Kabupatén Tulang Bawang
Kabupatén Tulang Bawang diadegkeun tanggal 20 Maret 1997, mangrupa salah sahji kabupatén Propinsi Lampung, Indonésia nu miboga puseur dayeuh nyaéta Kota Menggala.
Lambang Kabupaten Tulang Bawang
| |
250px Peta lokasi Kabupaten Tulang Bawang di Lampung Koordinat: | |
Propinsi | Lampung |
Dasar hukum | UU Republik Indonesia No. 2 Tahun 1997 |
Tanggal diresmikeun | 20 Maret 1997 |
Puseur dayeuh | Kota Menggala |
Pamaréntahan | |
-Bupati | Winarti |
-Wakil Bupati | Hendriwansyah |
APBD | |
-DAU | Rp 614.655.240.000.-(2017)[1] |
Lega | 3.466,32 km2 |
Pangeusi | |
-Total | 429.515 jiwa (2015)[2] |
-Kepadatan | 123,91 jiwa/km2 |
Démografi | |
-Kode area telepon | 0726 |
Pembagian administratif | |
-Kacamatan | 16 |
-Kalurahan | 4 |
-Désa | 147 |
Simbol has daerah | |
Ramat loka | http://www.tulangbawangkab.go.id/ |
Dina wanci harita Kabupatén Tulang Bawang mangrupa wilayah panggedéna nyaéta 22% ti wilayah Propinsi Lampung, Indonésia.[3]
Profil Singget
éditKulantaran sadar yén gedéna tantangan dina upaya percepatan pangwangunan Kabupatén Tulang Bawang, dina taun 2008 pamaréntah jeung masarakat sapuk pikeun ngamekarkeun jadi 3 wilayah daérah otonom nu anyar didasaran ku Undang Undang Nomor : 49 Tahun 2008 ngeunaan dibentukna daérah otonomi Kabupatén Mesuji jeung Undang Undang Nomor : 50 Tahun 2008 ngeunaan dibentukna daérah otonom Kabupatén Tulang Bawang Barat.[3]
Sanggeus wilayah ieu dimekarkeun, wanci kiwari Kabupatéen Tulang Bawang nu miboga lega ± 4.385,84 Km persegi nu kasebar di 15 wilayah pamaréntahan kacamatan, 4 kalurahan jeung 148 kampung.[3] Sanajan wilayah ieu geus dimekarkeun, Kabupatén Tulang Bawang miboga ragam poténsi sumber daya jeung karagaman budaya nu poténsial pikeun dimekarkeun deui supaya bisa ngamajukeun kasajahteraan masarakat.[3]
Kabupatén Tulang Bawang jarakna 120 Km ti puseur dayeuh Propinsi Lampung, Bandar Lampung. Sedengkan ti Jakarta ku transportasi udara ± 45 menit ti Bandara Soekarno Hatta ka Bandara Raden Intan II (Branti) dituluykeun ku 2 jam jalan darat ka kota Menggala Kabupatén Tulang Bawang. Pikeun nu maké transportasi darat jarakna ti Jakarta ka Menggala bisa ± 8 jam ngaléwatan Palabuan Laut Merak Bakauheni.[3]
Géografis
édit- Kabupaten Tulang Bawang dengan puseur dayeuh Menggala, miboga jarak kurang leuwih 120 km ti puseur dayeuh propinsi[3]
- Batas-batas wilayah Kabupatén nyaéta ieu di handap:[3]
- Beulah Kalér : Kabupatén Mesuji
- Beulah Kidul: Kabupatén Lampung Tengah
- Beulah Wétan: Laut Jawa
- Beulah Kulon: Kabupatén Tulang Bawang Kulon
Topografi
éditSarcara topografi daérah Tulang Bawang dibagi ku 4 bagéan:[3]
- Daérah daratan, ieu magrupakeun daérah panglegana nu dimangpaatkeun pikeun tatanén.
- Daérah ranca, aya di sapanjang Basisir Wétan nu miboga tingkat kaluhuran 0-1 m, nu mangrupa daérah ranca pasang surut.
- Daérah River Basin, miboga dua River Basin nu utama nyaéta River Basin Tulang Bawang, jeung River Basin walungan-walungan leutik lianna.
- Daérah Alluvial, nu ngawengku basisir beulah wétan nu mangrupa bagéan hilir (down steem ti walungan-walungan gedé nya'eta Tulang Bawang, sarta Mesuji) dimangpaatkeun pikeun palabuan.[3]
Iklim
éditHujan Daérah Kabupatén Tulang Bawang miboga iklim tropis, kalawan usum hujan jeung usum halodo silih ganti. suhu rata-rata 31° C. Curah hujan rata-rata 2.000 – 2.500 mm/taun.[3]
Angin Iklim Tropis Humod jeung angin laut lembab nu nebak ti Samudera Indonésia jeung Laut Jawa, ti arah Kulon jeung Kulon Laut lumangsung dina bulan Novémber - Maret. Salila bulan Juli - Agustus, angin nebak ti wétan jeung Tenggara. Gancangna angin rata-rata 5,83 km/jam.[3]
Taneuh sacara gurat badag Taneuh di Tulang Bawang dibagi 6, antarana Aluvial, Regosol, Andosol, Podsolik, Coklat, Latosol, jeung Padsolik Merah Kuning (PMK).[3]
Cai Salian sumber cai taneuh, sumber cai lianna nyaéta sumber cai mangrupa walungan jeung laut.[3]
Mineral Jinis mineral poténsial jeung stratégis di Tulang Bawang nyaéta:[3]
- Pasir Kuarsa, aya disakitar Menggala jeung Gedung Meneng.
- Minyak Bumi, aya di lapisan Palémbang nu kakumpul salaku lanjutan ti endapan Minyak Bumi di daérah Palémbang; puseurna di sabudeureun Menggala.
- Batu Bara, dépositna aya di lapisan sédimén formasi éndosit, nyaéta bagéan Hulu Way Tulang Bawang.[3]
Rujukan
édit- ↑ "Rincian Alokasi DAU Murni T.A. 2017" (PDF). Archived 2018-08-26 di Wayback Machine
- ↑ https://tulangbawangkab.bps.go.id/website/pdf_publikasi/Kabupaten-Tulang-Bawang-dalam-Angka-2016.pdf[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o Bawang, Diskominfo Tulang. "Selayang Pandang | Website Kabupaten Tulang Bawang". tulangbawangkab.go.id. Diakses tanggal 2019-11-30. Archived 2020-02-28 di Wayback Machine