Barakuda
Barakuda | |
---|---|
Barakuda, Sphyraena barracuda. | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | Sphyraenidae
|
Génus: | Sphyraena Klein, 1778
|
Spésiés | |
Sphyraena |
Barakuda nyaéta lauk dina kelas Actinopterygii nu dipikawanoh wangunna pikasieuneun sarta ukuran awakna badag.[1] Barakuda nyaéta lauk laut ti genus Sphyraena, hiji genus dina kulawarga Sphyraenidae nu dingaranan ku Constantine Samuel Rafinesque taun 1815.[2] Sarta geus kapanggih dina sagara tropis jeung subtropis di sakuliah dunya mimiti ti wates wétan Laut Atlantik ka Laut Beureum sarta Laut Karibia.[3]
Pedaran
éditAya sakitar 20 spésiés lauk barakuda kulawarga Sphyraenidae ordo Perciformes.[4] Barakuda aya di sakuliah wewengkon tropis jeung subtropis, aya ogé nu sakitar wewengkon iklim sedeng.[4] Awakna ramping, kalayan sisitna leutik, dua cécépét tonggong nu misah, rahang handap nu nonjol, sarta sungut badag kalayan huntuna badag jeung seukeut.[4]
Barakuda kahakanan utamana ngahakan lauk, ngincer lauk nu leuwih leutik ti manéhna.[4] Barakuda mangrupa lauk galak sarta dianggap lauk nu pikasieuneun, poténsi ngabahayeun ka manusa.[4] Barakuda nu badag pernah nyerang manusa nu keur ngojay.[4]
Penting pikeun manusa
Barakuda geus kalibet dina kasus karacunan ciguatera.[5] Keracunan ciguatera dilantarankeun ku bioakumulasi ciguatoxins dina daging lauk laut tropis.[5] Ciguatoksin diproduksi ku dinoflagellata laut nu tumuwuh napel dina alga laut sarta meureun dihakan ku lauk hérbivora.[5] Jalma-jalma nu karacunan ngalaporkeun panyakit gastrointestinal nu kaalaman, gajalana leuleus leungeun jeung suku sarta teu bisa ngabédakeun antara panas jeung tiis, gajalana bisa sababaraha minggu.[5]
Konsérvasi
Barakuda teu kadaptar minangka sato langka atawa ditangtayungan ku World Conservation Union (IUCN).[5]
Distribusi Géografis
Sumebar di sakuliah dunya di parairan deukeut basisir tropis sarta subtropis (30 ° Kalér - 30 ° Kidul), ilaharna di Samudera Atlantik kulon ti Massachusetts (AS) ka Brasil.[5] Kapanggih ogé di Teluk Méksiko sarta Laut Karibia jeung Samudra Atlantik wétan, Indo-Pasifik sarta Laut Beureum.[5] Jarang atawa euweuh di wilayah Samudera Pasifik bagéan wétan.[5]
Habitat
Barakuda ilaharna aya di deukeut tarumbu karang, jukut laut sarta bakau.[5] Maranéhna ogé aya di samudera kabuka, nu hirup utamana di atawa deukeut beungeut samudra, sakapeung kapanggih aya di 100 méter jerona.[5] Barakuda leuwih resep nyorangan tapi sakapeung kapanggih keur ngabring saeutik di luhureun tarumbu sarta di handap.[5]
Paripolah
éditBarakuda marupa prédator nu galak, kacepatan ngarontok mangsana nepikeun ka 27 mph (43 km/h).[6]
Barakuda nyaéta spésiés nu sok kompétitif sarta mindeng katempo parebut hakaneun jeung tenggiri, julung-julung sarta sakapeung jeung lumba-lumba. .[3]
Barakuda sipat baranghakanna oportunistik, ku sabab éta mindeng ngahakan sagala nu aya di hareupeunnana.[3] Lauk ieu teu réwél nalika datang mangsana baranghakan atawa lapar.[3]
Interaksi jeung manusa
éditSerangan barakuda ka manusa jarang kajadian.[5] Mun kajadian nyerang atawa nyampeurkeun, manéhna kataji ku benda nu ngagurilap saperti péso panyelam.[5] Serangan barakuda ka manusa nu ngabahayakeun jarang kajadian.[5] Taun 1947, serangan ka manusa di Key West dikaitkeun kalayan ku barakuda, terus kasus lain di basisir Karolina Kalér taun 1957.[5]
Serangan barakuda nu didokumétasikeun kalayan hadé kajadian ka saurang purah nyelam di Basisir Pompano, Florida dina taun 1960.[5] Panyelam digégél dua kali, sarta ngabalukarkeun tatu nu kudu dikaput 31 kaputan.[5] Tapi, serangan siga kitu jarang kajadian lamun urang nyaho jeung ngalakukeun cara nyingkahan nu basajan.[5]
Hiji kajadian ngalaporkeun barakuda ngajleng keluar tina cai sarta ngabalukarkeun saurang olahragawan kayak tatu,[7] tapi ceuk Jason Schratwieser, direktur International Game Fish Association, nyebutkeun yén tatu éta dibalukarkeun ku lauk houndfish.[8]
Sabagé dahareun
éditGeus aya kajadian kasus karacunan ciguatera ngadahar salah sahiji spésiés barakuda.[9] Maranéhna nu geus didiagnosis karacunan nunjukkeun gajala gastrointestinal, awak laleuleus sarta teu bisa ngabédakeun panas jeung tiis sacara épéktip.[10]
Dicutat tina
éditWikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Sphyraenidae . |
- ↑ Humann, P.; Deloach, N. (February 2002). Reef Fish Identification, Florida, Caribbean, Bahamas, 3rd edition. Jacksonville, Florida, USA: New World Publications, Inc. pp. page 64. ISBN 1-878348-30-2.
- ↑ N. Bailly (2015). "Sphyraenidae Rafinesque, 1815". World Register of Marine Species. Diakses tanggal 6 April 2017.
- ↑ a b c d Millburn, N. "The Great Barracuda's Diet". Animals - PawNation. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-12-03.
- ↑ a b c d e f "barracuda-fish". britannica.com. Diakses tanggal 2017-05-18.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r "barracuda". Florida Museum of Natural History Ichthyology Department. Diakses tanggal 2017-05-18.
- ↑ Martin, R.A. "What's the Speediest Marine Creature?". ReefQuest Centre for Shark Research.
- ↑ Fletcher, P. (2010年). "Jumping barracuda injures kayaker off Florida Keys". Reuters. http://www.reuters.com/article/idUSTRE69H4C320101018
- ↑ Fleshler, D. & Ortega, J. (2010年). "Leaping fish punctures lung of woman kayaking in Keys". Sun Sentinel. http://articles.sun-sentinel.com/2010-10-18/news/fl-barracuda-bite-20101018_1_kayaking-big-fish-houndfish Archived 2014-04-14 di Wayback Machine
- ↑ "Hazard, Market, Geographic and Nomenclature Information for Great Barracuda". Regulatory Fish Encyclopedia (RFE). U.S. Food & Drug Administration. 2002. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2003-02-26. Archived 2003-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "Barracuda Fish Facts". AtlanticPanic.