Lipoma
Lipoma nyaéta lapisan lemak bentukna menjul anu beuki lila beuki numpuk di handapeun kulit. Anu menjulna téh ayana antara lapisan kulit jeung otot. Lipoma mindeng tumerap dina beuheung, tonggong, taktak, leungeun, jeung pingping. Lian ti éta, lapisan lemak anu menjul téh bisa jadi aya dina peujit jeung kaasup kana salah sahiji tumor anu mindeng keuna ka jalma anu geus sawawa. Lipoma mangrupa kondisi anu bisa dicokot ngaliwatan bedah sedot lemak (liposuction), sanajan teu kacokot kabéh tapi moal ngabahayakeun atawa moal balik deui jadi tonjolan anu pikanyerieun.[1]
Ukuran lipoma téh 2-3 cm, tapi lamun ngagedéan mah ukuranana bisa nepi kana 10 cm atawa leuwih.[2]
Wanda
édit- Lipoma konvénsional, lapisan lemak bodas anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Hibernoma, lapisan lemak coklat nu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Fibrolipoma, lapisan lemak anu ngandung serat jeung menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Angiolipoma, kumpulan lemak jeung pembuluh getih anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Myelolipoma, lemak jeung jaringan ngawangun sél getih anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Spindle Cell lipoma, lemak jeung sél anu jiga régang anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Pleomorfic lipoma, kumpulan lemak jeung rupa-rupa sél kalayan ukuran atawa bentuk anu rupa-rupa menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
- Atypical lipoma, kumpulan lemak kalayan ukuran leuwih jero jeung sel anu leuwih gedé menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Ciri
édit- Kumpulan lemak anu menjul téh hipu semu ngagibleg.[3]
- Lemak anu menjul téh lila ngagedéanana.[3]
- Lemak anu menjul téh jiga lemak daging sapi.[3]
- Bisa tumuwuh leuwih gedé ti mimiti sagedé kaléci nepi ka sagedé bal pingpong.[3]
- Nu menjulna bisa karasa nyeri lamun beuki ngagedéan jeung keuna kana saraf di sabudeureunana.[3]
Faktor
éditFaktor résiko panyakit lipoma nyaéta:
- Turunan atawa génétik.[2]
- Umur 40 nepi ka 60 taun.[2]
- Ngalaman panyakit obesitas (kaleuwihan beurat awak).[2]
- Keuna panyakit liver.[2]
- Boga kolésterol anu luhur.[2]
- Intoléransi kana glukosa.[2]
- Keuna ku panyakit diabétes.[2]
- Keuna ku Adiposis dolorosan, munculna lemak anu menjul.[2]
- Keuna ku Sindrom Cowden, tandana tumor jinak, kulit anu kaleuleuwihi, jeung ukuran tonjolan anu lumayan gedé.[2]
- Keuna ku Sindrom Gardner, kaayaan anu ngabentuk tumor jinak.[2]
- Keuna ku panyakit Madelung, tonjolan lemak anu aya di bagian luhut awak manusa.[2]
- Keuna ku Familial multiple lipomatosis, kondisi turun tinurunanu nyababkeun lipoma kabentuk.[2]
Diagnosa
édit- Pamariksaan fisik, pamariksaan kana bentuk lipoma anu kaasup normal atawa henteu. Bentuk lipoma téh hipu jeung teu matak nyeri. Sabab kawangun tina jaringan lemak lamun dicabak téh bakal pindah-pindah.[2]
- Biopsi, ieu pamariksaan mikabutuh conto jaringan lipoma anu dicokot sacukupna tuluy ditalungtik di laboratorium. Tujuan biopsi téh nyaéta keur mastikeun yén dina jero lipoma euweuh sél-sél kanker anu matak ngabahayakeun pasién. Tapi, sanajan euweuh indikasi kanker tetep kudu tatan-tatan sabab lipoma bisa robah jadi liposarkoma anu menjulna karasa nyeri jeung gancang ngagedéan.[2]
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f g h i Joseph, Novita. "Lipoma: Obat, Gejala, Faktor Risiko, Pengobatan dll. • Hello Sehat". Hello Sehat (dalam id-ID). 22-09-2016. Diakses tanggal 2021-04-27.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o Irawan, Dedi. "Lipoma | Tanda dan Gejala, Penyebab, Cara Mengobati, Cara Mencegah". SehatQ (dalam Indonesian). 17 Maret 2021. Diakses tanggal 2021-04-27.[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d e Abdi, Husnul. "Bahaya Penyakit Lipoma, Penyebab, dan Cara Mengobatinya Secara Medis". liputan6.com (dalam Indonesian). 26-11-2019. Diakses tanggal 2021-04-27.