kulawarga raja-raja Saljuk anu maréntah daérah Khurasan, Jibal, Irak, Jazirah, Pérsia jeung Ahwaz.[1] Kolotna digaé minangka tukang mintal wol anu dina basa Arab disebut gazzal.[1] Bapana jalma miskin anu jujur, hirup tina usaha mandiri, jeung anjeunna mindeng pisan ngadatangan ka bumi para 'Alim ulama, tolab élmu jeung migawé hadé ka aranjeunna.[1]
Atikan
éditAl-Ghazali boga saurang adi anu ngaranna Ahmad, duanana jadi ulama agung jeung pengagum sarta nu mikacinta élmu.[2] Ku berkahna pitulung saurang sufi basajan jeung saeutik harta anu diwariskeun ku kolotna, Al-Ghazali jeung dulurna abus Madrasah Tingkat Dasar (Madrasah Ibtidaiyah) jeung nyangkem élmu-élmu dasar.[2] Guruna anu utama di madrasah éta nyaéta Yusuf Al-Nassaj, saurang sufi anu saterusna ngaranna disebut ogé Imam Al-Haramain, Al-Nassajlah anu mimiti pisan neundeun dasar-dasar pamikiran sufi dina diri Al-Ghazali.[2] Al-Ghazali diajar élmu fiqih, mantiq, ogé ushul.[2]
Anjeunna ogé diajar filsafat tina risalah-risalah ikhwanusshofa karangan Al-Farabi jeung Ibnu Maskawaih, ku kituna ngaliwatan ajaran-ajaran ahli filsafat éta, Al-Ghazali bisa neuleuman paham-paham Aristotélés ogé pamikir Yunani nu lianna.[2] Anjeunna ogé diajar ajaran Islam ti imam Syafi'i, Haramlah, Jambad, Al-Muhasibi, jeung lain-lain. Al-Ghazali ogé guguru ka imam Abu Ali Al-Faramzi, murid Al-Qusyairi anu kawentar jeung sahabat Al-Subkhi, anjeunna miboga jasa anu gedé dina ngajarkeun élmu tasawuf ka Al-Ghazali.[2] Hiji Mangsa, Al-Ghazali iilueun dina padungdengan jeung sakumpulan ulama ogé para intelék anu dihadiran ku Nidham AlMulk.[2]
Karya-Karya Al-Ghazali
éditKelompok Filsafat jeung Élmu Kalam
édit- Maqashid al-Falasifah (tujuan para filosof)[2]
- Tahaful al- Falasafah (karancuan para filosof)[2]
- Al-Iqtishad al-I'tiqad (moderasi dina aqidah)[2]
- Al-Munqidz min al-Dhalal (pangbébas tina kasesatan)[2]
- Al-Maqashidul asna fii m'aani asmaaillah al-Husna (harti ngran tuhan anu Hasan)[2]
- Faishalut tafriqoh bainal Islam wa al-zindiqah (bebédaan antara Islam jeung zindiq)[2]
- Al-Qishasul Mustaqiin (jalan pingeun ngabéréskeun pasalingsingan pangedalan)[2]
- Al-Mustadhiri (pajéntréan-pajéntréan)[2]
- Hujaitul Haq (argumén anu bener)[2]
- Mufsilul khilaf fi ushuluddin (misahkeun pasalingsingan danal ushuluddin)[2]
- Al-Muntahal fi'ilmi jidal (tata cara dina élmu sawala)[2]
- Al-Madhnun bin'Ala ghairi ahlihi (persangkaan kana lain ahlina)[2]
- Mahkum nadhlar (metodologika)[2]
- Asraar"Ilmi al-ddin (rusiah élmu agama)[2]
- Al-Arba'in fi ushuluddin (40 masalah ushuluddin)[2]
- Iljam al-awam 'an al-ilmil al-kalam (ngahalangkeun jalma awam tina élmu kalam)[2]
- Al-Qulu al-jamil fi ar-ar-Raddi 'ala man ghayar al-Injil (kecap anu hadé pikeun jalma-jalma anu ngarobah injil)[2]
- Mi'yaaru al-'Ilmi (timbangan élmu)[2]
- Al-Intishar al-lam (rusiah-rusiah alam)[2]
- Isbatun Nadhlar (ngantebkeun logika)[2]
Kelompok Élmu Fiqih jeung Ushul Fiqih
édit- Al-BBasith (babalas anu mijero)[2]
- Al-Wasith (parantara)[2]
- Al-Wajiz (surat-surat wasiat)[2]
- Khulashatu al-Mukhtashar (intisari ringkesan karangan)[2]
- Al-Mustasufa (petingan)[2]
- Al-Mankhul (adat kabiasaan)[2]
- Syifahul 'Aah fi al-Qiyas wa at-Ta'liil (panyageur anu hadé dina qiyas jeung ta'alil)[2]
- Adz-Dzari'ah ila Makaarim asy-Syari'ah (jalan kana kamulyaan syari'ah)[2]
Kelompok Élmu ahlak jeung tasawuf
édit- Ilya 'Ulum al-Ddin (ngahirupkeun deui élmu-élmu agama)[2]
- Mizan al-Amal (timbangan amal)[2]
- Kimiyaa as-Sa'aadah (kandungan kebagjaan)[2]
- Misykaat al-Anwar (relung-relung cahya)[2]
- Minhaaj al-Abidin (tetekon ibadah)[2]
- Ad-Dharar al-Fakhirah fi kasyfi 'ulum al-Khirah (mutiara panyikap ahérat)[2]
- Al-Layyini fi al-Wahdah (leuleus-leuleus dina kasatuan)[2]
- Al-Qurabah 'Azza Wazalla (ngadeukeurkeun diri ka Allah)[2]
- Ahlu Al-abrar wa An-Najaat min Al-Asraar (ahlak anu lempeng keung nyelametkeun tina kagoréngan)[2]
- Bidaayat Al-Hidayah (ngamimitian meunangkeun pituduh)[2]
- Al-Mabadi wa Al-Ghaayah (ngamimitian jeung tujuan)[2]
- Talbis Al-Iblis (tipu daya syaithan)[2]
- Nasihat Al-Mulk (nasihat pikeun raja-raja)[2]
- Al-'Uhum Al-Laduniyyah (élmu-élmu ladunia)[2]
- Al-Risalah Al-Qudsyih (risalah suci)[2]
- Al-Makhadz (tempat panyokotan)[2]
- Al-Amali (kamuliaan)[2]
Kelompok Élmu Tafsir
éditRujukan
édit- ↑ a b c d e f g h Heri, Totong. 2008. Pemikiran Al-Ghazali Tentang Pendidikan. Jakarta: UHAMKA.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc Suyitno, Y. 2009. Tokoh-tokoh Pendidikan Dunia (dari dunia timur, timur tengah dan barat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.