Tatu (basa Indonésia: luka; Basa Inggris: injury) nyaéta tapak gedé dina anggahota awak nu dibalukarkeun ku pakarang, kabedil, kasogok, keuna ku barang-barang teuas, lantaran cilaka séjén nepi ka baloboran getih, buncunur, potong tulang, gudawang atawa nyéréngéh.[1]

Tatu
Klasifikasi jeung sumber luar
Tuur jelema nu misalah keur diriksa ku radiologi.
ICD-10 S00{{{2}}}.{{{3}}}-T88{{{2}}}.{{{3}}}
ICD-9 800-999

Jenis umum

édit
  • Kaduruk nyaéta tatu nu dibalukarkeun ku barang nu panas atawa seuneu sacara langsung.
  • Misalah atau dislokasi sendi, tatu dina sendi.
  • Potong tulang atawa fraktur, tatu dina tulang.
  • Raheut mangrupa tatu dina kulit nu ngabalukarkeun baloboran getih atawa lécét.
  • Geuneuk nyaéta getih wuwung dina jeroeun kulit, katémbongna kulit téh jadi wungu.
  • Bareuh nyaéta ngabadaganna bagéan awak lantaran kapeupeuh atawa kacongcong.

Klasifikasi

édit

Organisasi Kaséhatan Dunya (WHO) mengembangkan klasifikasi médis International Classification of External Causes of Injury (ICECI). Dina ieu sistim, tatu diklasifikasikeun dumasar:

  • mékanismei tatu;
  • banda / zat nu nyumebabkeun tatu;
  • tempat kajadianna;
  • aktivitas nalika tatu;
  • peran tujuan manusa;
  • jeung modul tambahan.

Ieu kodeu-kodeu ngamumkinkeun idéntifikasi distribusi tatu dina populasi tinangtu jeung idéntifikasi kasus pikeun panalungtikan nu leuwih wincik ngeunaan panyabab sarta upaya panyegahan.[2][3] Biro Statistik Tanaga Kerja Amérika Sarikat ngembangkeun Sistim Klasifikasi Kacilakaan Kerja jeung Penyakit (OIICS). Dina ieu sistem tatu, diklasifikasikeun dumasar:

  • alam,
  • bagéan awak nu keuna,
  • sumber utama jeung sumber sékunder,
  • acara atawa éksposur

OIICS mimiti dipedal taun 1992 sarta geus diperbarukeun sababaraha kali ti saprak dipedalna.[4] Orchard Sports Injury Classification System (OSICS) mah dipaké pikeun nglasifikasikeun tatu nu ngamumkinkeun panalungtikan ngeunaan tatu dina widang olahraga tinangtu.[5]

Rujukan

édit
  1. Danadibrata, R.A. (1 Desember 2009). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 234. ISBN 9793631937. 
  2. "International Classification of External Causes of Injury (ICECI)". World Health Organization. Diakses tanggal 2014-03-24. 
  3. Robertson, LS (2015) Injury Epidemiology: Fourth Edition. Free online at www.nanlee.net
  4. "Occupational Injury and Illness Classification System". Centers for Disease Control and Prevention. Diakses tanggal 2014-03-24. 
  5. Rae, K; Orchard, J (May 2007). "The Orchard Sports Injury Classification System (OSICS) version 10". Clin J Sport Med. 17 (3): 201–4. doi:10.1097/jsm.0b013e318059b536. PMID 17513912.