Ampa
Ampa | |
---|---|
Lauk ampa, Puntius orphoides, dari Mandalamekar, Jatiwaras, Tasikmalaya | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | P. orphoides
|
Ngaran binomial | |
Puntius orphoides (Valenciennes, 1842)[1]
| |
Sinonim | |
Barbus rubripinna van Hasselt, 1823 (nomen nudum) |
Ampa; Beureum panon; sisik milik; mata merah (id) (Puntius orphoides) nyaéta lauk cai darat anu asalna tina kulawarga Cyprinidae. Ieu lauk hirup kalayan nyebar di wewengkon Indocina jeung kapuloan Sunda[3].
Ngaran daérah
éditLauk ieu miboga ngaran daérah saperti: maroca, marococa, wadonan (Btw.); brek, pekiseh, lunjar, wader (Jw); jeung sisik milik, ampa (Sd.)[4]. Di Tasikmalaya, Lauk ieu ogé dipikawanoh salaku lauk beureum panon (Sd.: mata merah).
Dina basa Inggris, ieu lauk dipikawanoh ku ngaran Javean Barb.
Ciri mandiri
éditLauk ieu awak sedeng, panjang total nepika 250 mm. Gurat sisi aya 31-34 siki. 5-5½ sisit di antara mimiti sisit dorsal aya gurat sisina. Puhu buntut dikurilingan ku 16 sisit. Jari-jari heuras (cucuk) anu panungtung dina cécépét dorsal rérégéan 30, lemes. Cécépét buntut tungtung luhur jeung handap kelirna hideung; gurat hideung dina puhu buntut. Lauk nu ngora kénéh katempo tina sisitna mibanda kelir leuwih kolot.[3]
Jangkung awak 2½ nepikeunka ampir 3 kali dibandingkeun jeung panjang standar (tanpa sirip ekor). Panjang huluna 3,2 – 4 kali dibandingkeun jeung panjang standar. Mata 4-6 kali leuwih pondok tibatan panjang huluna. Rumus cécépét dorsal IV (jari-jari heuras).8 (jari-jari leuleus); cécépét bujur III.5; sirip dada I.14-16; dan sirip perut I.8. Cécépét beuteung leuwih purek tibatan cécépét dada, henteu nepi ka bujurna;anus.[4]
Kabiasaan hirup
éditLauk Ampa dipiwanoh lauk karnivora kahakanan sabangsaning gegeremet, tutut jeung sajabana. [5]. Ilaharna lauk ampa kapanggih hirup di susukan, bendungan jeung situ; gan remen ogé kapanggih hirup di balong sanajan henteu dipelak.
Sagigireun diarah pikeun lauk konsumsi, kiwari lauk ampa ogé dipiara sabagé lauk hias.
Jinis anu sarupa
éditHampal atawa (Hampala macrolepidota) ibanda pola kelir méh sarimbag. Ngan hampal mibanda awak anu leuwih panjang, monyongna leuwih méncos, sisit-sisit anu katembongleuwih badag, sarta mibanda belang hideung dipalebah beuteungna (lauk ampa mah aya gurat hideung dina puhu buntutna).
Dicutat tina
édit- ↑ FishBase: Puntius orphoides (Valenciennes, 1842)
- ↑ Cuvier, G. and A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, to. XVI: 193. Paris :Chez F. G. Levrault.
- ↑ a b Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonésia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 59.
- ↑ a b Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III: 194-5. E.J. Brill. Leiden.
- ↑ Umar, C., S. Makmur, & DWH. Tjahjo. 2007. Kebiasaan makan beberapa jenis ikan dan relung ekologi di Danau Sentani, Papua[tumbu nonaktif]. Torani 17 (2): 93-99, Juni 2007
Tutumbu ka luar
édit- Seriously Fish: Puntius orphoides
- EoL: Puntius orphoides
- Derbang (Puntius orphoides)