Ceremé
Tangkal ceremé jeung buahna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Spésiés:
P. acidus
Ngaran binomial
Phyllanthus acidus
Sinonim

Phyllanthus distichus Müll.Arg.
Cicca acida Merr.
Cicca disticha L.
Averrhoa acida L.

Ceremé atawa caremay nyaéta ngaran sarupaning tatangkalan anu rasa buahna haseum.[1] Buah anu haseum ieu dipikawanoh ogé kalawan ngaran-ngaran séjén kawas ceremoi (Acéh), chermai (Malaysia), karmay (Ilokano, Filipina), mayom (Thailand) sarta nu séjén-séjén. Dina basa Inggris ieu tangkal dingaranan Otaheite gooseberry, Malay gooseberry jeung sawatara sebutan anu séjén. Ngaran ilmiahna nyaéta Phyllanthus acidus.[2][3]

Gambaran

édit
 
Buah di tangkalna

Tangkal leutik kalayan jangkungna nepi ka 9 m, boga dahan nu pondok sarta renggang.

Mangpaat

édit
 
Lukisan ceremé nurutkeun Blanco

Buah ceremé mindeng didahar atah dicampur gula, uyah atawa dirujak. Ceremé ogé mindeng dijieun manisan, dikulub atawa dijieun inuman panyeger. Daun ngorana dipaké lalab.

Kuluban akar ceremé dipaké pikeun ngurangan kasakit bengék sarta ngubaran panyakit kulit. Bahan panyamak ogé dihasilkeun tina kulit akarna.

Tangkal ceremé mindeng dipelak minangka pangiuhan atawa hiasan pakarangan jeung taman. Tangkal ieu bisa tumuwuh di wewengkon tropis sarta subtropis, mikaresep tempat anu beueus nepi ka luhurna kira 1.000 m luhur beungeut laut. Ceremé bisa dibudidayakeun ngaliwatan melak siki atawa cara sték.

Sumebarna

édit

Ceremé dianggab asalna ti Madagaskar. Kiwari ceremé geus sumebar ka réa wewengkon tropis kawas di Asia Tenggara (Viétnam kidul, Laos, Indonésia sarta Malaysia bagian kalér), kapuloan-kapuloan Mauritius, Reunion sarta Rodrigues di Samudra India, sarta di Guam, Hawaii jeung sawatara kapuloan séjén di Samudra Pasifik.

Dina taun 1793, pepelakan ieu dibawa ka Jamaika ti Timor; sarta saprak harita sumebar ka sakumna kapuloan Karibia, dituluykeun saterusna ka Amérika Tengah sarta Kidul.

Tangkal nu sadulur

édit

Ceremé dulur deukeut tangkal malaka (Phyllanthus emblica) sarta meniran (P. niruri); duanana nyaéta tutuwuhan anu dijieun ubar.

Rujukan

édit
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
  1. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  2. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  3. HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. p. 63.  Disungsi26 April 2021