Buka ménu utama

Gamelan Sari Onéng Parakan Salak atawa Gamelan Sari Onéng nyaéta ngaran gamelan koléksi Musieum Prabu Geusan Ulun.[1] Ieu gamelan kungsi ngalanglang buana dina sawatara kagiatan paméran dunia abad ka-19, salah sahijina dina acara Exposition Universelle taun 1889 di Paris, Perancis.[2]

SajarahÉdit

Aya dua Gamelan Sari Onéng téh, nu kahiji Gamelan Sari Onéng nu dijieun di Mataram sarta mangrupa hadiah waktu Sénopati Sumedang jeung Sénopati Mataram ngadu muncang dina mangsa pamaréntahan Pangéran Panembahan atawa Pangéran Rangga Gempol III (1656-1706).[1] Sedengkeun nu hiji deui mah nyaéta Gamelan Sari Onéng Parakan Salak téa, dijieunna di Sumedang taun 1825, ari rancakna dijieun di Thailand tina kayu beusi.[1]

Gamelan Sari Onéng baheulana mah dipesen ku Adriaan Walrafen Holle ka Sumedang.[3] Saenyana ieu gamelan Sari Onéng Parakan Salak téh geus dijieun taun 1825.[4] Bérés dipesen, gamelan dibawa ka Parakan Salak.[1] Di Parakan Salak, patingpucunghul para nayaga nu parigel maénkeunana, ari ieu nayaga lain nayaga nu saéstuna tapi para buruh entéh di pausahaan entéh milik A.W. Holle téa.[5][1] Saréngséna A.W. Holle, diangkat Gustav Mundt jadi administraturna, kakara ieu gamelan Sari Onéng téh dibawa ngalanglang ka Éropa jeung Amérika Sarikat dina raraga mromosikeun entéh jeung hasil pakebonan lianna.[6]

Ku Gustav Mundt Gamelan Sari Onéng Parakan Salak sacara maneuh dipagelarkeun di World Exhibition Amsterdam Walanda ti taun 1880 nepi ka taun 1931 diangkut jeung para nayagana nu ti Parakan Salak.[7] Dipamérkeun ogé di Expositon Universelle Paris, Perancis (1889) dina miéling 100 taun révolusi Perancis sarta paresmian munara Eiffel.[7] Salian ti éta dipagelarkeun ogé dina acara World Columbian Exposition Chicago taun 1893.[1][7] Balik deui ka Parakan Salak dina awal ka-20, Gamelan Sari Onéng tetep dipaké dina acara-acara ménak jeung gegedén Walanda.[4] Kakara waktu Jepang datang ka Hindia Walanda taun 1942, kaayaan Sari Onéng jadi kaancam.[4]

Ku alesan kawatesna bahan pikeun nyieun pakarang perang, Jepang nginstruksikeun pikeun ngalebur sakumna bahan logam kaasup gamelan.[4] Bupati Sukabumi harita, Radén Aria Adipati Soeridanoeningrat, boga inisiatif pikeun nyamunikeun Sari Onéng.[4] Ku yasana éta, Administratur Parakan Salak harita MOA Huguenin ngahibahkeun gamelan ka Soeriadanoeningrat taun 1957.[4] Ku ahli waris Soeriadanoeningrat, Sari Oneng dititipkeun ka Musieum Geusan Ulun ti taun 1975.[4]

Ieu gamelan dina taun 70-an kungsi direkam kana bentuk reel to reel sarta direkam deui ku Yayasan Tikar Media Budaya Nusantara taun 2012.[1] Kakawihan nu direkam ngawengku Soropongan, Surasari,  Barong,  Sonteng, Paksi Nguwung, Gordah,Wani-wani, jeung Amengan.[1]

KawihÉdit

Kawih anu maneuh dipagelarkeun ku gamelan Sari Onéng, di antarana:[1]

  1. Soropongan – Dalem Béntang Aria Koesoemahdilaga (1919-1937)
  2. Surasari – Pangeran Koesoema Dinata (Pangéran Sugih) 1834-1882
  3. Barong – Adipati Aria Koesoemahdilaga (1919-1937)
  4. Sonténg – Pangeran Aria Soeria Atmadja (Pangéran Mekah) 1882-1919
  5. Paksi Nguwung – Adipati Aria Soerya Natadibrata
  6. Candirangrang - Adipati Aria Soerya Natadibrata
  7. Gordah – Adipati Soerialaga 1765-1773
  8. Wani-wani – Pangeran Koesoema Dinata (Pangéran Sugih) 1834-1882 
  9. Amengan – Pangeran Koesoema Dinata (Pangéran Sugih) 1834-1882

Éta kakawihan biasana dipidangkeun dina acara-acara husus kayaning ritual, hajatan para dalem, mihormat tamu jeung kalangenan para dalem.[1] Kiwari, éta gamelan gé ditabeuh sacara rutin unggal poé tiap ahad sakaligus pikeun mirig Tayuban jeung tatarian di lingkungan Musieum Prabu Geusan Ulun.[1]

RujukanÉdit