Kabupatén Lampung Kidul

Kabupatén Lampung Kidul mangrupa salah sahiji kabupatén di Propinsi Lampung. Ngaran ieu kabupaten biasa disebut Lamsel ngarah gampang nyebutkeuna. Nu miboga ngaran ibukotana nyaéta Kaliada. Nyaeta hiji kota kecamatan deukeut Gunung Rajabasa, kota leutik di gigireun basisir deukeut Teluk Lampung. Lampung Kidul kaasup wilayah administratip ogé daérah tropis. Ieu Kabupatén téh pernahna di bagéan kidul Propinsi Lampung antara 105o14’ nepi ka 105o45’ Bujur Wétan jeung 5o15’ nepi ka 6o Lintang Kidul, di belah kalér wawatesan jeung Kabupatén Lampung Tengah jeung Lampung Wétan, di belah kidul jeung Selat Sunda, di belah wétan jeung Laut Jawa sarta kulon wawatesan jeung Kabupatén Pesawaran jeung Kota Bandar Lampung. Ieu kabupatén lega daratanna nyaéta sakitar 2.109,74 km² jeung wilayah administrasina aya 17 kecamatan, 256 désa jeung 4 kalurahan.[1]

{{{nama}}}
Lambang Kabupaten Lampung Selatan.png
Lambang {{{nama}}}


Moto: Ragom Mufakat
(Bahasa Lampung: Bermusyawarah Untuk Mufakat)



Landian: Sydney van Andalas


Peta Lokasi Kabupaten Lampung Selatan.svg
Peta lokasi {{{nama}}} di Lampung
Koordinat: 5°44′05″S 105°35′37″E / 5.734707°S 105.593625°E / -5.734707; 105.593625
Propinsi Lampung
Dasar hukum UU Darurat No. 4 Tahun 1956
Tanggal diresmikeun 14 November 1954
Puseur dayeuh Kalianda
Pamaréntahan
APBD
-DAU Rp 1.031.445.915.000,-
Lega {{{luas}}}
Pangeusi
-Total {{{penduduk}}} (2016)[2]
-Kepadatan jiwa/km²
Démografi
-Kode area telepon 0727
0721 (Khusus Natar dan Jatiagung)
-Bandar udara Bandar Udara Radin Inten II
Pembagian administratif
-Kacamatan 17
-Kalurahan 4
-Désa 256
Simbol has daerah
Ramat loka http://www.lampungselatankab.go.id

TopograpiÉdit

Kabupatén Lampung Kidul mangrupa daérah anu unik ku sabab aya di antara dataran handap jeung dataran luhur, di antarana nyaéta miboga 42 pulo gedé jeung leutik. Pulo anu paling lega nyaéta Pulo Sebesi salega 4.643 Ha. Kabupatén ieu ogé miboga sababaraha gunung, nu paling luhur nyaéta Gunung Rajabasa nu luhuhurna 1.280 m jeung nu pernahna di Kecamatan Rajabasa, sarta sababaraha wahangan anu ngaliwatan Kabupatén Lampung Kidul saperti Way Sekampung, Way Jelai, Way Katibung, Way Pisang dan Way Gatal.[1]

Ieu kabupatén boga sababarahiji palabuan boh di daérah kalér, boh di daérah kidul. Di bagéan kidul aya Teluk Lampung, di teluk éta aya Palabuan Panjang tempat pangeureunan kapal ti jaro oge luar negeri. Di bagéan wilayah paling kidul Kabupatén Lampung Kidul ogé ujung ti Pulo Sumatra miboga palabuhan nu aya di Kecamatan Bakauheni nu mangrupakeun tempat pangeureunan penduduk ti pulo Jawa ka Sumatra atawa sabalikna. Jarak antara palabuhan Bakauheni (Lampung Kidul) jeung palabuhan Merak (Propinsi Banten) kurang leuwih 29 Km, nu ngagunakeun kapal panyebrangan nyaéta ngabutuhkeun waktu sakitar sakitar 2 jam nepika 2,5 jam. Éta palabuan boga peran penting jang neruskeun roda ekonomi penduduk. Bisa disimpulkeun wilayah ieu deukeut ka daérah basisir.[1]

Kabupatén Lampung Kidul téh miboga ciri khas kulinér, salah sahijina Pempék Lampung. Kusabab deukeut ka basisir, ciri khas kulinér Lampung Kidul loba dina dahareun laut. Sarupaning lalakukan jeung kerang-kerangan geus teu aneh jadi dahareun khas ieu daerah.[1] Kiwari penduduk nu aya di Lampung Kidul nyaéta sakitar 950.844 jiwa, jeung miboga luas daratanna sakitar 2,007.01 km².[3]

SajarahÉdit

Sajarah dibentukna Kabupatén Lampung Kidul nyaéta erat kakaitanna jeung UUD 1945, di jero UUD 1945 bab VI Pasal 18 nu nyebutkeun yén "Pambagian Daérah di Indonésia dumasar kana Daérah Gedé jeung daérah leutik, nu bentuk susunan Pamaréntahanna ditetepkeun dumasar kana Undang-Undang, nu meunteun jeung tenget kana dasar pamusyawaratan sistem Pamarentahan Nagara jeung Hak-hak asal muasal daérah-daérah nu sifatna istiméwa"

Salaku réalisasi ti pasal 18 Undang-Undang Dasar 1945 nu dimaksud, ngabijilkeun Undang-Undang nomer 1 taun 1945 nu ngatur tentang kadudukan Komite Nasionak Daérah nu ka hiji, diantarana anu ngembalikeun kakuasaan pamaréntah di daérah ka aparatur nu berwenang nyaéta Pamong Praja jeung Polisi. Salain éta ogé keur negakkeun pamaréntah di daérah nu rasional jeung ngilusertakeun wakil-wakil rakyat nu dumasar kana kadaulatan rakyat.

Kapala Daé rahÉdit

Nepi ka danget ieu, Kabupaten Lampung Kidul dipingpin ku Bupati Nanang Ernanto, kalahiran Kota Bandar Lampung tanggal 10 Oktober 1967. Mimitina mah anjeuna boga kahayang ngamajukeun é ta kabupaten. Lalakon pangabdianna dikawitan di PDI Perjuangan, janten anggota partai taun 1990. Lajeng, Nanang Ernanto pernah jadi Ketua Ranting PDI Desa Way Galih. Karir politikna naek ka Sekretaris DPC PDI Perjuangan Kabupaten Lampung Kidul.

Salian ti karir politik, Nanang Ernanto pernah nyekel amanah Kepala Desa Way Galih taun 2007, dugi ka bisa ngabdi di DPRD Kabupaten Lampung Kidul salami dua periode ti taun 2009. Kusabab boga pangalaman di Desa Way Galih, Nanang Ernanto dipercaya ku partai politik.

Lalakon di partai politik ngajadikeun anjeuna meunangkeun kapercayaan ti partai nyalonkeun diri jadi wakil bupati, jeung Zainudin Hasan salaku calon bupati basa eta. Jadina jeung Zainudin Hasan nyalon di Pilkada 2015. Dugi ka kapilih jang mingpin Kabupaten Lampung Kidul periode 2016-2021 meunangkeun 57,82% sora.

Sanajan jadi wakil bupati, aya kasus anu beunang ka Bupati Lampung Kidul, Zainudin Hasan ditewak ku KPK, basa April 2019. Kajadian ieu nu matak Nanang Ernanto tiasa naek ka jabatan bupati kanggo neruskeun amanah ti rakyat. Kaluar Surat Keputusan Dalam Negeri Nomer 131.18/5295/SJ tanggal 27 Juli 2018, mutuskeun Nanang Ernanto jadi Bupati Lampung Kidul. Ti mulai tanggal 3 Agustus 2018, Nanang Ernanto resmi jadi Bupati Lampung Kidul saanggeusna dilantik ku Gubernur Lampung M. Ridho Ficardo di Balai Keratun, Komplek Kantor Gubernur Lampung.

RujukanÉdit

  1. a b c d "Selayang Pandang – Pemkab Lampung Selatan". www.lampungselatankab.go.id. Diakses tanggal 2019-10-19. 
  2. Kabupaten Lampung Selatan Dalam Angka 2016. BPS Kabupaten Lampung Selatan. 2016. p. 42. ISSN 0215-4072. 
  3. "Badan Pusat Statistik". lampungselatankab.bps.go.id. Diakses tanggal 2019-11-30.