Gamelan lengkep

Karawitan numutkeun ahli karawitan saperti Raden Mahyar Angga Kusumah Dinata jeung Atik S,S.Karawitan, asalna tina kecap Ra jeung Wit ; Ra hartina nyaéta cahya panonpoé (seni), sedengkeun Wit hartina nyaéta pangaweruh.[1] Numutkeun Bapa Atik, ra jeung wit disawang tina paham animisme jeung dinamisme ra nyaéta ngahormat atawa munjung jeung wit nyaéta karuhun.[1]. Wangenan Karawitan sacara lega nyaéta seni musik nu ngagunakeun bahanna nyaéta sora.[1] Sedengkeun sacara husus nyaéta seni sora daérah nu miboga laras pélog jeung saléndro.[1] Aya ogé seni karawitan nyaéta seni sora manusa jeung atawa sora waditra anu saluyu jeung tradisi [2] Umpama numutkeun Enslikopedi sacara umum karawitan sarua jeung musik atawa seni sora [3]

Sajarah KarawitanÉdit

Jalma-jalma baheula nalika réngsé moro jeung nalika rinéh teu dihaja ngésétan jamparing atawa gondéwana nepika aya sora.[1] Kajadian éta anu jadi kasang tukang alat atawa waditra anu digésék saperti tarawangsa, rebab, jeung waditra lianna.[1] Nalika panén di sawah murangkalih jaman baheula nyieun empétan-empétan tina jarami anu dipaénkeunna ku cara ditiup. Hal ieu anu jadi kasang tukang ayana suling pangsi jeung tarompét.[1]

Ragam Wangun KarawitanÉdit

Ragam Karawitan aya 3 di antarana:

  1. karawitan Gending nyaéta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora waditra atawa sora gamelan anu disadana rék ditabeuh, ditepak, atawa digésék.[1]
  2. Karawitan Sekar nyaéta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora manusa.[1] Panyajian dina karawitan sekar aya dua jenis nyaéta sekar tandak jeung sekar irama merdika. Sekar tandak atawa nu disebut ogé kawih mangrupa seni sora anu kabeungkeut ku wiletan (tekenan-tekenan nu datangna tutuluyan dina irama anu tangtu dina waktu anu sarua sarta dina penulisanna maké wates garis lempeng jeung mantra,[4][5] sedengkeun sekar irama merdika atawa nu dipikawanoh minangka tembang nyaéta seni sora anu teu kauger ku wiletan tapi kauger ku aturan-aturan pupuh atawa syair lianna.[4] lagu nu biasa ku urang tempo jeung rasakeun dina kenongan atawa goong[2]
  3. Karawitan Campuran nyaéta gabungan atawa kolaborasi antara sekar jeung gending atawa antara lagu jeung waditra (gamelan, kacapi, atawa waditra lianna).[1]

Kagunaan KarawitanÉdit

Kagunaan karawitan di antarana;

  1. minangka média atikan pikeun nambahan pangaweruh, kaparigelan, ajén inajen, sikep kana seni karawitan, kaasup kana sastra anu aya sajerohing dina rumpaka (syair) atawa guguritan.[1]
  2. Minangka pepeling; piwuruk, paréntah, jeung wejangan bisa ngaliwatan seni karawitan.[1]
  3. Minangka hiburan; ngaliwatan seni karawitan bisa digabungkeun jeung wangun-wangun kasenian lainna saperti tari, bela diri jeung drama.[1]
  4. Minangka pamirig lagu.[1]
  5. Minangka pamirig tari.[1]
  6. Minangka ébréhan rasa.[1]
  7. Ngagambarkeun jiwa.[1]
  8. Minangka media sosial; dipaké dina upacara-upacara adat.[1]
  9. Bisa dipaké pangupah jiwa.[1]

GaleriÉdit

           

SumberÉdit

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Tim penyusun.[2001] Karawitan Rangkumna Muatan Lokal Karawitan.Ciamis: [s.n] Halaman 3.
  2. a b Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 265 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "Badingkut" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  3. penyusun.2000. Énslikopedia Sunda.Pustaka Jaya.
  4. a b Burhanudin,Mastur,spk. 1998. Seni Karawitan. Jakarta:PT. Rakaditu
  5. Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 293