Anékdot nyaéta carita anu pondok pisan, teu diruka-réka, ngeunaan hiji kajadian.[1] Umumna mimitina mah lisan, pikaresepeun sabab sakapeung sok sari guguyon.[1]Biasana ngeunaan hiji jalma (tokoh), mangrupa petikan tina pangalaman.[1] Disebut di dieu sabab sok aya disebut dina kritik.[1] "carpon anékdotal", maksudna carpon anu kurang asak ngolahna, karasa kénéh sampalan tina pangalaman.[1]

Anékdot mangrupa carita lucu, sarta lucu rélatif. Naon anu disangka pikaseurieun ku hiji jalma tiasa sanés anu disangka pikaseurieun ku batur. Ieu dipangaruhan ku atikan, umur, status sosial, lingkungan, jeung kaayaan haté.[2] Aya ogé anu nyebutkeun anékdot téh carita pondok rékaan anu pikalucueun atawa pikaseurieun, ieu carita teu perlu dipercaya alatan teuaya sarta moal aya dina kanuatanyataan.[3] Rupa-rupa anékdot kayaning : carita, puisi,karikatur, mémé, vidéo, téater, komik, lukisan, pantomime, anekdot satire, motivasi, religieus, jeung sajabana.[3]

Ciri-ciri anékdot

édit

Aya sababaraha ciri anekdot:

  1. carita, puisi, pondok anu diwangun ku paumpamaan, mangrupa dongéng anu diréka-réka dibarung jeung carita anu nyata
  2. mintonkeun carita ti para inohong jeung tokoh masarakat atawa pagawé pamaréntahan
  3. heureuy anu dimaksudkeun nyindiran, ilahrna ngeunaan kajadian sosial, pulitik, pamaréntahan, jeung sajabana anu jadi rusiah balaréa.
  4. mibanda sipat ngiritik, pikaresepeun, lucu jeung sajabana[4][5]

Etimologi

édit

Kecap anékdot (dina basa Yunani: ἀνέκδοτον "teu diterbitkeun", hartina "henteu dibikeun") asalna tina Procopius of Caesarea, biografi Kaisar Justinian I (r. 527–565). Procopius dihasilkeun c.550 CE hiji karya nu judulna Ἀνέκδοτα (Anékdota, ditarjamahkeun rupa-rupa Memoirs Unpublished atawa salaku Sajarah Rahasia), nu utamana diwangun ku kumpulan kajadian pondok tina kahirupan pribadi pangadilan Bizantium. Saeutik demi saeutik, istilah "anékdot" dilarapkeun[9] kana dongéng pondok naon waé anu dipaké pikeun ngantebkeun atawa ngagambarkeun naon waé anu hayang ditepikeun ku pangarang. Dina konteks humor Yunani, Éstonia, Lituania, Bulgaria jeung Rusia, anekdot ngarujuk kana sagala carita humor pondok tanpa merlukeun asal faktual atawa biografis.[6]


Rujukan

édit
  1. a b c d e Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 16. 
  2. Setiyaji, Achmad (2005). Anekdot Tak Lucu Gaya Baghdad: Cataran Wartawan di BaghdadSetiyaji. Jakarta: DAR! Mizan. p. 15. ISBN 9789797521196.  Disungsi 21 Juli 2024
  3. a b Setiyaji, Achmad (2005). Mengenal lebih dekat "Putu Wijaya, sang teroris-mental" dan pertanggungjawaban proses kreatifnyaSetiyaji. Jakarta: DAR! Mizan. p. 15. ISBN 9789797521196.  Disungsi 21 Juli 2024
  4. AF’IDAH DAN SILVIA SRI, MILLAH (2020). TEKS ANEKDOTAF’IDAH DAN SILVIA SRI. Jakarta: Guepedia. p. 38. ISBN 9786232516663.  Disungsi 21 Juli 2024
  5. Amelia S, Yuli (2020). Bahan Ajar Teks AnekdotAmelia S. Jakarta: Guepedia. p. 25.  Disungsi 21 Juli 2024
  6. Knörrich, Otto (1981). "Die Anekdote". Formen der Literatur in Einzeldarstellungen. Stuttgart: Alfred Kröner. p. 15.