Buka ménu utama


Antanan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Apiales
Kulawarga: Mackinlayaceae
Génus: Centella
Spésiés: C. asiatica
Ngaran binomial
Centella asiatica
(L.) Urban

Antanan (Centella asiatica) nyaéta jinis tutuwuhan "liar" anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh.[1] Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara, kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka nagara-nagara séjén.[1]


Saprak jaman baheula, antanan geus dipaké pikeun ubar kulit, gangguan saraf sarta ngabenerkeun sirkulasi getih. Masarakat Sunda Jawa Kulon mikawanoh tutuwuhan ieu minangka salah sahiji pepelakan pikeun lalab.[1]

Ngaran LokalÉdit

Tuwuhan ieu disebut pegaga (Acéh), daun kaki kuda (Malayu), gagan-gagan, rendeng (Jawa), taidah (Bali) sandanan (Irian), broken copper coin, buabok (Inggris), paardevoet (Walanda), gotu kola (India), ji xue cao (Hanzi).[1]

Jinis-jinis antananÉdit

Antanan mangrupa tutuwuhan ubar taunan anu tumuwuh ngarambat sarta kembangan sapanjang taun. Jinis antanan anu réa katimu nyaéta antanan beureum jeung antanan héjo. Antanan beureum dipikawanoh ogé ku sebutan antanan kebon atawa antanan batu alatan réa kapanggih di wewengkon nu loba batuna, garing sarta negrak. Antanan beureum tumuwuh ngarambat ku stolon sarta henteu miboga tangkal, tapi miboga rhizoma. Sedengkeun antanan héjo mindeng réa katimu di wewengkon pasawahan sarta disela-sela jukut. Tempat anu dipikaresep ku antanan héjo nyaéta tempat nu rada beueus sarta negrak atawa rada kaiuhan. Sajaba ti éta, aya opat tuwuhan nu mirupa antanan nyaéta antanan kembang, antanan beurit, antanan gunung sarta antanan cai.[1]

KandunganÉdit

Antanan Centella Herba mibanda kandungan asiaticoside, thankuniside, isothankuniside, madecassoside, brahmoside, brahmic acid, brahminoside, madasiatic acid, meso-inositol, centelloside, carotenoids, hydrocotylin, vellarine, tanin sarta garam mineral kawas kalium, natrium, magnésium, kalsium sarta beusi. Glikosida triterpenoida anu disebut asiaticoside dianggap mangrupa antilépra sarta ubar tatu anu pohara ampuh. Zat vellarine anu dikandung ngahasilkeun rasa pait.[1]

Sipat sarta mangpaatÉdit

Antanan rasana amis, boga sipat niiskeun, mibanda fungsi ngaberesihkeun getih, ngalancarkeun sirkulasi getih, ngalancarkeun kiih (diuretika), nurunkeun panas (antipiretika), ngeureunkeun pendarahan (haemostatika), ngaronjatkeun saraf ingetan, anti baktéri, tonik, antispasma, antiinflamasi, hipoténsif, inséktisida, antialergi sarta stimulan. Saponin anu dikandung ngahalangan produksi jaringan urut tatu anu kaleuleuwihan (nahan lumangsungna kloid)

Mangpaat antanan séjénna nyaéta ngalancarkeun sirkulasi getih dina leungeun sarta suku; nyegah varisés sarta salah urat; ngaronjatkeun daya inget, méntal sarta stamina awak; sarta nurunkeun gejala strés sarta déprési.

Lolobana antanan didahar atah pikeun lalab, tapi aya anu digaringkeun pikeun dijadikeun entéh, dicokot sarina pikeun dijieun kapsul atawa dikokolakeun jadi krém, salep, ubar jarawat, atawa body lotion.

Dicutat tinaÉdit

  1. a b c d e f Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 

Tumbu ka luarÉdit