Departemén jeung téritori peuntas laut Perancis

Téritori peuntas laut Perancis ngarah ka dieu. Pikeun nu milih Parlemén Éropana, tingali Téritori Peuntas Laut Perancis (pamilih parlemén Éropa)

Departemén jeung Téritori Peuntas Laut Perancis (Basa Prancis: départements et territoires d'outre-mer, biasana disebut DOM-TOM [dɔmtɔm][1]) diwangun ti wewengkon nu diadministrasi ku Perancis di luar buana Éropa. Téritori-téritori ieu miboga rupa-rupa status hukum jeung tingkat otonomi nu bébéda, sanajan sakabéhna miboga pawakilan di Parlemén Perancis (iwal nu taya padumuk permanénna), jeung ku kituna miboga hak pilih dina pamilu Parlemén Éropa. Departemén jeung Téritori Peuntas Laut Perancis ngawengku wewengkon pulo-pulo di samudra Atlantik, Pasiifik, jeung Hindia, Guiana Perancis di basisir Amérika Kidul, jeung sababaraha pulo-pulo periantartika ogé klaimna kana Antartika. 2.685.705 urang midumukan Departemén jeung Téritori Peuntas Laut Perancis dina Januari 2011.[2]

Departemén jeung téritori peuntas laut Perancis sarta klaimna di Antartika

Artikel ieu mangrupa bagian dina séri
Babagian administratif Perancis

(kaasup Région peuntas laut)

(kaasup Departemén peuntas laut)

Komunitas Urban
Komunitas aglomerasi
Komunitas komune
Sindikat Aglomerasi Anyar

Komune nu kaasosiasi
Arrondissement kotamadya

Nu séjén dina Perancis Peuntas Laut

Koléktivitas peuntas laut
Koléktivitas Sui generis
Nagara peuntas laut
Téritori peuntas laut
Pulo Clipperton

Kotak ieu: temposawalaédit
Bandéra Mentri Perancis Peuntas Laut

Sacara hukum jeung administratifna, departemén béda pisan jeung téritori: dumasar kana konstitusi Perancis, hukum jeung régulasi Perancis umumna dipakékeun (perdata, pidana, adminstratif, sosial, pajak, jsb.), di departemén kawas di dartan utama. Tapi, hukum jeung régulasi katangtu bisa digunakeun pikeun kaayaan spésifik. Di téritori, prinsipna kabalikannana: téritori diparéntah ku statuta otonomi nu mungkinkeunnana pikeun nyieun hukumna sorangan, iwal pikeun sababraha widang (saperti patahanan, hubungan internasional, mata uang jeung padagangan internasional, hukum pangadilan jeung administratif), sakumaha disadiakeun di statuta otonomina, nu ditangtukeun ku pamaréntah puseur.

Téritori, métropolitan, atawa Perancis peuntas laut nu didumukan, miboga pawakilan di Majelis Nasional Perancis sarta Sénat Perancis. Téritori jeung departemén peuntas laut diparéntah ku majelis, nu dipilih ku masarakat lokal, sarta Parlemén Perancis jeung Pamaréntah Perancis (di mana hiji anggota kabinét, Mentri Perancis Peuntas Laut, aya dina kakawasaan kana perkawis-perkawis ngeunaanyy téritori jeung departemén peuntas laut).

Rupa-rupa status konstitusional

édit

Departemén jeung région peuntas laut

édit

Koléktivitas peuntas laut

édit

Kategori ieu dijieun kalawan pawangunan ulang konstitusional dina 28 Maret 2003. Masing-masing koléktivitas miboga hukum undanh-undang sorangganna.

  • Polinésia Perancis (1946–2003: téritori peuntas laut, ti 2003: koléktivitas peuntas laut) Status anyarna ti 2004 méréannana panunjukan nagara peuntas laut (Basa Prancis: pays d'outre-mer), tapi Déwan Konstitusional Perancis mertimbangkeun yén éta ngan panunjukan, sanés status nanaon.
  • Saint Pierre jeung Miquelon (1976–85: departemén peuntas laut, 1985–2003: téritori peuntas laut sui generis, ti 2003: koléktivitas peuntas laut) Saint Pierre et Miquelon masih disebut collectivité territoriale de Saint-Pierre-et-Miquelon.
  • Wallis jeung Futuna (1961–2003: téritori peuntas laut, ti 2003: koléktivitas peuntas laut). Umumna masih disebut salaku hiji territoire (Territoire des îles Wallis et Futuna).
  • St. Martin: Dina 2003 populasi St. Martin jeung St. Barthélemy milih sangkan misah ti Guadeloupe pikeun nyieun koléktivitas peuntas laut Perancis sorangan.[3] Dina 7 Pébruari 2007, Parlemén Perancis ngaloloskeun paméréan status COM ka dua yurisdiksi éta.[4] Status anyarna éféktif 22 Pébruari 2007 basa hukum éta dipikawanohkeun dina Journal Officiel.[5] Wewengkon-wewengkon éta tetep bagian ti Uni Éropa, sakumaha ditegaskeun di Traktat Lisbon.[6]
  • St. Barthélemy
 
Lemah nu nyieun Républik Perancis.

Koléktivitas husus

édit
  • Kaledonia Anyar mangrupa hiji téritori peuntas laut ti 1946, tapi salaku hasil ti Pasatujuan Nouméa 1998, miboga status husus (statut particulier atanapi statut original) dina 1999. Hiji kawarganagaraan Kaledonia Anyat dijieun, sarta pamindahan kakawasaan ti nagara Perancis dimimitian, pikeun aya dina 15 nepi ka 20 warsih.[7]

Téritori peuntas laut

édit

Nagara peuntsa laut

édit

Status nagara peuntas laut (Basa Perancis: Pays d'outre-mer), ditujukeun ka depéndensi Pasifik Perancis, teu pernah dijieun. Status Polinésia Perancis 2004 méréanna panunjukan ieu, tapi ngingetkeun ogé yén Polinésia Perancis asup ogé kana kategori komunitas peuntas laut. Déwan Konstitusional Perancis ngenyakeun yén panunjukan nagara pentas laut éta teu boga konsekuénsi légal. Ku sabab status Kaledonia Anyar teu boga ngaran sarta ku lantaran parleménna bisa nyieun hukum lokal, wewengkon éta kadang disebut nagara peuntas laut.

Téritori alit

édit
  • Pulo Clipperton (Basa Perancis: Île de Clipperton atanapi Île de la Passion) (Basa Spanyol: Isla de la Pasión) nyaéta hiji atol karang 9 kilométer pasagi nu aya 1.280 kilométer kulon-kiduleun Acapulco, Méksiko, di Samudra Pasifik. Wewengkon ieu minangka asét pribados nagara dina otoritas langsung pamaréntah Perancis, diadministrasi ku Mentri Perancis Peuntas Laut.

Pawakilan pulitis di Parlemén Perancis

édit

Kalawan 2.685.705 padumuk dina 2011, departemén peuntas laut Perancis miboga 4,1% ti populasi Républik Perancis.[2] Aranjeunna miboga pawakilan di dua kamar Parlemén Perancis.

Pawakilan di Majelis Nasional

édit

Di Législatur ka-13 (2007–2012), departemén jeung téritori peuntas laut Perancis diwakilkeun ku 22 députi di Majelis Nasional Perancis, miboga 3,8% ti 577 total députi di Majelis Nasional:

Pawakilan di Sénat

édit

Ti Séptémber 2008, departemén jeung téritori Perancis diwakilkeun ku 19 sénator di Sénat Perancis, miboga 5,5% ti total 343 sénator di Sénat:

Daptar Téritori Peuntas Laut Perancis

édit

Koléktivitas jeung departemén nu dieusian

édit

Aya 11 :

Bandéra Ngaran Ibu Kota Populasi Aréa darat (km2) Status Lokasi Cutatan
  Guadelup Basse-Terre 404.000 (Jan. 2009)[8] 1.628 Departemén / région peuntas laut Antillen
  Guiana Perancis Cayenne 229.000 (Jan. 2009)[8] 83.534 Departemén / région peuntas laut Amérika Kidul
  Kalédonia Anyar Nouméa 244.410 (Jan. 2008)[9] 18.575 Koléktivitas sui generis Samudra Pasifik Kidul Réferéndum kamerdikaanna direncanakeun pikeun dilaksanakeun antawa 2014 nepi ka 2019.
  Martinik Fort-de-France 402.000 (Jan. 2009)[8] 1.128 Departemén / région peuntas laut Antillen
  Mayotte Mamoudzou 186.452 (July 2007)[10] 374 Departemén / région peuntas laut Afrika
(Selat Mosambik)
Milih dina 29 Maret 2009 sangkan mertahankeun status departemén / région peuntas laut. Status éta éféktif 31 Maret 2011.
Diklaim ogé ku Komoro
  Polinésia Perancis Papeete 264.000 (Jan. 2009)[11] 4.167 Koléktivitas peuntas laut Samdra Pasifik Kidul
  Réunion Saint-Denis 817.000 (Jan. 2009)[8] 2.512 Departemén / région peuntas laut Afrika
(Samudra Hindia)
  Saint-Barthélemy Gustavia 8,450 (Jan. 2007)[12] 21 Koléktivitas peuntas laut Antillen Misah ti Guadelup dina 22 Pébruari 2007.
  Saint-Martin Marigot 35,925 (Jan. 2007)[12] 53 Koléktivitas peuntas laut Antillen Misah ti Guadelup dina 22 Pébruari 2007.
  Saint-Piér jeung Mikélon Saint-Piér 6,099 (Jan. 2007)[12] 242 Koléktivitas peuntas laut Tenggaraeun Kanada
  Wallis jeung Futuna Mata-Utu 13,484 (Jul. 2008)[13] 274 Koléktivitas peuntas laut Samudra Pasifik Kidul
Kacindekan
Status Populasi (Jan. 2011)[2] Aréa darat (km2)
Departemén / Région Peuntas Laut 1.890.705 91.847
Koléktivitas Peuntas Laut & Kaledonia Anyar 795.000 23.632
Total 2.685.705 120.049

Wewengkon nu teu dieusian

édit

(Umumna teu dieusian, iwal ku panalungtik/élmuwan di stasion panalungtikan)

Bandéra Ngaran Ibu Kota Aréa darat (km2) Status Lokasi Cutatan
  Banc du Geyser - 1 Distrik TAAF Afrika
(Selat Mosambik)
Diklaim ku Madagaskar jeung Komoro
  Bassas da India - 1 Distrik TAAF Afrika
(Selat Mosambik)
Diklaim ku Madagaskar
  Pulo Clipperton - 7 Asét pribados nagara Perancis Kuloneun Méksiko Diklaim ku Méksiko
  Kapuloan Crozet Alfred Faure 352 Distrikk TAAF Samudra Hindia Kidul
  Europa - 28 TAAF district Africa
(Mozambique Channel)
Claimed by Madagascar
  Kapuloan Glorioso - 5 Distrik TAAF Samudra Hindia Diklaim ku Komoro, Madagaskar, jeung Seychéll
  Juan de Nova - 5 Distrik TAAF Afrika
(Selat Mosambik)
Diklaim ku Madagaskar
  Kapuloan Kerguelen Port-aux-Français 7.215 Distrik TAAF Samudra Hindia Kidul
  Pulo Saint-Paul jeung
Pulo Amsterdam
Martin-de-Viviés 66 Distrik TAAF Samudra Hindia
  Pulo Tromelin - 1 Distrik TAAF Samudra Hindia Diklaim ku Mauritius

Antartika

édit
Bandéra Ngaran Ibu Kota Aréa darat (km2) Status Lokasi Katerangan
  Lemah Adélie Dumont d'Urville 432.000 Distrik TAAF Antartika Dina Sistim Traktat Antartika

Kota ageung di Perancis peuntas laut

édit

Dumasar populasina di wewengkon pakotaan:

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit
  1. About.com, Definition of les DOM-TOM
  2. a b c INSEE, Government of France. "Bilan démographique 2010". Diakses tanggal 2011-01-21.  (Basa Perancis)
  3. "French Caribbean voters reject change". Caribbean Net News. 2003-12-09. http://www.caribbeannetnews.com/2003/12/09/voters.htm. Diakses pada 2007-02-09. "However voters on the two tiny French dependencies of Saint-Barthélemy and Saint-Martin, which have been administratively attached to Guadeloupe, approved the referendum and are set to acquire the new status of "overseas collectivity"." 
  4. Magras, Bruno (2007-02-16). "Letter of Information from the Mayor to the residents and non-residents, to the French and to the foreigners, of Saint Barthelemy" (PDF). St. Barth Weekly. p. 2. http://www.st-barths.com/jsb/pdf_files/weekly108.pdf. Diakses pada 2007-02-18. "On February 7 of this year, the French Parliament adopted the law granting Saint-Barthélemy the Statute of an Overseas Collectivity." 
  5. "Saint-Barth To Become An Overseas Collectivity" (PDF). St. Barth Weekly. 2007-02-09. p. 2. http://www.st-barths.com/jsb/pdf_files/weekly107.pdf. Diakses pada 2007-02-09 
  6. "Treaty of Lisbon, Article 2, points 287 and 293". Diakses tanggal 2008-01-31. 
  7. "Nouvelle-Calédonie", Le Petit Larousse (2010), Paris, page 1559.
  8. a b c d INSEE, Government of France. "Population des régions au 1er janvier". Diakses tanggal 2010-01-30.  (Basa Perancis)
  9. (Basa Perancis) Institut de la statistique et des études économiques de Nouvelle-Calédonie (ISEE). "CHIFFRES CLÉS - Démographie" (PDF). Diakses tanggal 2009-01-13. 
  10. (Basa Perancis) INSEE, Government of France. "INSEE Infos No 32" (PDF). Diakses tanggal 2007-12-02. 
  11. Institut Statistique de Polynésie Française (ISPF). "Enquêtes & Répertoires > Etat Civil". Diakses tanggal 2009-09-14. 
  12. a b c INSEE, Government of France. "Populations légales 2007 pour les départements et les collectivités d'outre-mer". Diakses tanggal 2010-01-30.  (Basa Perancis)
  13. INSEE, Government of France. "Les populations des circonscriptions du Territoire des îles Wallis et Futuna". Diakses tanggal 2009-01-13.  (Basa Perancis)
  • Robert Aldrich and John Connell, France's Overséas Frontier, Cambridge University Press, 1992

Bacaan salajengna

édit
  • Frédéric Monera, L'idée de République et la jurisprudence du Conseil constitutionnel - Paris : L.G.D.J., 2004 [1] [2];

Tumbu kaluar

édit

Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').