Légé
Exophilis Hypoleuca
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Animalia
Divisi:
Arthropoda
Kelas:
Insékta
Ordo:
Coleoptera - Beetles
Kulawarga:
Scarabaeidae
Génus:
Exopholis
Spésiés:
E. hypoleuca
Sinonim

Exopholis hypoleuca

Légé; Uret; Exophilis Hypoleuca nyaéta sato leutik kawas bangbung nu asalna tina kulawarga Scarabaeidae.[1] Légé kapanggih hirup di sakabéh pulo di Indonésia, sok dianggap hama lantaran ngakan akar jeung dangdaunan pepelakan. [2][3]

Urang Sumatra hususna Acéh légé téh disebutna payueng, di daérah Jawa sok disebutna uret. [4]Légé sok dianggap sama utamana ku patani kalapa, ku lantaran sok garuksak daun ngora nepi ka dugul.[5] Kitu deui larvana nu sok disebut ku-uk hirup di jero taneuh, ngaganggu kana kaséhatan akar tangkal kalapa kitu deui tatanen sején kayaning pepelakan paré huma, séréh, suuk, kina, karét, jeung sajabana.[5][3][6]Panjang awakna kurang leuwih 2,5 cm, jang-jang luarna hérang kelirna coklat kolot.[7] Jang-jang jerona (prisai) coklat ngora, palebah beuteung handap jeung gigirna bodas.[5]


Siklus hirup édit

Hirup légé dimimitian tina:

  1. Ngendog : Légé dina sakali usum ngendog ngahasilkeun kurang leuwih 50-60 siki, ilaharna dina bulan Oktober nepi ka Novémber.[7] Endogna di tunda di jero taneuh jerona kurang leuwih 3 – 10 cm nu baris megar jadi larva dina waktu 10-14 poé ti harita.[5][7]
  2. Larva/ku-uk : Endog nu megar téh ngahasilkeun larva nu sok disebut ku-uk
  3. Pupa
  4. Légé imago : Nincak umur 2-3 bulan, pupa robah jadi légé leutik nu saheulaanan hirup di jero taneuh lilana 15 poé, ngakan organisme leutik nu aya di jero taneuh.[5][7] Saterusna jadi Légé déwasa lalaunan kaluar tina taneuh, hirupna ngahakanan dangdaunan karesepna daun kalapangora, daun paré, daun cau, jeung sajabana.[5][8].[5]


Dicutat tina édit

  1. Tjahyadi, Ir. Nur (1989). Hama Dan Penyakit Tanaman. Jakarta: Kanisius. p. 68. ISBN 9789794130094. Diakses tanggal (disungsi – 13 April 2020). 
  2. Biologi Nasional, Lembaga (1979). Binatang hama. Cornell University: Lembaga biologi Nasional. p. 47. Diakses tanggal (disungsi – 13 April 2020). 
  3. a b Soetejo, R (1960). Kina : Untuk sekolah lanjutan. Universitas Michigan: Soeroengan. p. 24. Diakses tanggal (disungsi – 13 April 2020). 
  4. micigan, Tempo (1988). Tempo Vol 8. Universitas Michigan: Tempo. p. 44. Diakses tanggal 12 Januari 2020. 
  5. a b c d e f g Setyamidijaya, Djoehana (1989). Bertanam Kelapa. Jakarta: Kanisius. p. 84. ISBN 9789794133910. Diakses tanggal 10Januari 2020. 
  6. Penulis PS, Tim (2008). Panduan Lengkap Karet. Depok: Naga Swadaya. p. 138. ISBN 9789790022331. Diakses tanggal (disungsi – 13 April 2020). 
  7. a b c d Ir. Tjahjadi, Nur (1989). Hama Dan Penyakit Tanaman. Jakarta: Kanisius. p. 67. ISBN 9789794130094. Diakses tanggal 12 Januari 2020. 
  8. Fitzmyer, SJ., Moehammad Baga Kalie, Joseph A. (1994). Katekismus Kristologi. Jakarta: Kanisius. p. 97. ISBN 9789794970157. Diakses tanggal (disungsi – 13 April 2020).