Padati nyaéta gorobag paranti ngunjalan barang anu ditarik maké kuda, sapi, atawa munding. [1][2] Padati ilaharna dipaké ngunjal barang-barang anu beurat tur tempat anu dijug-jug kawilang jauh, saperti ngiangkeun barang dagangan jeung hasil panén ti lembur miang ka kota atawa daérah séjéna.[3] Saméméh aya mobil kawas kiwari, ngagunakeun padati mangsa baheula loba mibanda kauntungan, sagigireun barang anu dikunjal bisa leuwih loba nu kabawa, waktu leuwih gancang sarta ongkos leuwih murah.[3]

Padati

Ciri mandiri édit

Anu jadi ciri mandirina tina padati : Gorobagna make hateup, aya nu dijieun tina kai, jarami, ogé injuk. Ieu hateup gunana pikeun ngajaga barang bawaan jeung sais (nu mawana padati) mangsa hujan atawa panas poé.[4]

Padati wangunna sederhana dijieun tina kai malahan gilindingna ogé dijieun tina kai, Mibanda dua gilinding anu ukurana gedé meh satangtung perenahna kénca jeung katuhu gorobagna.[4] Padati dina kagunaan, husus pikeun ngunjal barang sayuran, buah-buahan, paré, kenténg, bata beureum, awi, jeung sajabana arang langka dipaké ngangkut jalma.[5]

Dicutat tina édit

  1. Setiawan, Bambang Ebta (2020). Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Kamus versi online/daring (dalam jaringan). Jakarta: KBBI.  Disungsi13 Maret 2021
  2. Sayuti, Azinar; Rifai Abu, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah (Indonesia) (1985). Sistem ekonomi tradisional sebagai perwujudan tanggapan aktif manusia terhadap lingkungan daerah Sumatera Barat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 169. 
  3. a b Soei Tio, Le; - (1969). Lie Kimhok 1853-1912. Universitas Michigan: Good Luck. p. 8. ISBN - Check |isbn= value (bantuan). 
  4. a b R. Pamungkas, Nandang; Ismail Kusmayadi (1969). Aku Suka Bahasa Indonesia. Universitas Michigan: PT Grafindo Media Pratama. p. 23. ISBN 9789799148483. 
  5. -, Wahab; Usman Munaji (2010). Ensiklopedia Kebutuhan Manusia. Semarang: Alprin. p. 60. ISBN 9786232633704.