Jalur karéta api Banjar-Cijulang

Jalur karéta api Banjar–Cijulang
COLLECTIE TROPENMUSEUM Spoorbrug op het traject Bandjar - Tjidjoelang TMnr 60016850.jpg
Salah sahiji sasak di lintas Banjar-Cijulang
Informasi
Sistem Jalur karéta api rél beurat
Status Teu beroperasi
Lokal Jawa Kulon
Stasion awal Banjar
Stasion ahir Cijulang
Operasi
Dibuka 1916-1921
Dipiboga ku PT Kereta Api Indonesia (pamilik asét jalur jeung stasion)
Operator Wilayah Asét II Bandung
Karakter Rél lintas pagunungan
Data téhnis
Panjang jalur 82 km
Jumlah rél R33, R42
Lébar sepur 1.067 mm
Listrik -
Gancangna operasional 40-60 km/jam

Jalur karéta api Banjar-Cijulang nyaéta jalur karéta api nonaktip anu ngahubungkeun Stasion Banjar jeung Stasion Cijulang di Kabupatén Pangandaran. Jalur anu boga panjang 82 kilométer ieu dikokolakeun ku Wilayah Asét II Bandung.

Jalur karéta api ieu boga loba sasak sarta 4 torowongan, nyaéta Torowongan Batulawang (281,5 méter), Torowongan Héndrik (105 méter), Torowongan Juliana (147,70 méter), sarta Torowongan Sumber atawa Wilhélmina (1.116,10 méter). Salah sahiji sasak jeung torowongan anu pangpanjangna di Indonésia nyaéta Sasak Cikacepit kalawan panjang 290 méter sarta Torowongan Sumber atawa Wilhélmina kalawan panjang 1.116,10 méter.

SajarahÉdit

 
Peta pra-rencana taun 1910 pikeun pangwangunan jalur karéta api Banjar-Parigi

Di taun 1898, F.J Nellensteyn ngajukeun konsési pangwangunan trém panghubung Pameungpeuk-Rancahérang-Klapagenep-Cijulang-Parigi-Cikembulan-Kalipucang-Padahérang-Banjar. Konsési éta tuluy ditarima ku pamaréntah, tapi Nellensteyn sorangan henteu ngagawéan proyék anu diajukeun éta. Di taun nu sarua, H.J Stroband ngajukeun konsési pangwangunan trém uap kalawan jalur anu leuwih pondok ti anu diajukeun Nellensteyn, nyaéta Banjar-Banjarsari-Kalipucang-Cikembulan-Parigi-Cijulang. Tapi, usulanna ditolak ku pamaréntah.[1][2]

Résidén Priangan sorangan karék ngajukeun pangwangunan jalur karéta api Banjar-Parigi di taun 1908. Pangajuan ieu dibarengan ku nota Asistén Résidén Sukapura jeung Kontrolir Manonjaya. Alesan anu diajukeun Résidén Priangan teu jauh béda jeunga nu diajukeun pihak swasta, nyaéta pikeun ningkatkeun eksploitasi ékonomi sarta pengembangan wilayah Priangan wétan jeung tenggara.[3] Saenggeus ditimbang-timbang, dumasar undang-undang tanggal 18 Juli 1911, pamaréntah kolonial mutuskeun pikeun ngawangun jalur karéta api Banjar-Kalipucang-Parigi. Pangwangunan jalur ieu saluyu jeung anu diusulkeun ku Résidén Priangan.[4]

Jalur ieu bérés dina ségmén Banjar–Kalipucang di tanggal 15 Désémber 1916, sarta bérés kabéh di tanggal 1 Juni 1921.

Eureun dioperasikeunÉdit

Jalur ieu ditutup total di 1 Pébruari 1982. Indonesian Railway Preservation Society (2007) kungsi nyatet yén di taun 1997, pétak Banjar-Banjarsari kungsi dioméan sarta babaraha lokomotip saperti BB300 jeung D301 kungsi ngaliwat di ieu jalur. Ngan jalur ieu ditutup deui ku sabab krisis ékonomi anu ngalanda sa-Asia. Jalur jeung babantal anu karék dipasang ogé tuluy dibongkaran deui.[5]

Geus babaraha kali réaktipasi dibéwarakeun di jalur ieu, tapi teu pernah diréalisasikeun. Ngan di taun 2018, Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil boga tarékah ngaktipkeun deui jalur ieu sarta jalur-jalur KA nonaktip lianna di Jawa Kulon. Rancanana réaktipasi dilakukeun saenggeus jalur karéta api Cibatu–Cikajang diréaktipasi ku sabab lahan anu masih mungkin pikeun diwangun ti batan Rancaékék–Tanjungsari jeung Cikudapateuh–Ciwidéy. Tacan aya progrés réaktipasi pikeun jalur ieu.[6]

Jalur anu kahubungÉdit

Jalur aktipÉdit

Jalur karéta api Padalarang-Kasugihan

Daptar stasion jeung halteu[7]Édit

Katerangan:

  • Stasion gedé (kelas badag tipeu A/B/C) ditulis kandel.
  • Stasion manengah (kelas I/II) ditulis kandel-déngdék.
  • Stasion/halteu leutik (kelas III) ditulis biasa.
  • Stasion/halteu nu geus teu aktip ditulis déngdék

Banjar-KalipucangÉdit

Kalipucang-CijulangÉdit

Tingali ogéÉdit

Karéta api

RujukanÉdit

  1. Marihandono, Djoko; Leirissa, R. Z. (2008). Titik balik historiografi di Indonesia. Depok: Wedatama Widya Sastra dan Departemen Sejarah FIB UI. 
  2. Reitsma, S. A. (1925). Indische spoorweg-politiek. Batavia: Landsdrukkerij. 
  3. Hamara, Subagja. "Jalur Kereta Api Banjar-Cijulang Dibangun Belanda untuk Ekploitasi Ekonomi". Harapan Rakyat Online (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-08. 
  4. Handel, nijverheid en industrie in Nederl. Oost-Indië, Volume 1. Obuz. 1922. 
  5. "Banjar-Pangandaran-Cijulang Tour | IRPS". irps.or.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-04-28. 
  6. Latifah, Eva. "Persiapan Reaktivasi, PT KAI Mulai Petakan Jalur Rel KA Banjar-Pangandaran". Harapan Rakyat Online (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-08. 
  7. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 

Tumbu kaluarÉdit

(id) Loka Resmi PT Kereta Api Indonesia