Antanan
Antanan | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | C. asiatica
|
Ngaran binomial | |
Centella asiatica |
Antanan (Centella asiatica) nyaéta jinis tutuwuhan "liar" anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh.[1][2] Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara, kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka nagara-nagara séjén.[1][3]
Saprak jaman baheula, antanan geus dipaké pikeun ubar kulit, gangguan saraf sarta ngabenerkeun sirkulasi getih. Masarakat Sunda Jawa Kulon mikawanoh tutuwuhan ieu minangka salah sahiji pepelakan pikeun lalab.[1]
Ngaran Lokal
éditTuwuhan ieu disebut pegaga (Acéh), daun kaki kuda (Malayu), gagan-gagan, rendeng (Jawa), taidah (Bali) sandanan (Irian), broken copper coin, buabok (Inggris), paardevoet (Walanda), gotu kola (India), ji xue cao (Hanzi).[1]
Jinis-jinis antanan
éditAntanan mangrupa tutuwuhan ubar taunan anu tumuwuh ngarambat sarta kembangan sapanjang taun. Jinis antanan anu réa katimu nyaéta antanan beureum jeung antanan héjo. Antanan beureum dipikawanoh ogé ku sebutan antanan kebon atawa antanan batu alatan réa kapanggih di wewengkon nu loba batuna, garing sarta negrak. Antanan beureum tumuwuh ngarambat ku stolon sarta henteu miboga tangkal, tapi miboga rhizoma. Sedengkeun antanan héjo mindeng réa katimu di wewengkon pasawahan sarta disela-sela jukut. Tempat anu dipikaresep ku antanan héjo nyaéta tempat nu rada beueus sarta negrak atawa rada kaiuhan. Sajaba ti éta, aya opat tuwuhan nu mirupa antanan nyaéta antanan kembang, antanan beurit, antanan gunung sarta antanan cai.[1][4]
Kandungan
éditAntanan Centella Herba mibanda kandungan asiaticoside, thankuniside, isothankuniside, madecassoside, brahmoside, brahmic acid, brahminoside, madasiatic acid, meso-inositol, centelloside, carotenoids, hydrocotylin, vellarine, tanin sarta garam mineral kawas kalium, natrium, magnésium, kalsium sarta beusi. Glikosida triterpenoida anu disebut asiaticoside dianggap mangrupa antilépra sarta ubar tatu anu pohara ampuh. Zat vellarine anu dikandung ngahasilkeun rasa pait.[1]
Sipat sarta mangpaat
éditAntanan rasana amis, boga sipat niiskeun, mibanda fungsi ngaberesihkeun getih, ngalancarkeun sirkulasi getih, ngalancarkeun kiih (diuretika), nurunkeun panas (antipiretika), ngeureunkeun pendarahan (haemostatika), ngaronjatkeun saraf ingetan, anti baktéri, tonik, antispasma, antiinflamasi, hipoténsif, inséktisida, antialergi sarta stimulan. Saponin anu dikandung ngahalangan produksi jaringan urut tatu anu kaleuleuwihan (nahan lumangsungna kloid)
Mangpaat antanan séjénna nyaéta ngalancarkeun sirkulasi getih dina leungeun sarta suku; nyegah varisés sarta salah urat; ngaronjatkeun daya inget, méntal sarta stamina awak; sarta nurunkeun gejala strés sarta déprési.
Lolobana antanan didahar atah pikeun lalab, tapi aya anu digaringkeun pikeun dijadikeun entéh, dicokot sarina pikeun dijieun kapsul atawa dikokolakeun jadi krém, salep, ubar jarawat, atawa body lotion.[2]
Dicutat tina
édit- ↑ a b c d e f Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226.
- ↑ a b Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019.
- ↑ Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 19. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020.
- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. p. 3. Diakses tanggal (disungsi – 28 Mei 2021).
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Antanan. |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Tumbu ka luar
édit- Pegagan LIPI Archived 2010-09-10 di Wayback Machine
- Christophe, Wiart (January 2006). Medicinal Plants Of The Asia-pacific: Drugs For The Future?. World Scientific. ISBN 9789814480338.