Kacapi indung nyaéta salah sahiji wangun waditra kacapi dina karawitan Sunda anu kaasup kana kelompok alat musik string. Ilaharna kacapi indung dipaké pikeun mirig tembang Cianjuran atawa mamaos. Laras anu dipaké dina kacapi indung ilaharna pélog-degung, madenda, saléndro jeung mandalungan. Kacapi indung dijieun tina bahan kai (albiso/jéngjén, campaka, kananga jrrd.)

Kacapi indung & Kacapi Rincik

Wangun Kacapi Indung

édit

Wangun kacapi indung méh sarupa jeung parahu alatan kitu kacapi indung sok disebut ogé kacapi parahu atawa kacapi gelung alatan wangun tungtung sisi-sisina méh sarupa jeung gelung, Iwal ti éta kacapi indung ogé sok disebut kacapi pantun alatan sakapeung sok dipaké mirig seni carita pantun. Warna kacapi indung umumna hideung. Senar atawa kawat kacapi indung jumlahna 18 anu dijieun tina bahan kuningan. Éta senar téh tuluy dipantengkeun ngaliwatan tumpangsari tuluy kana inang-inang dikaitkeun kana pureut sangkan ngahasilkeun nada anu tangtu jeung bisa dirobah (di-tune/disetém) ku cara muterkeun pureut saarah muterna jarum jam.

Kacapi Indung asup kana klasifikasi chordophone, sub klasifikasi zither anu wangun résonansina pasagi (kotak), board zither. Upama ditilik tina cara maénkeunna, Kacapi Indung asup kana kelompok plucked chordophone.

Cara Nabeuh

édit
Gambar:Kacapi indung 20101229 1004797918.jpg
Sikep maenkeun Kacapi Indung

Aya sabahabaraha cara nabeuh (nyorakeun) kacapi indung jeung kagunaanana. cara nabeuh kacapi indung aya anu dipaké pikeun mirig tembang (bébas wirahma) jeung mirig kawih (wirahma tandak). mirig maké kacapi indung disebut ngindungan, ana pon mirig maké Kacapi Rincik disebut ngarincik.

pireng sora kacapi indung. 

Laras Kacapi

édit
Sora ti kacapi laras degung
Sora ti kacapi laras madénda
Sora ti kacapi laras mandalung
Sora ti kacapi laras saléndro

Dina kacapi indung, aya opat laras anu dipake, nyaéta laras degung, madénda, mandalung, jeung saléndro. Umumna cara nabeuh kacapi indung tiap laras sarua, ngan mibanda sora anu béda-béda.

Juru Kacapi Indung (inohong)

édit

Di handap ieu sababarha urang juru kacapi Indung anu fokus dina widangna, di antarana:

  • Uking Sukri
  • Soma Wijaya
  • Juju Subari
  • Ruk-ruk Rukmana (Bandung, 29 Maret 1950)
  • Pak Emo
  • Apih Soma
  • Hadori
  • Dohim (Mang Dohim)
  • Bapak Tata (Mang Tata)
  • Bapak Cacih
  • Bakang Abubakar (Mang Bakang)
  • Rd. Toto Sumadipradja.
  • Gan-Gan Garmana (Bandung,7 Oktober 1966)

Rujukan

édit

Babon/Réferénsi

édit
  • Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
  • Hennawan, Deni. Tabuhan kacapi tembang Sunda Cianjuran; tinjauan musikologi terhadap teknik dan gaya permainan Uking Sukri. M.A. thesis U. Sumatera Utara, jurusan Etnomusikologi, Medan 1990. Pub!. dina Masyarakat Musikologi Indonésia 2 (1), 1991.
  • Sukanda, Enip. Tembang Sunda cianjuran. Sekitar pembentukan dan perkembangannya. Bandung, ASTI 1984.
  • Sumardjo, Jakob. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: tafsir-tafsir pantun sunda. Buku Tiga. Kelir. Bandung 2009.
  • Zanten, Wim van.Sundanese music in the Cianjuran style: anthropological and musicological aspects of Tembang Sunda. Dordrecht/Providence, Foris Publications 1989.

Tumbu Luar

édit

Tingali Video

édit

Kacapi laras salendro : http://www.youtube.com/watch?v=Z-kXy83DMxY
Conto tabeuhan kacapi indung (pangapungan) : http://www.youtube.com/watch?v=H91YxEeOH7Y