Kipas Angin
Kipas angin mangrupa barang pikeun niiskeun awak.[1] Kipas geus aya salila rébuan taun, geus dipaké ku masarakat pikeun niiskeun awak.[1] Kipas Angin sacara umum dibagi jadi dua nyaéta kipas angin leungeun jeung kpipas angin listrik.[1]
Asal usul Kipas
éditKipas diTionghoa miboga peran penting salain pikeun niiskeun awak kipas ogé jadi simbol.[2] Kipas Tionghoa kaasup kipas kahot ku sabab dipikanyo yén kipas jaman éta tina tenunan awi mimitina abad ka-2 SM, jeung disaluyuukeun jeung pungsina, kipas dipaké pikeun niiskeun hawa.[2] Satuluyna kipas mimiti jadi barang seni dieuyeuban ku lukisan jeung ornamén anu dijieuna ku para seniman kelas luhur.[2] Kamekaran kipas mekar nepi ka Jepang jeung Korea anu budayana hampir sarua jeung Tiongkok.[2] Sanajan kipas leungeun téh mangrupa budaya bangsa Tionghoa, tapi mimitina kapanggih kipas lipet di Jepang kira-kira abad ka-6 nepi ka abad ka-8.[2] Kipas lipet diwanohkeun ka Tiongkok dina taun 988 pikeun hadiash ka kaisar.[2] Nepi ka makéna kipas lipet sumebar jeung jadi lambang status sosial jeung pinterna jalma anu miboga éta kipas.[2] Salain ti éta kipas ogé jadi salah sahiji ikon tren papakéan populer.[2] Mimitina dina masa Dinasti Han jeung Dinasti Tang nalika baju dipaképikeun bahan kipas, anu ngahasilkeun kipas generasi anyar anu lain ngan saukur alus tapi disaluyukeun jeung baju anu di paké.[2] Kamekaran ieu aya dina kajayaan masa Dinasti Ming kira-kira taun 1368 nepi ka 1644, nalika kipas jadi mamanis papaké anu dieuyeuban ku rupa-rupa lukisan jeung kaligrafi.[2] Kamekaran kipas leungeun jadi sumebar kana bahan anu dipakéna.[2] Kai cendana, gading, giok, pérak nepi ka emas jadi bahan-bahan rangka kipas.[2] Sedengkeun husus keur kai cendana, méré pungsi tambahan dina kipas anu teu ngan saukur niiskeun hawa osok kaambeu seungit nalika dikipaskeunnana.[2] Lantaran sumebarna mangpaat kipas nepi teu kawatesan saperti [[kipas beusi]] pikeun sanjata anu disebut Tie Shan.[2]