Kiribati
- Kadé kaliru jeung Kiritimati, hiji pulo di kapuloan Line jeung bagian ti Kiribati
Kiribati, resmina Républik Kiribati, mangrupa hiji nagara kapuloan nu aya di Samudra Pasifik tengah. Populasi permanénna kirang leuwih 100.000 (2011),[3] jeung diwangun ti 32 atol jeung hiji pulo karang mijil, kasebar dina aréa leuwih ti 3,5 yuta kilométer pasagi (1.351.000 mil pasagi).
Ribaberiki Kiribati Republic of Kiribati Républik Kiribati |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto Te Mauri, Te Raoi ao Te Tabomoa (Basa Inggris: Health, Peace and Prosperity) Kaséhatan, Karapihan, jeung Kamakmuran |
||||||
Lagu Teirake Kaini Kiribati |
||||||
Ibu kota | Tarawa[1] | |||||
Kota panggedéna | Tarawa Kidul | |||||
Basa resmi | basa Inggris, Gilbert | |||||
Démonim | I-Kiribati | |||||
Pamaréntah | Républik parleménter | |||||
- | Présidén | Taneti Maamau | ||||
- | Wakil Présidén | Teuea Toatu | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Britania Raya | 12 Juli 1979 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 811 km² (ka-186) 313 mil² |
||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2010 | 103.500 (ka-197) | ||||
- | Sénsus 2010 | 103.500 | ||||
- | Kapadetan | 135 /km² (ka-73) 350 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $618 yuta[2] | ||||
- | Per kapita | $6.209[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $147 yuta[2] | ||||
- | Per kapita | $1.479[2] | ||||
HDI (1998) | .515 (sedeng) (teu karéngking) | |||||
Mata uang | Dolar Kiribati Dolar Australia ( AUD ) |
|||||
Zona wanci | (UTC+12, +13, +14) | |||||
TLD Internét | .ki | |||||
Kode telepon | +686 |
Ngaran Kiribati mangrupa palapalan lokal ti "Gilberts", dicokot ti ranté pulo utama, kapuloan Gilbert. Tarawa Kidul miboga sababaraha islet (pulo leutik) nu disambung ku rawayan ranca, aya dina kapuloan Tarawa. Kiribati merdika ti Britania Raya dina 1979. Nagara ieu mangrupa anggota Pasamakmuran Bangsa-Bangsa, IMF, jeung Bank Dunya, jeung jadi anggota pinuh PBB ti 1999.
Grup kapuloan
éditKiribati resmina dibagi kana distrik nepi ka kamerdikaanna. Nagara ieu ayeuna dibagi kana tilu grup kapuloan nu teu boga kagunaan administratif, kaasup hiji grup nu ngahijikeun Kapuloan Line jeung Kapuloan Phoenix (kamentrian di London, Christmas). Masing-masing pulo nu didumukan miboga déwanna sosorangan (tilu déwan di Tarawa: Betio, Tarawa Kidul, Tarawa Kalér; dua déwan di Tabiteuea). Distrik aslina baheula nyaéta:
Grup kapuloan ngawengku:
- Kapuloan Gilbert
- Kapuloan Phoenix, cagar laut nu panggedéna kadua di dunya [4][5] ti diwangunna Kapuloan Chagos salaku hiji cagar laut.
- Kapuloan Line
Opat urut distrik (kaasup Tarawa) aya dina Kapuloan Gilbert, nu mana kalobaannana warga tinggal. Lima pulo di Kapuloan Line teu didumukan (Pulo Malden, Pulo Starbuck, Pulo Caroline, Pulo Vostok, jeung Pulo Flint). Kapuloan Phoenix teu didumukan iwal Pulo Kanton, jeung teu boga pawakilan. Pulo Banaba sorangan ayeuna didumukan, tapi jarang. Aya ogé hiji pawakilan non-pamilu ti Banaba di Pulo Rabi di Fiji. Masing-masing 21 pulo nu didumukan miboga hiji déwan lokal nu ngurus perkawis sapopoé. Atol Tarawa miboga tilu déwan: Déwan Kota Betio, Déwan Kota Te Inainano (pikeun Tarawa Kidul) jeung Déwan Eutan Tarawa (pikeun Tarawa Kalér).
Bacaan salajengna
édit- Cinderellas of the Empire: towards a history of Kiribati and Tuvalu, ku Barrie Macdonald, Institute of Pacific Studies, Universitas Pasifik Kidul, Suva, Fiji, 2001. ISBN 982-02-0335-X (Australian National University Press, kahiji medal 1982)
- A Pattern of Islands ku Sir Arthur Grimble, John Murray & Co, London, 1952; dipedalkeun deui dina 2011 ku Eland, London, ISBN 978-1906011-45-1
- Return to the Islands ku Sir Arthur Grimble, John Murray & Co, London, 1957
- The Sex Lives of Cannibals ku J. Maarten Troost, Broadway, 2004, ISBN 0767915305 ISBN 978-0767915304
- Kiribati existe Pp. 29–43; y De Abemama a Madrid Pp. 43–54 en Son los mares del Sur, ku Luis Pancorbo: Maeva, Madrid, 1997, ISBN 84-86478-60-X
- Lonely Planet Guide: South Pacific & Micronesia ku rupa-rupa
Tempo ogé
éditRéferénsi
édit- ↑ "Kiribati government website". Government of Kiribati. Diakses tanggal 24 Jun. 2010. Archived 2010-06-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d "Kiribati". International Monetary Fund. Diakses tanggal 30 April 2011. Archived 11 Januari 2012 di Wayback Machine
- ↑ "Kiribati: 2011 Article IV Consultation-Staff Report, Informational Annexes, Debt Sustainability Analysis, Public Information Notice on the Executive Board Discussion, and Statement by the Executive Director for Kiribati". International Monetary Fund Country Report No. 11/113. 24 May 2011. Diakses tanggal 4 Oct. 2011. Archived 24 Désémber 2016 di Wayback Machine
- ↑ "Reuters". Reuters. 2008-02-14. http://www.reuters.com/article/latestCrisis/idUSSP231103. Diakses pada 14 May 2010 Archived 16 Oktober 2017 di Wayback Machine
- ↑ Russell, Christine (2 2009). "First Wave". Science News 175 (5): 25–29. doi:10.1002/scin.2009.5591750125.
Tumbu kaluar
éditPék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Kiribati ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
- Biro Nasional Pariwisata Nasional
- Parlemén Kiribati
- Portal Parobahan Iklim Nasional Kiribati Archived 2012-02-02 di Wayback Machine
- Informasi umum
- Éntri Kiribati di CIA World Factbook
- Kiribati ti UCB Libraries GovPubs
- Kiribati di Open Directory Project
- Atlas Kiribati Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Kiribati.
Tempo ogé Kiribati di Wikivoyage
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |