Japati
Japati liar kelir alami
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. livia
Ngaran binomial
Columba livia
Gmelin, 1789
Japati di habitat alamina dina cadas gawir basisir. Di pakotaan, gawir cadas ieu téh diganti ku témbok gedong-gedong jangkung.
Columba livia

Japati mangrupa manuk anggota kulawarga Columbidae. Istilah japati dipaké pikeun 308 spésiés manuk anggota ordo Columbiformes, ngawengku japati, tikukur, titiran, manuk puter, jeung spésiés lianna. Nu jadi ciri golongan japati nyaéta awakna tegep, beuheung, pamatuk jeung sukuna pondok, boga cera luhureun pamatukna.

Ordo japati sumebar di sakuliah dunya, tapi rupa nu panglobana mah aya di wewengkon Indomalaya jeung Australasia, dianggap patali jeung dodo nu geus lastari. Anak japati disebut 'piyik'.

Japati alamina aya di wewengkon Éropa kulon jeung kidul, Aprika Kalér, jeung Asia kidul-kulon. Habitatna alamna di gawir-gawir cadas, utamana di basisir. Hasil doméstikasina mah aya di mana-mana, kaasup di kota-kota. Di Inggris, Irlandia, jeung wewengkon asalna nu alami, japati téh ukur aya di pasisian.

Japati mimiti dibawa ka Amérika Kalér taun 1606 di Port Royal, Acadia (ayeuna Nova Scotia).

Anatomi

édit
 
Rupa-rupa kelir bulu japati liar

Panjang awak japati antara 30–35 cm, kalawan lébar bébér jangjang 62–68 cm. Ciri utama japati liar murni bisa ditempo dina warna bulu tungtung tonggong nu bodas, ditambah dua polét hideung dina jangjangna. Umurna di alam liar antara 3-5 taun, sedengkeun mun dikandangan bisa nepi ka 15 taun.

Warna hulu jeung beuheung japati nu geus sawawa ilaharna bulao-abu-abu, leuwih kolot batan tonggong jeung jangjangna, sedengkeun dina beuteungna mah bodas. Panonna biasana mah oranyeu, tapi aya ogé nu bodas semu abu-abu.

Sayang

édit

Sayangna biasana dijieun dina lelegok atawa guha, dijieun tina régang garing, jukut, atawa jukut laut. Sakali baranahan, japati mah ngendogna ukur dua; disileungleuman piligenti ku indung jeung bapana salila 18 poéan. 'Piyik'na kakara disapih mun geus umur 30 poéan. Sayang japati ilaharna dijieun tina régang leutik jeung sésa bilik (mun di sabudeureunana aya), sakali baranahan ukur boga dua endog nu disileungleuman piligenti ku jalu jeung bikangna. Kadaharanana sarupaning sisikian (jagong, paré/béas), bungbuahan, jeung bahan tutuwuhan lianna. Béda ti galibna bangsa manuk, japati mah sok "nyusuan" anakna nu cairan ladang ngabeuweung kadaharanana.

Doméstikasi

édit

Japati geus didoméstikasi ti rébuan taun ka tukang. Japati doméstik nu geus dilatih bisa mulang ka sayangna najan di bawa ka tempat nu can dipikawanoh nu jauhna nepi ka sarébuan kilo. Silangan husus, nu katelah japati pos, geus kalatih sangkan bisa mawa surat. Japati nu kieu ogé sok dibalapkeun.

 
Piyik umur sapuluh poéan

Japati sok dikawinsilangkeun pikeun diala daging, dedegan, atawa kelir buluna (galeri poto).

Kabisa navigasi mangrupa salah sahiji kaahéngan japati, padahal manuk ieu mah tara ngayakeun migrasi.

Japati doméstik sok dipaké dina percobaan di laboratorium biologi, kadokteran, jeung élmu kognitif. Contona baé, japati sok dilatih pikeun ngabédakeun antara lukisan kubisme jeung imprésionisme.

 
Japati liar nu nyayang dina sela-sela témbok wangunan.

Japati liar di kota-kota

édit

Japati liar di pakotaan sacara naluri ngajadikeun gedong-gedong jangkung di pakotaan salaku gawir-gawir cadas tempat alamina. Sababaraha kota nu kawentar ku japati liarna, di antarana

ku sabab kamekaran populasina, di kota-kota kawas di luhur mah pihak pamaréntah nepi ka nyaram maraban japati liar. Komo ku kalakuanana nu bisa ngaruksak wangunan, nyebarkeun panyakit, polusi taina, sarta ngusir manuk lianna.

Rupa Japati

édit

Japati digolongkeun ka opat jenis nyaéta:[1]

  1. Japati hias
  2. Japai pos
  3. Japati balap, jeung
  4. Japati daging.

Japati Hias

édit

Nu kaasup japati hias nyaéta Japati Makuta, Japati Kapas, Japati Robot jeung Japati Tembolok. Nu séwang-séwangan boga cirina sorangan.[1]

Japati Pos

édit

nyaéta japati nu boga kamampuh ngapung kalawan gancang dina jarak nu jauh. Japati ieu nu baheula dijadikeun sarana pikeun ngirimkeun surat.[1]

Japati Balap

édit

nyaéta japati nu sok dipaké minangka adu balap japati. Biasana japati diadukeun kalawan ditempo japati nu panggancangna,[1]

Japati Daging

édit

nyaéta japati nu maksud dipiara pikeun diala dagingna. Japati daging diingu sarua saperti hayam jeung manuk tuluy dipeuncit.[1]

Klasifikasi & béréndélan spésiésna

édit

Famili japati biasana dibagi kana lima subfamili, sakumaha dadaran di handap (diluyukeun jeung Handbook of the Birds of the World, karya Lynx taun 1997):

Subfamili Columbinae - nu ilahar disebut japati

édit

Genus Columba - Japati biasa

 
'Japati Batu' ngagorombol eunteup na kabel listrik.
 
'Japati Batu' di Krakow, Polandia

Genus Streptopelia

Genus Macropygia

Genus Reinwardtoena

Genus Turacoena

Genus Turtur

Genus Oena

Genus Chalcophaps

Genus Henicophaps

Genus Phaps, bronzewing pigeons

Genus Ocyphaps

Genus Geophaps

Genus Petrophassa, rock pigéons

Genus Geopelia

Genus Leucosarcia

 
Nestlings and mother Mourning Dove

Genus Zenaida

Genus Ectopistes

Genus Columbina Ground Doves

Genus Claravis

Genus Metropelia

Genus Scardafella

Genus Uropelia

Genus Leptotila

Genus Geotrygon, quail-doves

Genus Starnoenas

Genus Caloenas

 
Nicobar Pigeon (Caloenas nicobarica).

Genus Gallicolumba

Genus Trugon

Genus Microgoura

Subfamily Otidiphabinae - pheasant pigeon

édit

Genus Otidiphaps

Subfamily Gourinae - crowned pigeons

édit
 
Victoria Crowned Pigeon Goura victoria in a zoo aviary.

Genus Goura crowned pigéons

Subfamily Didunculinae - tooth-billed pigeon

édit

Genus Didunculus

Subfamily Treroninae - green & fruit doves

édit

Genus Phapitreron

Genus Treron green pigéons

Genus Ptilinopus, fruit doves

Genus Drepanoptila

Genus Alectroenas blue pigéons

Genus Ducula imperial pigéons

 
Salah sahiji anggota famili japati nu di urang katelah Puter, nu mun disilangkeun jeung japati bakal ngahasilkeun Dederuk.
Gambar:NZ-pigeon.JPG
Kererū, New Zealand Pigeon.

Genus Lopholaimus

Genus Hemiphaga

Genus Cryptophaps

Genus Gymnophaps, mountain pigéons

Baca ogé

édit

Rujukan

édit

Tumbu kaluar

édit
  1. a b c d e Suparman. 2007.Cara Beternak Merpati. Surabaya: Ganeca Exact