Kala Sunda nyaéta pananggalan nu geus aya di Tatar Sunda ti jaman baheula kenéh, kurang leuwih ti jaman Aki Tirem di Karajaan Salakanagara. Taunna dingaranan Caka Sunda.

Panalungtikan

édit

Kala Sunda salila mangabad-abad kakubur ku jaman. Panalungtikan deui ngeunaan Kala Sunda ieu kakara diayakeun deui ku Abah Ali kalayan rojongan ti Yayasan Candra Sangkala, nu sabenerna mah Abah Ali téh seja nyieun kalénder ieu ti taun 1983 mula, tapi ku lantaran loba halangan jeung harungan, kakara bisa medal tanggal 18 Januari 2005 di pendopo bumi dines Walikota Bandung, Jalan Dalem Kaum, maké upacara adat Sunda anu tartib. poé ieu marengan tanggal 1 Suklapaksa (parocaang) bulan Kartika taun 1941 Caka Sunda.

Taun dina Kala Sunda

édit

Dina nangtukeun taun, aya dua wangun taun nyaéta Kala Saka anu dumasar kana Surya atawa panonpoe, jeung Kala Caka anu dumasar kana Candra (bulan). Masing-masing taun wanoh kana taun pondok (Surya 365 poe, Candra 354 poe) jeung taun panjang (Surya 366 poe, Candra 355 poe). Kala Surya Saka Sunda (Taun Surya) aturannana, tilu taun pondok, kaopatna panjang. Tapi unggal taun nu béak dibagi 128, bakal dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijriah mah taun pondok téh sok disebut Taun Kabisat. Ahir taun Surya nyaéta nalika panonpoe aya di titik pangkidulna.

Kala Candra Caka Sunda (taun Candra) aturannana yén dina sawindu (8 taun), taun ka-2, ka-5, jeung ka-8 nyaéta taun panjang, sesana taun pondok. Unggal taun ka-120 dijadikeun taun pondok. Unggal taun nu béak dibagi 2.400 dijadikeun taun panjang

Bulan dina Kala Sunda

édit

Saka Sunda

édit

Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaéta:

Caka Sunda

édit

Cirina Caka Sunda nyaéta maké Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaéta:

Poé dina Kala Sunda

édit

Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaéta:

Sapta Wara


Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe

Saptawara

édit

 Saptawara nyaéta etangan nu jumlahna tujuh poé (Saminggon) dina pananggalan kalénder Sunda

Minangka ugeran anu dipaké pikeun gerakan ( Solah ) Bumi sareng Bulan

Bénten sareng Panca wara anu mangrupa gerakan Bulan sareng Bumi

  • Dité atawa Radité (Minggu),
  • Radité Dianggap ngalambangkeun Panonpoé a anu dihartikeun "Cicing"
  • Soma (Senén),
  • Soma Dianggap ngalambangkeun Bulan anu dihartikeun "Maju"
  • Anggara (Salasa),
  • Anggara Dianggap ngalambangkeun planét Mars anu dihartikeun “Mundur"
  • Buda (Rebo)
  • Buda Buda Danggap galambangkeun planét Merkurius anu dihartikeun “obah ka kénca"
  • Respati (Kemis)
  • Respati Dianggap ngalambangkeun planét Yupiter anu dihartikeun “obah  ka katuhu"
  • Sukra (Jumaah)
  • Sukra Dianggap ngalambangkeun planét Venus anu dihartikeun “obah naék ka luhur” 
  • Tumpek (Saptu)
  • Tumpek Dianggap ngalambangkeun planét Saturnus anu dihartikeun “obah turun ka handap
  • .

Pancawarna

édit

Babandingan Kala Sunda jeung kala séjén

édit

Kala Sunda jeung Taun Maséhi

édit

Taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi Putri Rarasati nu ditikah ku Dewa Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Taun harita pamianganana ngitung kala teh, ti mangsa Aki Tirem masrahkeun karajaan ka putrana, ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. saméméhna, Aki Tirem téh ngasta kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, ninggang dina abad kadua ( 122 Masehi).

Kala Sunda jeung Taun Hijriyah

édit


Kala Sunda jeung Kala Saka India

édit


Kala Sunda jeung Kala Jawa Islam

édit

Kala Jawa Islam biasa disingget Kala Jawa, Tarikh Jawa, Alamanak Jawa, Taun Jawa atawa taun Saka. Babandingannana jeung Kala Sunda di antarana nyaéta:

  • Nalika di wewengkon Jawa aya sababaraha kalender, di antarana Saka India, Saka Sunda, Caka Sunda, Kalender Masehi jeung Kalender Hijriah, Sultan Agung di Mataram niat pikeun ngahijikeun sakabéh pananggalan eta. Sanggeus ngumpulkeun para empu, ahli nujum, pujangga, ulama, jsb, mangka dihijikeun we antara Kala Candra Caka Sunda, Kala Surya Saka Sunda, jeung Kala Hijriah teh. Kalender Jawa nyokot angka taun tina Kala Surya Saka, nyaéta 1555, ngaran bulan, poé jeung tanggal tina kala Hijriah, sedengkeun tata cara ngitung tina Kala Candra Caka Sunda. Ngaran séjén siga wara, wuku, windu tetap dipaké. Sedengkeun ngaran taun dina sawindu diganti ngaran tina nu kawas basa Arab jadi Alip, He, Jim awal, Je, Dal, Be, Wau, jeung Jim ahir, nu tadina mah ngaran sato.
  • Pancawarna Sunda: Manis, Pahing, Pon, Wage, Kaliwon, sedengkeun Jawa: Wage , Kaliwon, Manis, Pahing, Pon.
  • Panetepan tanggal peresmian Kala Jawa babarengan jeung peresmian Karaton Mataram poé Jumaah Manis/Legi (Jawa), tanggal 1 Muharam taun Alip 1555, Windu Kuntara, Wuku Kulawu, Wukukumasa Prangbakat, masawuku Kasanga. Tanggal ieu marengan tanggal 1 Muharam 1043 Hijriah, 8 Juli 1633 Masehi. Lamun dibandingkeun yén ayana kalender Jawa taun 1555 C, bedana jeung pananggalan dina Batu Tulis Sri Jaya Bupati di Bogor nu angkana taun 952 C wungkul wae, kira-kira bisa disimpulkeun yén Kala Sunda téh kurang leuwih 606 taun leuwih tiheula batan Kalender Jawa.

Kaciplesan Kala Sunda

édit


Tempo oge

édit

Rujukan

édit